Laut kidul kabeh katingali
ngembat paul kawas dina gambar
ari ret tebeh kaler
Batawi ngarunggunuk
lautna mah teu katingali
ukur lebah-lebahna
semu-semu biru 
ari ret ka kaler wetan
Gunung Gede jiga nu ngajakan balik
meh bae kapiuhan

Matak waas pacampur jeung sedih
gunung-gunung kabeh narembongan
Gunung Pangrango ngajogo
bangun di harudum
ngadagoan nu tacan sumping
nyeri dumeh ditilar
nguyung wuyung karungrum
nya dijieun Pangrango ciciren nagri
nagara Pajajaran
 
Pajajaran tilas Siliwangi
wawangina nukasilih jenengan
kiwari dayeuhna Bogor
batutulis nukantun
kantun liwung jararadi pikir
mikir tulisanana
hanteu surud liwung
kokojoan teuteulueman
di Ci[ha]liwung nunjang ngidul
Siliwangi nuus di Pamoyanan

Naha enya urang sunda teh baheula agama hindu, ceuk cenah 

. Nya mun kitu mah mereun bener ayana puri di gunung di 

suku gunung salak teh netelakeun komunitas bali teh aya 

patula patalina jeung sunda . Ceuk cenah basa manehna 

mimiti tapi di gunung salak geus lila da kabiasaan orang 

bali mah sok tatapa di hiji tempat. Tah basa cenah kasang 

tukang ayana puri bali di suku salak teh nu dumuk di 

warung loa desa taman sari cenah manehna menang wangsit 

ti siliwangi , tapi piraku deui wangsti teh turun ka 

urang bali ari urang sunda na dilewatan jeung deui orang 

bali na nyarita ari urang sunda mah kotor matakna wangsit 

teh turun ka urang bali jadi urang nu lier . Kamari ge 

basa cacahan jeung urang warung loa na teh, leres yen 

bakal aya ekspansi orang bali ka dinya teh cenah mah 

bakal ngadatangkeun 6000 orang bali. Basa mimilu team 

aprak jueng urang sindang barang teh leres pisan geus 

loba aneksasi attribut bali tea (nyatut tulisan kang 

hendra). Geus loba susuguh anu aya patula patalina jueng 

bali. Hehuey dedueh salian ti pura teh geus aya vihara.. 

jigana mah isukan atawa pageto bakal ngadeg klenteng 

atanapi gareja . Ngan mun diteleuk-teleuk cenah Pantun 

teh,Sunda teh bakal ngadeug deui tapi lain dinu wujud 

sunda atawa nu aya kawas kiwari trapi tinu wujud nu lain 

, tapi naha enya orang bali teh turunan urang sunda !!. 

Panan cenah ceuk pantun oge ari agamana urang sunda mah 

lain hindu komo agama hindu ayeuna mah lain hindu nu 

baheula , panan agamana raja Purnawarman (393 - 434) teh 

agamana vega (Hindu kuno) sakumaha dicutat dina prasasti 

jambu,prasasti batu, prasasti Kebon kopi. Dina prasasti 

eta teh yen purnawarman keur jaman Tarumanagara agamana 

teh agama hindu aliran wisnu, nu di jerona aya mazhab 

saura (pemujaan surya). saatosna Taruamanagara bubar jadi 

sunda jueng galuh, sakumaha ceuk sanghyang siksa kandang 

karesian , aya deui tapak agama siwa dari mazhab 

siwasidhanta. Sanajan kitu, teu sakabaeh rahayat Sunda 

Pajajaran agamana  nganut ajaran Siwa - Budha, ceuk SSKK 

aya oge unsur agama asli urang pajajaran teh, ceuk SSKK 

teh ratu bakti di dewata, dewata bakti di hyang. Jadi 

hyang teh posisi na teh leuwih luhur tibatan dewa. Jadi 

nu kahayang urang sunda pajajaran baheula mah manggihan 

hyang tanpa balik dewa sabab si tuhu lawan pretyaksa, 

jeung deui manggihan hyang atawa ngahiyanh teh disebat 

muksa, nyaeta sukma teh balik ka asalna, nu jadi 

cita-cita Ki sunda kuer jaman eta. Ceuk Carita 

Parahyangan aya para wiku/panditanu husus ngamalkeun 

agama sunda nu ngawakeun jadi sunda jeung mulasara 

kabuyutan parahyangan, nu sakumna masih nyesa di 

masarakat "Urang Kanekes" (Baduy), nu masih di anutna 

nyaeta sunda wiwitan. Sesa ti kabuyutan jati sunda atawa 

patahyangan teh nyaeta mandala kanekes atawa disebat oge 

SASAKA DOMAS. Ceuk  Pantun bogor versi Aki Buyut Baju 

Rambeng dina Pantun Gede episode Curug Si Pada Weuh 

"Saacan Urang Hindu ngaraton di Kadu Hejo oge, Karuhun 

urang mah geus baroga agama, anu disarebut agama sunda 

tea." . Cenah  "... ajaran-ajaran Agama Sunda Pajajaran 

dituliskuen dina layang sambawa,sambada, winasa anu 

dijiyeun ku Parabu Reusi Wisnu Brata. Nya inyana anu 

tukang tapa ti ngongora. Inyana anu saenyana ngagalurkeun 

jadi kabehan pada ngarti Agama anu kiwari disebut Agama 

Sunda Pajajaran tea. Agama anu hanteu ngabeda-bedakuen 

boro-boro ngagogoreng ngahaharuwan agama sejen. Lantaran 

euweuh agama anu hanteu hade. anu hanteu hade mah lain 

agama, tapi metakeun agama, jeung laku lampah arinyanan 

anu arembung bae ngarti hartina. Ahad teh Nunggal nu ngan 

sahiji-hijina , ngan sahiji bae ....".

Ceuk Pamairan Sili[h]wangi :
Kula bibitna ageman Hindu, Budha, Nasrani pon kitu deui 

Najan Islam nu saestu Nya kula nu jadi bibit Sipat kula 

jadi bibit Sipat Kula tilem timbul Sakapeung kula ti 

heula sakapeung acining diri mun aci diri ti baheula Nya 

kaula anu timbul ti pandeuri Liwat sajarahna tangtung 

Maripih aselina Jalan meulah Prabu Wa(s)tu Panggih jeung 

sorot Kancanana jangjina Sili(h)wangi....

Ceuk Pantun Bogor episode "Tunggul Kawung Bijil sirung", 

ayana agama sunda teh saatos aya panokohan nu disebat 

"MUNDI ING LAYA HADI KUSUzMAH" ka jagat jabaning langit, 

di eta jagat teh meunangkeun Layang Salaka Domas, kitab 

suci nu eusina 800 ayat ngeunaa kasampurnaan hirup ti 

sambawa, dewasa nepikeun sambada jeung maot tuluy nepi ka 

winasa. Keur jamana Prabu Siliwangi (Sri Baduga Maharaja 

/ 1482 - 1521 M) setiap upacara kuwera bakhti(Seren Taun) 

atawa upacara Guru Bumi tilu kitab suci eta teh sok 

diarak dinu jampana niskala wastu.

Urang sunda teh cenah ceuk pantun bogor teh tos nganut 

monotehisme, nu kumaha dinu pantun bogor "Nya inyana anu 

muhung di ayana, aya tanpa rupa aya tanpa raga, hanteu 

kaambeu-ambeu acan, tapi wasa maha kawasa di sagala 

karepinyana". "Hyang Tunggal tatwa panganjali,Ngawandawa 

di jagat kabeh alam sakabeh, halanggiya di saniskara, 

hung tatiya hung ". Jadi naha bener orang bali 

ngadeugkeun puri teh sabab urang sunda teh aya kasarupaan 

jeung orang bali nyaeat hindu na tea, atawa kawas 

masarakat tengger nu geus di hindukeun ku orang bali. 

Mangga ach nyanggakeun angin Nu Maha Kawasa allah SWT Nu 

Maha Uninga
Wassalam wr wb


http://serentaunsbr.multiply.com
http://www.geocities.com/kampungsunda







PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke