Upami nilikaan, sunda kiwari, aya urang sunda anu
(pengkuh dina pamadegan)/konsekwen, nyaeta dulur urang
Urang Kanekes.
Maranehna teu kabita ku anu namina globalisasi
saeutik-eutik acan. Mun dibasakeun mah "cadu mungkuk
haram dempak". Hirup-huripna harmonis jeung alam.

Aya deui, pangalaman sejen, dina waktos kuring nuju
ameng ka ciamis, sakantenan jarah ka situ panjalu
ciamis, aya hiji "kuburan" anu di kurilingan ku kaen
bodas. Teras aya seueur jalmi anu wiridan. Ari
ditingal teh beu, geuningan urang kidul(jawa) wungkul.

Saparantosna rengse wiridan, sim kuring naros ka eta
kuncen, "Naha ari urang sunda osok seueur nu kadieu?"
Na ari celetuk teh eta kuncen ngomong kieu, "urang
sunda mah parantos seueur nu jadi orang barat". Kitu.

Moal kitu ieu teh hiji tetendon ti Uga Siliwangi tea?

Salam baktos.
mz

 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kuring sapadegan sareng kang MH, dina mayunan
> situasi
> global, urang kedah tetep mulasara kabudayaan lokal,
> nilai-nilaina kedah di tancebkeun ka barudak urang
> ti
> keur leutik. Aya "kesan" batur anu ngaramekeun
> istilah
> "global" ieu teh, sakadar bungkus pikeun "jualan
> dagangan"nana supaya laku.
> 
> Punten, upami conto dihandap ieu, nyabit-nyabit
> pangalaman Mang Ayip di Jepang (kesanna jadi
> Ayipsentris). Asana teh cocok pikeun ngagambarkeun
> kumaha kabudayaan lokal dipertahankeun dina era
> global.(salah sahiji diantarana widang kasenian).Di
> Jepang, sok sanajan jadi "raksasa" dunya dina widang
> ekonomi, heunteu ngamomorekeun kabudayaan asli
> Jepang.
> Aya salah sahiji jenis kasenian Jepang (kabuki), anu
> nepi ka ayeuna persis sami saperti 500-600 taun
> katukang. Kasenian eta teh dina era global ieu, jadi
> salah sahiji daya tarik pikeun turis jeung urang
> Jepang Asli. Urang Jepang sorangan, lamun lalajo
> kasenian eta teh, kedah maca "buku petunjuk" anu
> husus
> disayagikeun pikeun jalma anu lalajo kasenian eta.
> sabab bahasa dina dialog-dialog pertunjukkan
> kasenian
> eta teh, bahasana teh basa "Jepang buhun" anu  tara
> dipake pikeun komunikasi urang Jepang kiwari.
> (duka ieu teh nyambung atanapi heuteu nya, jeung
> padungdenganana kang MH jeung kang Maman)
> 
> baktos,
> 
> mrachamtrawyani 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Protect your PC from spy ware with award winning anti spy technology. It's free.
http://us.click.yahoo.com/97bhrC/LGxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke