Toké (Gekko gecko) mangrupakeun spésiés cakcak arboréal nokturnal pituin
Asia tenggara jeung Kapuloan Indo-Australia, sumebar ti India jeung
Bangladés, nepi ka Indonésia jeung New Guinea kulon. Habitat asalna mah dina
tatangkalan jeung gawir-gawir di leuweung hujan, tapi bisa ogé hirup di
habitat manusa, mapay témbok jeung kenténg paimahan pikeun néang serangga
mangsana. Sato ieu kagolongkeun karnivora nu agrésip, ngahakan rupa-rupa
serangga, malah sok silih serang sasama jalu. Hirupna bisa nepi ka 7&mdash10
taun.
Ahir 1980-an jeung awal 1990-an, toké mimiti dibawa ka Hawaii, Florida,
Belize, jeung sababaraha kapuloan Karibia.
Toké téh spésiés cakcak pangbadagna kadua, panjangna 30-40 cm (jalu), 20-30
cm (bikang), sarta beurat 150-300 g. Katémbongna lucu, sabab boga kelir
cékas: tutul-tutul bulao, oranyeu, atawa beureum.
Toké téh kawentar (mun dibandingkeun jeung bangsa kadal lianna) ku sorana
anu tarik. Ngaran "toké" ieu ogé dicokot tina sadana nalika ngajak kawin:
"tokké... tokké..". Sato ieu mah, mun ngarasa kaancam téh tara kabur, malah
calangap siap-siap narajang ngégél ka nu ngancamna. Mun geus ngégél,
sakadang toké téh tara ngaleupaskeun gégélanana. Sangkan dileupaskeun, cenah
mah ku cara dilelepkeun kana cai.
Sato ingon
Najan galak, toké sok dikukut alatan kelir awakna nu warna-warni. Tapi,
nyéta, kusabab galak téa, dikukutna téh cukup ku dikandangan baé. Miarana
teu hésé, asal dibéré kandang nu nangtung (jangkung ka luhur), toké bisa
nepi ka anakan.
Sumber rujukan
* Tokay gecko, Wikipédia édisi basa Inggris per 22 Pébruari 2006.
Tumbu kaluar
* Introduction into Belize
* Western New York Herpetological Society Tokay Gecko Care Sheet and
Information
* BBC Wildfacts
* Global Gecko Association: Tokay geckos
* My experiences with and observations of Tokay Geckos
Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Tok%C3%A9"
Kategori: Kadal | Cakcak | Alam liar Asia
--
sikandar
kumincir.multiply.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/