Punten, numutkeun id.wikipedia.org sareng pdat.co.id
Syafruddin Prawiranegara:
"Di masa kecilnya akrab dengan panggilan Kuding, dalam
tubuh Syafruddin mengalir darah campuran Banten dan
Minang. Buyutnya, Sutan Alam Intan, masih keturunan
Raja Pagaruyung di Sumatera Barat, yang dibuang ke
Banten karena terlibat Perang Padri. Menikah dengan
putri bangsawan Banten, lahirlah kakeknya yang
kemudian memiliki anak bernama R. Arsyad
Prawiraatmadja. Itulah ayah Kuding yang, walaupun
bekerja sebagai jaksa, cukup dekat dengan rakyat, dan
karenanya dibuang Belanda ke Jawa Timur."

Nahanya bet ditulis Banten...?! 

--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Baraya,
> 
> Kamari, poe Juma'ah, sabalikna ti Panaruban ba'da
> peutingna ngobrol jeung
> Abah Olot (Kang Rachmat Satjamanggala) + Apih
> (Kanduruan Kartakusuma, teu
> make "daeng" kanduruan anu ieu mah da asli US) +
> Kang Wawan Sungkawa, memeh
> pengkolan ka Boscha dina lebah tetengger makom R.
> Otto Iskandardinata,
> jajalaneun pinuh ku mobil anu diparkir. Pon kitu
> deui, ti mimiti di jalan
> nepi ka pajaratan "Si Jalak Harupat", kitu kasohorna
> jujuluk Gan Otto
> Iskandardinata alm, pinuh ka jalmi anu nuju tafakur
> sareng ngado'a bangun
> hidmat kacida. Nalika rurar-reret neangan jawaban
> kapanasaran, breh
> kapireungeuh aya spanduk kalawan tulisan : "Mieling
> Lahirna Pahlawan Otto
> Iskandardinata, Si Jalak Harupat...jst". Horeng poe
> Juma'ah kamari, tanggal
> 31 Maret 2006,  eta poean dilahirkeunana pahlawan
> Nasional, Si Jalak
> Harupat. Teungteuingeun ieu diri, teu wanoh kana
> weweton pahlawan Nasional
> ti wewengkonna sorangan, pangapunten.
> 
> Pahlawan Nasional ti TS, Si Jalak Harupat. Memang
> loba ti antara urang anu
> masih poekeun kana sajarah anjeunna. Utamana,
> mangsa-mangsa akhir
> kahirupanana tug nalika anjeunna dipundut ku anu
> Maha Kawasa, mulih ka jati,
> mulang ka asal. Iraha, dimana, jeung kumaha Si Jalak
> Harupat tilar dunya
> masih "misteri" nepi ka ayeuna. Eta cenah aya makom
> sisi jalan memeh anjog
> ka Lembang ti Bandung, anu saha? "Eta anu
> dikurebkeun di dinya mah ukur
> getih anjeunna tilas ditandasa di wewengkon Puncak,
> Bogor, keur
> pangeling-ngeling ka anjeunna. Anapon mayitna mah
> teu aya anu uninga dimana
> dikuburna", saur Apih waktu si kuring tatanya.
> Sakolebat kaingetan deui
> pangajaran sajarah baheula keur smp, yen tetela
> geuningan Si Jalak Harupat
> teh kaasup pahlawan anu kuburanana sapuratina teu
> jelas, hawatos teuing.
> 
> Saterusna, derekdek Apih ngadongeng waktu kuring
> neruskeun tatanya. Ringkes
> carita Apih teh kl kieu: "Otto Iskandardinata teh
> pinter pisan jeung kacida
> kapakena ku rahayat, lain wae di Tatar Sunda, malah
> sa-Nusantara mangsa
> harita. Kuring boga kayakina, lamun Pa Otto panjang
> yuswana, kana anjeunna
> anu baris kapilih jadi presiden, ngelehkeun BK (ras
> emut kasauran Apih tadi
> peuting waktu ngobrol: "barina oge Presiden
> Indonesia anu mimiti teh
> satemenna lain BK, balikta Syafrudin Prawiranegara.
> Ari Syafrudi
> tea....tingal atuh nami pengkerna, apan tunggal US
> anu ti leuleutik nepi ka
> sawawa dikukut jeung digedekeun ku hiji kulawarga di
> wewengkon Padang,
> Sumatera Barat). Tah, aya sagolongan jelema anu iri
> dengki kana kapinunjulan
> Si Jalak Harupat. Nya der wae ieu golongan teh
> nyieun rencana durja, ngiwat
> nepi ka mateni anjeunna. Di daerah Puncak ditandasa
> jeung di patenina mah".
> 
> Duh...karunya teuing.
> 
> Balik ti Panaruban anjog ka kantor terus mariksaan
> posting-posting di
> milist. Breh aya postingan ti Bah Wily ngeunaan
> pahlawan Dipati Ukur....bati
> ngalimba deui wae. Karek oge raat cimata panineungan
> ka Si Jalak, geus aya
> deui wae sajarah "tragis" US anu jadi pahlawan. Aya
> naon ieu teh? Hate
> gegerot. Ngan anu jadi pengeling teh cariosan Apih
> tadi peuting: "Urang
> Sunda anu sajati, jembarna manusa sadayana anu tos
> nyangking kasadaran,
> hirupna moal sakaba-kaba, sok sanajan keur kawasa
> tara kalunta-lunta; moal
> daek licik nepi ka iraha oge, sabab tuhu kana uga.
> Tapi, lain hartina urang
> teu kudu bajoang. Bajoang tetep diperlukeun, eta
> proses. Ngan hasil mah geus
> aya anu ngatur. Sing yakin wae, hiji waktu bebeneran
> baris ngarongheap
> jugala ngelehkeun kajahatan".
> 
> Cag.
> baktos,
> manAR
> 
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke