Ngiring reueus ka Ma Iyem ku diangkena ngaleukeunan jeung mulasara kabuyutan Ciomas. Ngawit, Nyangku sareng Nyepuh.....tah ieu mah sim kuring kirang terang. Galeuh kersana Kang Oman mangga atuh pedarkeun naon nu tilu upacara adat teh. Salam tirta oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Baraya,
Kamari waktu ngalongok lembur di Ciamis, kaparengkeun nganjang ka Ma Iyem di Ciomas, 3 km ti Panjalu ka beulah wetan. Ma Iyem teh kuncen kabuyutan Ciomas atawa Geger Omas di Desa Ciomas, Kacamatan Panjalu, Kab. Ciamis (wetaneun Lengkong). Kromah anu aya didinya taya lian ti Panghulu Gusti, manusa anu mimiti nyebarkeun agama Islam di wewengkon eta. Saur sepuh mah, antawis salah saurang anu di Nusa Pakel (Situ Lengkong) jeung anu di Geger Omas teh, ami nyoko kana babasan "Tilu Sapamulu, Dua Salaksa, Nu hiji eta-eta keneh". Waktu ditepungan, Ma Iyem nyarioskeun yen anjeunna tos lolos seleksi kanggo calon anu nampi hadiah Kalapataru taun ieu (hadiah nasional bidang lingkungan hirup), ngelehkeun puluhan calon sanesna. Jadi, upama teu aya halangan, Ma Iyem teh salah sawios ti opatan urang Jabar anu baris nampi pangleler hadiah Kalapataru taun ieu ti Pamarentah Pusat (Presiden). Biasana mah bulan Juni eta pangleler dikukuhkeunana teh di istana nagara, Jakarta. Ma Iyem, tetela geus bisa ngagabungkeun antara neruskeun tatali paranti adat kabiasaan budaya satenpat jeung ngokolakeun lingkungan. Ngeunaan adat budayana nyaeta pancen jadi kuncen jeung pupuhu dina upacara adat taunan di eta kabuyutan, nyaeta upacara Ngawit jeung Nyepuh. Ieu teh dua tina 3 runtuyan upacara adat anu tiap taun dilaksanakeun di wewengkon Panjalu-Ciomas, nyaeta: Ngawit-Nyangku-Nyepuh. Ari Ngawit eta bulan Safar katompernakeun di kabuyutan Ciomas. Nyangku mah geus rada populer, dilkaksanakeun minggu akhir bulan Mulud di kabuyutan Panjalu. Anapon Nyepuh, balik deui dilaksanakeun di Ciomas unggal katompernakeun bulan Rewah. Jadi, tanggal 26 Maret 2006 anu baris datang, baris aya upacara Ngawit di Ciomas. Anapon leuweung anu diurus ku Ma Iyem jeung masyarakat desa Ciomas teu aya lian ti makam atawa situs kabuyutan Panghulu Gusti atawa Geger Omas di Desa Ciomas. Legana ieu leuweung anu tetep hejo ngarunggunuk pikabetaheun aya kana 100 hektarna. Wilujeng ka Ma Iyem anu tos jugala miara adat budaya jeung sarakanana. baktos, manAR Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
