pun amit tabe pun sampurasun.. judul email ieu teh bisa enya bisa oge lain atawa salah..
sabab mun ibarat manusa oge anu kembar, sanajan kembar tetep aya bedana jeung teu sarua hartina bali lain sunda atawa sabalikna.. mun ngadongeng cenah...sunda bali keneh, bali sunda keneh.. dumasar kana sudut pandangna atawa akar sajarah di bumi nusantara... numawi pantes urang bali ngagung-ngagung karuhun sunda (suku sunda) anu katelah Prabu Siliwangi nepikeun ka ngajen ku cara nagedkeun pura-pura pikeun karuhun anu dipiajrihanu dipisembah eta. BATAN.. urang sundana kalah ka ngagung-ngagung karuhun ARAB atawa TIMUR TENGAH atawa EROPAH atawa CINA... asa salah kaprah....mun dumasar kana "urangkudu inget kana purwadaksina jeung asal wiwitan". sahenteuna kuduna mah ngagung-ngagung teh karuhun bangsa Indonesia anu geus bajoang bela pati, nyawa jeung raga pikeun kautuhan bangsa Indonesia...lain karuhun anu "mecah belah atawa ngadu domba papada urang salaku rahayat jeung bangsa Indonesia" bari make kedok agama, plitik, ekonomi jeung busaya anu lain wanda bangsa urang nu saestu.. sunda jeung bali mun dijujt tia sajarah DANGIANG NIRARTA (urang sunda) anu nyaba ka bali, oge urang sunda wetan tina galur sajarah ciung wanara (umumna nyebut dongeng) eta tangtuna aya pakuat-pakaitna.. tapak-tapkna tangtuna aya dina kabudayaan jeung ritual atawa adab-adaban urang bali anu meh sarua jeung memang sarua jeung urang sunda anu make keneh tatali paranti karuhuna.. numawi sakuringeun mah boga pandangan yen agama di bali mah.. agama bali, anapon aya unsur hindu mun ngajujut kana sajarah plitikna eta mah ibarat ngiuhan bari nyumput buni dinu caang dina eta agama sabab nu jadi dadasrna nyaeta weda tea... komo ceeeennaaah.. ceuk urang baduy mah sadunya oge dulur urang keneh.. jadi urang mah urang ngji elmu dulur sangakan alakur jeung elmu baraya sangkan teu sulaya dimana bae urang dumuk... rahayu.. aya istilah dina sunda : "bali geusan ngajadi"..kabali = kawali, batu = watu...pan tembong dina basa anu saakar budaya urang teh geuningan... CAG rampes, RKK ti Gunung Mandala Wangi --- ".:: kIPeR pERsIb ::." <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Laut kidul kabeh katingali > ngembat paul kawas dina gambar > ari ret tebeh kaler > Batawi ngarunggunuk > lautna mah teu katingali > ukur lebah-lebahna > semu-semu biru > ari ret ka kaler wetan > Gunung Gede jiga nu ngajakan balik > meh bae kapiuhan > > Matak waas pacampur jeung sedih > gunung-gunung kabeh narembongan > Gunung Pangrango ngajogo > bangun di harudum > ngadagoan nu tacan sumping > nyeri dumeh ditilar > nguyung wuyung karungrum > nya dijieun Pangrango ciciren nagri > nagara Pajajaran > > Pajajaran tilas Siliwangi > wawangina nukasilih jenengan > kiwari dayeuhna Bogor > batutulis nukantun > kantun liwung jararadi pikir > mikir tulisanana > hanteu surud liwung > kokojoan teuteulueman > di Ci[ha]liwung nunjang ngidul > Siliwangi nuus di Pamoyanan > > Naha enya urang sunda teh baheula agama hindu, ceuk > cenah > > . Nya mun kitu mah mereun bener ayana puri di gunung > di > > suku gunung salak teh netelakeun komunitas bali teh > aya > > patula patalina jeung sunda . Ceuk cenah basa > manehna > > mimiti tapi di gunung salak geus lila da kabiasaan > orang > > bali mah sok tatapa di hiji tempat. Tah basa cenah > kasang > > tukang ayana puri bali di suku salak teh nu dumuk di > > > warung loa desa taman sari cenah manehna menang > wangsit > > ti siliwangi , tapi piraku deui wangsti teh turun ka > > > urang bali ari urang sunda na dilewatan jeung deui > orang > > bali na nyarita ari urang sunda mah kotor matakna > wangsit > > teh turun ka urang bali jadi urang nu lier . Kamari > ge > > basa cacahan jeung urang warung loa na teh, leres > yen > > bakal aya ekspansi orang bali ka dinya teh cenah mah > > > bakal ngadatangkeun 6000 orang bali. Basa mimilu > team > > aprak jueng urang sindang barang teh leres pisan > geus > > loba aneksasi attribut bali tea (nyatut tulisan kang > > > hendra). Geus loba susuguh anu aya patula patalina > jueng > > bali. Hehuey dedueh salian ti pura teh geus aya > vihara.. > > jigana mah isukan atawa pageto bakal ngadeg klenteng > > > atanapi gareja . Ngan mun diteleuk-teleuk cenah > Pantun > > teh,Sunda teh bakal ngadeug deui tapi lain dinu > wujud > > sunda atawa nu aya kawas kiwari trapi tinu wujud nu > lain > > , tapi naha enya orang bali teh turunan urang sunda > !!. > > Panan cenah ceuk pantun oge ari agamana urang sunda > mah > > lain hindu komo agama hindu ayeuna mah lain hindu nu > > > baheula , panan agamana raja Purnawarman (393 - 434) > teh > > agamana vega (Hindu kuno) sakumaha dicutat dina > prasasti > > jambu,prasasti batu, prasasti Kebon kopi. Dina > prasasti > > eta teh yen purnawarman keur jaman Tarumanagara > agamana > > teh agama hindu aliran wisnu, nu di jerona aya > mazhab > > saura (pemujaan surya). saatosna Taruamanagara bubar > jadi > > sunda jueng galuh, sakumaha ceuk sanghyang siksa > kandang > > karesian , aya deui tapak agama siwa dari mazhab > > siwasidhanta. Sanajan kitu, teu sakabaeh rahayat > Sunda > > Pajajaran agamana nganut ajaran Siwa - Budha, ceuk > SSKK > > aya oge unsur agama asli urang pajajaran teh, ceuk > SSKK > > teh ratu bakti di dewata, dewata bakti di hyang. > Jadi > > hyang teh posisi na teh leuwih luhur tibatan dewa. > Jadi > > nu kahayang urang sunda pajajaran baheula mah > manggihan > > hyang tanpa balik dewa sabab si tuhu lawan > pretyaksa, > > jeung deui manggihan hyang atawa ngahiyanh teh > disebat > > muksa, nyaeta sukma teh balik ka asalna, nu jadi > > cita-cita Ki sunda kuer jaman eta. Ceuk Carita > > Parahyangan aya para wiku/panditanu husus ngamalkeun > > > agama sunda nu ngawakeun jadi sunda jeung mulasara > > kabuyutan parahyangan, nu sakumna masih nyesa di > > masarakat "Urang Kanekes" (Baduy), nu masih di > anutna > > nyaeta sunda wiwitan. Sesa ti kabuyutan jati sunda > atawa > > patahyangan teh nyaeta mandala kanekes atawa disebat > oge > > SASAKA DOMAS. Ceuk Pantun bogor versi Aki Buyut > Baju > > Rambeng dina Pantun Gede episode Curug Si Pada Weuh > > "Saacan Urang Hindu ngaraton di Kadu Hejo oge, > Karuhun > > urang mah geus baroga agama, anu disarebut agama > sunda > > tea." . Cenah "... ajaran-ajaran Agama Sunda > Pajajaran > > dituliskuen dina layang sambawa,sambada, winasa anu > > dijiyeun ku Parabu Reusi Wisnu Brata. Nya inyana anu > > > tukang tapa ti ngongora. Inyana anu saenyana > ngagalurkeun > > jadi kabehan pada ngarti Agama anu kiwari disebut > Agama > === message truncated === __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
