Assalamualaikum Wr.wb

Para wargi haturan... 
hapunten seja ngiring aub tos lami tara ngapung ka
millist. Kaleresan pas tiasa, kataji ku seratan Mang H
ngeunaan kasundaan nu saurna malah didugikeuna ku
non-sunda (Mas Jakob tea). Ku kituna, seja ngintunkeun
tina kutrat-kotret ngeunaan sabagian kalam kasundaan
nurutkeun urang kampung nganggo basa kampung manawi
tiasa janten dog-dog pangrewong. 

Teu hilap baktos ka Kang Oman...damang sun?  Sim abdi
ayeuna sering ngalangkung ka Panaruban kaleresan aya
dameleun di Parung. Upami tiasa nuju rineh sadayana
hoyong pisan sillaturahmi deui ka Kang Oman  sareng
kasepuhan di panaruban.

Baktosna
Eddy Nugraha

====


Lingga kabuyutan Tangtung: Sirathal Mustaqim Kami?

I
Panganteur

Waktu keur budak ku indung teh sok dijujurung supaya
daek ka masjid supaya ngaji jeung shalat.  Kabeneran
imah teh teu pati jauh ka masjid. Telat saeutik wae
boh keu rdiimah boh keur di masjid digegebrag. Ari
Bapa sok tos tipayun tapi tara ujuk ajak. Anjeuna mah
sok di shaf pangpayuna bari tara seueur carios, lamun
pareng amprok ge di masjid siga nu hare-hare
sedengkeun barudak mah biasa we ditukang da resep loba
tingalieun loba suaikeuneun loba tukeurkeuneun bari
kaajar wanter ngagorowok dina nutup Alfatihah-na imam
ku ‘Amin’. Kusabab deukeut ka masjid ditambah ku
dijujurung jeung dicontoan ku kolot, nya jadi idek
liher di masjid, ‘kaajar’ shalat, ngaji jeung rupa
rupa dongengan katut  titahan Agama. 

Ngan,... 

Lamun kabeneran nyanghareupan hal nu penting,
diantarana waktu rek disunatan, rek nyanghareupan naek
kelas jeung ujian kuring mah sok ngahajakeun dibawa
indit heula ka kabuyutan. Tempatna jauh ti imah
(Bandung), baheula mah lamun indit isuk-isuk tepi ka
kabuyutan teh beurang nuju ka sore, turun tina mobil
teh aya nu diteruskeun ku leumpang nepi kana 3-4
jamna, aya nu oge saukur sabaraha menit leumpang tapi
harita mah  rarasaan teh tutumpakanna edas ku jauh. 
Pagawean lamun geus tepi ka kabuyutan teh teu loba,
sanggeus reureuh, ukur meuleum menyan, hadiahan ku
maca Alfatihah bari sila  kalawan tumaninah
nyanghareupan Lingga (batu nu nangtung, batu
SA-tangtung) nu aya di kabuyutan. Rengse kitu mah nya
terus wae balik deui ka Bandung.

II

Waktu Keur budak mah...
Saukur tuturut munding, boh ka masjid boh ka
kabuyutan,  ngan aneh kahayang-kahayang kuring
sabalikna ti kabuyutan tinekanan [kunu ngaos tiasa
ditambihan janten kabeneran tinekanan]. Kawas:
disunatan alhamdulillah salamet, kanjut nyesa teu
kawas kajadian baheula di salam nunggal garut jeung
teu perlu gunta-ganti model topina; sakola naek bari
bisa asup ka sakola negeri da atoh pisan harita mah
asup ka negeri teh, mun ka swasta babaturan ge loba nu
era ngakuna sieun disebut bodo/males diajar, teu siga
ayeuna tibanan asup ka sakola negeri nu kurang
fasilitas diajarna loba barudak nuboga mah meuning
keneh langsung ka swasta tapi nu alus sanajan mahal.

Ngan Kagedenakeun... 
Tara diaajak tara dijurung-jurung deui boh ka masjid
boh ka kabuyutan...nya ku kitu teh tidinya....ku
lantaran sosoranganan...mimiti resep mikiran kana naon
naon nu dipigawe hususna  ngeunaan kayakinan jeung
kapribadian neangan guru harti malar bukti, sabab
sieun melengkung bekas nyalahan, salah madep komo
ayeuna loba pisan panggih jeung jelema nu warna warna
kayakinan/pamanggihna, informasi geus mahabu
dibarengan ku tafsiran nu loba-loba.
Sieun..ngalakukeun pagawean pamurtadan pamusrikan
pang-bid’ahan ngotoran patohidan. Sieun ngaenya enya
nu lain, nga lain lain nu enya. Komo ieu migawe nu
urang masjid (deukeut imah mah) tara.

Aeh..aeh ..da enya atuh, Dua kabiasaan keur budak
diluhur  saliwat siga nu ‘kontradiktif’ [atanapi tiasa
oge salamina  ngarupikeun hal nu kontradiktif kanggo
nu ngaos] ari ibadah sapopoe ku shalat lima waktu
ditambahan tahajud, ngado’a, ngaji di masjid  jeung
diimah ari boga kahayang jeung karerepet lumpatna ka
kabuyutan bari ngan saukur mencrong/madep ka lingga.  

Naha bet kitu?  Kumaha kayakinanana? Mana dasarna?
Kumaha nyatana? Kumaha hasilna?  ...Urang jujut
satepina, Insya allah. Dumasar kana pamanggih nu
nepikeun ka ayeuna dina aslamtuna teh (samampuhna)
nuturkeun Syareat Sang Rahmatan lil alamin.

====
Dipisahkaeun supados teu ‘beurat teuing’ ngintun.
====




__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Home is just a click away.  Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/DHchtC/3FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke