Hatur Nuhun kana koreksianana Kang Hasan
Leres kitu maksadnamah, sim kuring oge bade nyerat
"pengaruh"  di emut-emut eta teh asa basa indonesia,
hilap yen aya basa sundana "pangaruh" janten lepat
nyerat "pangaweruh".  
Ari kitu, pangaweruh teh naon atuh hartosna? 

Perkawis "warga negara dunia" teh maksadnamah "warga
negara kelas dunia", emut ka rerencangan pribados nu
ayeuna nuju aya di new zealand, caket kutub selatan.
Anjeuna nyarios kitu, yen nyiapkeun barudakna teh 
pikeun jadi jalma "warga negara kelas dunia", ari
selerna mah seler jawa, mung anjeuna parantos
"mengindonesia", teu lancar deui basa jawana.
Nya kitu, nuju anjeuna nganjang ka rorompok sim kuring
sapalaputra, sim kuring naros ka murangkalihna,
"bisa bahasa inggris ?" budakna teh unggeuk, "kenapa
atuh nggak pakai bahasa inggris?". Walon anjeuna "
Tidak boleh sama papah".
Dina lain kasempetan sim kuring naros ka bapana,
"kalau
di rumah di Oklend, sehari-hari pakai bahasa apa?",
Anjeuna nyarios yen basa sadidinten nganggo basa
indonesia.
Rupina ku pengaruh globalisasi, khususon ku jaman
internet ieu, teu mandang deui perkara lokasi
padumukan/tempat tinggal, mung nu janten pasualan
nyaeta dugi sakumaha kuatna hiji seler suku bangsa
pikeun tiasa nahan gempuran pengaruh globalisasi ieu. 
Anu katingalmah geuning seler sunda teh kadeseh ku
seler lain!. Tah kumaha yeuh ? 
Kamari mah aya nguping bongbolongan nyaeta nyieun
"Koran Sunda" anu teu aya kabar beritana deui.
Kudunamah make politik dagang jiga dina usum
globalisasi kiwari, misalna nyieun koran anu make basa
sunda judulna rada propokatip, "PIKIRAN PARNO".
Heu..heu...  Keukeuh peuteukeuh yeuh.

:)
salam baktos.
mz
--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kang Maman,
> 
> Koreksi sakedik, jigana dina seratan Kang Maman (di
> handap), kalimah "Rupina ieu teh pangaweruh tina
> globalisasi", maksudna "pangaruh" nya? sanes
> "pangaweruh". Sugan akur, kitu oge. 
> 
> Upama kitu, nu disebut "warga negara dunia" teh
> sabenerna mah lain perkara nu gagah. Tapi perkara
> dominasi hiji seler ka seler sejen. Alias perkara
> leungitna salah sahiji identitas hiji seler,
> kulantaran  kadeseh ku seler sejen. Nu ideal, ceuk
> kuring ieu mah, hadena mah ciciren seler masih tetep
> dipiara (basa lokal, misalna), tapi bisa komunikasi
> jeung seler sejen dina kontek global. Wallahu'alam.
> (mh)
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Everything you need is one click away.  Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/AHchtC/4FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke