--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Pemimpin Sunda Harus Miliki Rasa Nyaah
=================

1. Mun anu hiji ieu mangrupakeun syarat nomer hiji, atuh kabeh 
tangtara US oge Ali Sadikin teu bisa disebut pamingpin Sunda.
Kunanon ?

Da eta pan tangtara mah kudu aya rasa jeung tagog anu matak 
pikasieuneun. Tina tagog wae,dibarengan ku baju hejo make sagala 
rupa "tanda jasa". Matak sieun rakyat. Ngadeukeutan wae embung da 
sieun "disentak", terus dipolototan ku ajudanna. Komo Ali Sadikin 
mah sok nampilingan.

Konsep "marentah", ayeuna mah beda pisan jeung konsep "marentah" 
baheula.

Contoh, Pandopo di Kawadaan geuning ayeuna mah dipake kantor. 
Ditutup. Teu jiga baheula, bluk blak. Boa meureun baheula euweuh 
listrik kitu ?.  Tah ku bluk blak eta pandopo, saha wae pamgpangna 
Lurah ti desa manawae nu aya di Kawedaan eta, bisa datang "ngahadep" 
ka Juragan Wadana.

Baheula basa kuring keur budak, ulin ka alun-alun sok ningali eta 
Pendopo sok pinuh ku jelema. Mun teu salah mah sabulan sakali.
Kabeh sarila dina ubin. Make barangbay semplak, sarung. Malah mah 
aya nu make sarung dina tak-tak, terus make payama baju jeung 
calanana.
Sugan mah aya ku gagah make calana jeung baju payama. Boa ayeuna mah 
make calana tropical wool, meureun.

Basa diajak ku lanceuk kapasar, ribut eta tukang dagang pakipuk 
meres-meres daganganna. 
Nya sim uring nanya ka lancek :" Aya naon Ceu mani ribut kitu?"
Dijawab ku pun lancek:" Eta jigana mah aya  Juragan Wadana sumping 
ka pasar"
Dina jero hate:" Naha eta Juragan Wadana,ka pasar ku salira. Pan 
seueur dikawedanaan anu bisa dititah sina balanja"
Ari geuning sanes balanja, ngan ngalangkung wae, ka tukang dagang, 
jeung bari nyarion....
"Aduh alus ieu kangkungna, kumaha laku Mang Idih?" 
Teras ka nu sanesna, "Mang Toha, ieu sampeu alus yeuh, mani 
galalede". taros Juragan Wadana.  
"Sumuhun, Gan. Padahal teu nganggo gemuk. Kaleresan wae taneuhna 
subur" jawab Mang Toha.

Nya mulih wae Juragan Wadana ka Kawedanaan, tapi teu ngagaleuh 
nanaon. Gagah eta juragan wadana teh, Kameja bodas, oge lancingana 
bodas, nagggo topi jiga helm, heuras tea aya tilu liang digigirna 
kenca katuhu. Iteukna aya ku herang.

Sakabeh tukang dagang sapasar, seura seuri gumbira bari ngobrol, 
duka naon anu diobrolkeuna. Juragan Wadana  teu ngagaleuh nanaon, 
naha eta tukang dagng mani gumbira kitu. Teu kaharti ku sayah harita 
mah.

Aya keneh, Juragan Wadana anu jiga kitu ayeuna ? 
Aya keneh pendopo di Kawedaan anu bluk-blak teu ditutup ?
Ieu mah kajadian leuwih ti 60 taun katukang !

Abah Joe 












PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke