Baraya,
Kamari, poe Juma'ah, sabalikna ti Panaruban ba'da peutingna ngobrol jeung
Abah Olot (Kang Rachmat Satjamanggala) + Apih (Kanduruan Kartakusuma, teu
make "daeng" kanduruan anu ieu mah da asli US) + Kang Wawan Sungkawa, memeh
pengkolan ka Boscha dina lebah tetengger makom R. Otto Iskandardinata,
jajalaneun pinuh ku mobil anu diparkir. Pon kitu deui, ti mimiti di jalan
nepi ka pajaratan "Si Jalak Harupat", kitu kasohorna jujuluk Gan Otto
Iskandardinata alm, pinuh ka jalmi anu nuju tafakur sareng ngado'a bangun
hidmat kacida. Nalika rurar-reret neangan jawaban kapanasaran, breh
kapireungeuh aya spanduk kalawan tulisan : "Mieling Lahirna Pahlawan Otto
Iskandardinata, Si Jalak Harupat...jst". Horeng poe Juma'ah kamari, tanggal
31 Maret 2006, eta poean dilahirkeunana pahlawan Nasional, Si Jalak
Harupat. Teungteuingeun ieu diri, teu wanoh kana weweton pahlawan Nasional
ti wewengkonna sorangan, pangapunten.
Pahlawan Nasional ti TS, Si Jalak Harupat. Memang loba ti antara urang anu
masih poekeun kana sajarah anjeunna. Utamana, mangsa-mangsa akhir
kahirupanana tug nalika anjeunna dipundut ku anu Maha Kawasa, mulih ka jati,
mulang ka asal. Iraha, dimana, jeung kumaha Si Jalak Harupat tilar dunya
masih "misteri" nepi ka ayeuna. Eta cenah aya makom sisi jalan memeh anjog
ka Lembang ti Bandung, anu saha? "Eta anu dikurebkeun di dinya mah ukur
getih anjeunna tilas ditandasa di wewengkon Puncak, Bogor, keur
pangeling-ngeling ka anjeunna. Anapon mayitna mah teu aya anu uninga dimana
dikuburna", saur Apih waktu si kuring tatanya. Sakolebat kaingetan deui
pangajaran sajarah baheula keur smp, yen tetela geuningan Si Jalak Harupat
teh kaasup pahlawan anu kuburanana sapuratina teu jelas, hawatos teuing.
Saterusna, derekdek Apih ngadongeng waktu kuring neruskeun tatanya. Ringkes
carita Apih teh kl kieu: "Otto Iskandardinata teh pinter pisan jeung kacida
kapakena ku rahayat, lain wae di Tatar Sunda, malah sa-Nusantara mangsa
harita. Kuring boga kayakina, lamun Pa Otto panjang yuswana, kana anjeunna
anu baris kapilih jadi presiden, ngelehkeun BK (ras emut kasauran Apih tadi
peuting waktu ngobrol: "barina oge Presiden Indonesia anu mimiti teh
satemenna lain BK, balikta Syafrudin Prawiranegara. Ari Syafrudi
tea....tingal atuh nami pengkerna, apan tunggal US anu ti leuleutik nepi ka
sawawa dikukut jeung digedekeun ku hiji kulawarga di wewengkon Padang,
Sumatera Barat). Tah, aya sagolongan jelema anu iri dengki kana kapinunjulan
Si Jalak Harupat. Nya der wae ieu golongan teh nyieun rencana durja, ngiwat
nepi ka mateni anjeunna. Di daerah Puncak ditandasa jeung di patenina mah".
Duh...karunya teuing.
Balik ti Panaruban anjog ka kantor terus mariksaan posting-posting di
milist. Breh aya postingan ti Bah Wily ngeunaan pahlawan Dipati Ukur....bati
ngalimba deui wae. Karek oge raat cimata panineungan ka Si Jalak, geus aya
deui wae sajarah "tragis" US anu jadi pahlawan. Aya naon ieu teh? Hate
gegerot. Ngan anu jadi pengeling teh cariosan Apih tadi peuting: "Urang
Sunda anu sajati, jembarna manusa sadayana anu tos nyangking kasadaran,
hirupna moal sakaba-kaba, sok sanajan keur kawasa tara kalunta-lunta; moal
daek licik nepi ka iraha oge, sabab tuhu kana uga. Tapi, lain hartina urang
teu kudu bajoang. Bajoang tetep diperlukeun, eta proses. Ngan hasil mah geus
aya anu ngatur. Sing yakin wae, hiji waktu bebeneran baris ngarongheap
jugala ngelehkeun kajahatan".
Cag.
baktos,
manAR
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/