Nuhun Kang Rido artikelna, Simkuring kakarak diajar nulis sunda bari jeung salah oge teu nanaon moal era, da ngaku kuring mah bodo, erek diajar medarkeun ieu ilmu leuleus kagungan Abah Khair. Ari nyatana ayeuna tos teges dina babarayaan kuring jeung turunan Abah Khair Kang Sas, Uwa Udi sareng nu liana yen Abah teh cikal bakal penca nu demokrasi, teu mintonkeun feodal dina ngararagakeun eta elmu kanuragan. Naha geuning ari nyatana kakarak oge ilmu teu sabaraha ti ilmu Abah loba jelema sok nyarumputkeun eta elmu seunah mah rusiah. Padahal Abah tara ngarusiahkeun. Dina obrolan jeung katurunan Abah Khair eta anu kakarak elmuna nga sa eutik sok hayang ngagedekeun manehna ameh manehna leuwih gede ti batan nu liana.
Dina soal kapamimpina Abah dina widang kanuragan teges pisan yen urang sunda dasar nu utamana demokrasi nu tara disusulumputkeun. Kuring teh sok aprak-aprakan nepi ka Abah Anom di Tasikmaya, nu di Cianjur, nu Garut, nu di Bandung, nu Di Banten, nu Sumedang, nu di Cirebon hayang nyaho naon intina urang sunda dina hal budaya penca oge nu liana. Tangtuna dina soal kapamimpinan manusa sunda. Ceuk katurunan Abah Khair yen urang sunda nu sok susulumputan tos kapangaruhan ku urang deungeun, da Abah Khair nu di Tari Kolot, Abah Anom nu di Tasikmalaya tara nyumputkeun ka bisa malihmah di sebarkeun ka manusa sunda ameh boga pangarti, nu kaharti jeung karasa oge aya nyatana. Ilmumah moal seep nepi ka paeh oge. Carana Latihan Penca. Ceuk Abah jeung Uyut kudu dimimitian tina ngolah awak nu leuleues jiga oray ngagolosor, nepi ka jiga kilat lini abus ka jero bumi. Tah ieu elmu karuhun sunda nu sa enyana, urang mah nu ngora tingal nuluykeun. Ieu elmu sanes ti Abad 17 nu di raraga ku Abah sareng uyut, tapi tos aya timimiti kasiliwangian nu tos nyangkreum di manusa sunda. Dina Cara olah awak nu di petakeun ku Abah Khair sareng Uyut Ursi metodhena ngulinkeun hiji suku ngagantung hartina kumaha eta naga ngagegel buntutna. Maksadna manusa sunda kedah medarkeun ilmu rasana urang sunda dina ngahijikeun hirup sa uyunan nu sa sunda entong silih badug lamun jadi pamimpin jeung rahayatna. Hakekat buntut digegel ku huntu ayana nu kosong tea di raga urang. Tah apan tos teges yen penca / kanuragan nu urang sunda lain nu urang wetan. Metode Abah Khair teh sareng Uyut Ursi tos jadi picontoeun keur urang salarea. Hiji suku di junjung kaluhur teu ngagunakeun otot-otot suku nu teuras, tangtu alus keur nguatkeun sagala otot tapi leuleus kuat. Di didieu fungsi latihan gerak cepat/kilat kelit ilmu Naga. Ilmu Naga rada sarua hakeketna ilmu leuleus nu mang rupa ilmu hirup keur metakeun bela Diri ameh lawan teu bisa ngeunakeun peureupna oge tajong sukuna, sakentenan ngabadugkeun raga wadagna. Meulitna elmu naga hiji pusaka elmu Gusti Nu Yang Manon nu tos di turunkeun ka umatna. Hirupteh supados jiga naga nu leuleus, kudu daek berjuang timimiti sa teu acan gubrag ka dunya nepi ngagoak / ceurik. Da bongan Sang Naga ngabukakeun Liang Surga keur Idajil/Jin / Setan, didieu urang kudu daek menta hampura kanu nyiptakeun sorga jeung naraka. Ilmu leuleus aya dina cara ngahontal ilmu rasa ka sakujur badan. Dina ngolah awak ngalatih jati diri kudu "leuwih gesit", dina ngigel awak sakujur leuleus tapi teuras, lain leuleus keuyeup tuluy wae sasarean jadi pamalesan, bahasa kerena "leleson" Ieu penting keur medarkeun jalanna getih nu di jadikeun modal keur ngahirupan sa kujur badan anu badag, nya ari dina rasa badan alus jeung badan wadag tetep ngahiji. Getih teh pusatna keur ngalirkeun liukna awak jiga pusaka naga. Liukna naga sarua jeung leuleusna eta eusi awak timimiti kulit, daging, tulang jeung sumsum. Eta kabeh ngagulung keur metakeun ilmu leuleus penca tapi matih nu di caangan ku Abah Khahir. Lamun ilmu lele matih hartina lamun kapatil ku imu lele pasti maneh karacunan da bongan maneh teu nyaho hartina kulit kuring nu licin, oge jiga belut nu licin. Tah ieu hartina ilmu nu di pedar ku Abah Khahir, bisa murilit kasaga arah kanu rek ngaggangu teroterial taneuh urang sunda. Jatina rasa leuleus mangrupakeun cara ngolah badan sakujur kudu hirup , badan wadag sa kujur kudu dirakrak ameh susunan 3 lapisan kulit, 3 gumpalan daging, 365 sambungan ungal tulang, sumsum -sumsun nu jadi aci, jatina rasa keur ngarasakeun sa kabeh kahirupan nu ngagulung dina jentul aing. Euweuh aing moal aya maneh, euweuh aing maneh moal hirup. cag yan www.silatpdusa.com. -- Mr rido olala <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > punten ... > ieu aya seratan ti milis tatangga.. duka ieu bener > atawa heunte.. mangga dibaca..khususna kang yan.... > :) > > Aliran Leleusan/Tantungan leleus- Embah Khair > > Embah Khair pencipta aliran leleusan . > Gerakan lemas kaki dengan menggantungkan sebelah > kaki > dengan lemah secara bergantian. > Dari gerakan lambat , kaki bergantian dipercepat > gerakannya. > Leleusan dikenal untuk merasakan tenaga lawan tanpa > melihat lawan. > Dengan badan berdiri diatas satu kaki yang lemas, > suber serangan tenaga lawan dapat dirasakan.Aliran > ini > juga dikenal dengan timbangan. > Suatu hari seorang Cina datang kedaerah Cianjur, > untuk > menantang Embah Khair karena didengarnya Embah Khair > adalah jagoan "Tanah Jawa". > Merendah dia menolak dan mengatakan didaerah itu > tidak > ada jagoan. > Karena didesak terus akhirnya dia menerima > tantangan. > > Berkali kali diserang Embah Khair mengelak. Semakin > kesal , Cina tersebut semakin bertubi tubi. Akhirnya > Embah Khair mengelak colokan Cina, dan jejarinya > Cina > menancap dipohon Pinang. Seketikajejarinya dikunci > dan > badannya diikiat oleh selendangnya/kerembang Embah > Khair kepohon pinang hinga tidak bisa bergerak. > > Cina berteriak minta dilepas dan dibiarkan oleh > Embah > Khair. Berjam jam dia meronta ronta hingga akhirnya > lemas kehabisan tenaga.Akhirnya Cina menyerah kalah, > dan mulai belajar pada Embah Khair. > > Cina bersumpah " 7 keturunannya saya tidak akan > menyerang orang Indonesia"Sejak saat itu daerah > tersebut dinamakan daerah Cimande. > > Dari Embah Khair Uwa Nampon belajar Jurus Gebreg dan > Leleusan. > Istri Embah Khair bernama Uyut Ursi memiliki > kepandaian penca silat yang sama dengan Embah Khair. > > Salah satu keahlian Embah Khair dalam menggali Penca > Silat adalah mempelajari gerakan binatang buas > termasuk Macan Monyet, sehingga menciptakan aliran > Pamacan dan Pamonyet. Embah Khair mengamati > bagaimana > binatang binatang berkelahi saling membunuh mati > kehabisan nafas. > > kumplitna aya di : > http://www.nampon.com/namponSejarah.htm > > wassalam, > > rido > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > protection around > http://mail.yahoo.com > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
