Wa'alaikum salam,

Kang Wawan asa tos langkung ti sakali naroskeun hal anu sarupa.
Jawaban-jawaban rerencangan ti payun teu dipalire kitu?. Bilih teu percanten
kana Naskah Wangsakerta (NW), mangga ieu dicutat eusi atawa tarjamahan
Prasasti Kabantenan ka 3 jeung ka-4 anu teges-teges nyebutkeun ngaran
"Pajajaran" (hartina: "Pajajaran" teh aya), punten dina basa Indonesia:

"Semoga Selamat. Ini tanda peringatan Rahiyang Wastu Kancana, turun kepada
Rahiyang Ningrat Kancana, lalu diamanatkan kepada Susuhunan sekarang di
Pakuan Pajajaran. Menitipkan dayeuh Jayagiri dan dayeuh Sunda Sembawa.
Semoga ada yang mengurusnya. Jangan memberatinya dengan "dasa", "calagara",
"kapas-timbang" dan "pare dongdang". Maka diperintahkan kepada para petugas
muara agar jangan memungut pajak (kepada penduduknya) karena mereka itulah
yang berbakti dan mengabdikan dirinya kepada ajaran agama. Mereka teguh
melaksanakan hukum-hukum dewa".

Pon kitu deui, kecap "Pajajaran" kapendak dina Prasasti Kabantenan anu ka 5,
kieu tarjamahanana (dina basa Indonesia):

"Ini piagam (dari) yang pindah ke Pajajaran. Memberikan piagam kepada
kabuyutan di Sunda Sembawa. Semoga ada yang mengurusnya. Jangan ada yang
menghapuskan atau mengganggunya. Bila ada yang bersikeras menginjak daerah
Sunda Sembawa aku perintahkan agar dibunuh karena tempat iru daerah kediaman
para pendeta".

Catetan:
- Cutatan di luhur dipetik tina buku "Rintisan Penelusuran Masa Silam
Sejarah Jawa Barat" (RPMSSJB), jilid ka -4 seratan Kang Saleh Danasasmita,
saparakanca
- tanda curek dina "dasa" ..jst eta ti abdi
- Prasasti Kabantenan ayana di daerah Bekasi, sadayana aya 5 prasasti
- teu ditarjamehkeun kana basa Sunda sangkan praktis wae

Tah....bisi Kang Wawan teu percaya kana naskah samodel naskah "Carita
Parahiyangan", "Naskah Wangsakerta", jsb, anu teges-teges nyebutkeun ngaran
"Pajajaran" jeung silisilahna, ku prasasti mah moal bisa ngangles deui.
Prasasti teh apan salah sahiji bukti material anu pangkuatna keur sajarah.
Prasasti-prasasti anu sejenna, sapeti Prasasti Batutulis, memang teu
nyebutkeun sacara khusus ngaran "Pajajaran", tapi satemenna eta oge
ngarupakeun bukti ayana karajaan Pajajaran.

Kitu Kang Iwan, pamugi katerangan ieu teu matak mangmang deui kana ayana
karajaan Pajajaran. Ngeunaan dimana patempatanana jeung kumaha hubungan
Pajajaran jeung Galuh, ke kahareup urang pedar deui sugan pareng. Ayeuna mah
mangga wae upama aya waktuna mah pariosan buku-buku anu ngandung pedaran
bukti-bukti sajarah ayana karajaan Pajajaran, kayaning RPMSSJB, Carita
Parahiyangan jeung nu sanesna.

baktos,
manAR



On 4/11/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Wa'alaikumsalaam,
>
> Bilih karaos abot pami nyukcruk sajarah Sunda, mangga cobi pilari dina
> dadaran sajarah Jakarta, pasti nyabit2 ngeunaan Tome Pires, urang Portegis
> (awal abad ka-16 asana mah, jaman dipingpin keneh ku Sri Baduga Maharaja) nu
> kungsi sindang ka Sunda Kalapa. Tah, si Pires teh nuliskeun dina laporanana
> yen Sunda Kalapa teh salah sahiji palabuan Karajaan Sunda. Ceuk ahli mah,
> perenahna teh di wewengkon Bogor. Dina sababaraha laporan ekspedisi Walanda
> jaman awal2 ngajajah urang, cenah mah ruruntuk 'istana' Pakuan Pajajaran teh
> aya keneh, najan geus meh bae ancur, sabab geus ditinggalkeun salila kira 2
> abad (tisaprak dirurug pasukan Banten tea).
>
> Bisi katrangan ieu mah loba teuing salahna, sae pilari bae buku2 sajarah
> Sunda, sugan di Gramedia Matraman aya (pikeun nu di Jakarta). Atuh komo di
> Bandung mah, asal keyeng bae neangna, hehe...
>
> jk
>
>  On 4/11/06, wawan sukmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> >  Assalamu'alaikum
> >
> > Punten ka sadayana, sim kuring sanes Sejarawan. Sim kuring masih
> > panasaran kana Babad Pajajaran. Pajajaran jeung Prabu Siliwangi teh bener
> > sajarah atawa Carita Rakyat sapertos Sangkuriang. Pajajaran teu aya bukti
> > peninggalan sajarah, benten jeung Tarumanagara nu ninggalkeun seueur
> > prasasti. Aya teu pajajaran teh nya ? Lamun aya dimana pusat kekuasaanna ?
> > Naha antara Pajajaran jeung Galuh sok di samikeun ? padahal cenah mah ari
> > Galuh mah di daerah Ciamis, ari pajajaran dimana ?
> >
>
> --
> sikandar
> su.wikipedia.org
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> 
> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
>
>
>
>
> SPONSORED LINKS
>   Corporate 
> culture<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Corporate+culture&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=XebwzVpdTm8GSy8GvWnc_g>
>  Business
> culture of 
> china<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Business+culture+of+china&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=e4aS0tTbDmoOM-2OJzrJyw>
>  Organizational
> culture<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Organizational+culture&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=b0TqcVMvhB-a0EgixFvFsw>
>   Organizational
> culture 
> change<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Organizational+culture+change&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=Z8hBTiWD2XdK93YM2Ng0uw>
>  Organizational
> culture 
> assessment<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Organizational+culture+assessment&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=0oDQvHXUEKLGPnUe3OQ8uw>
>  Jewish
> culture<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Jewish+culture&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=K0DLpHFrAHyulw_DW5oA8A>
>  ------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS
>
>
>    -  Visit your group "urangsunda<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda>"
>    on the web.
>
>    -  To unsubscribe from this group, send an email to:
>     [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]>
>
>    -  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
>    Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>.
>
>
>  ------------------------------
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke