Lingga kabuyutan Tangtung: Sirathal Mustaqim Kami? (bag 2) Asslamualaikum wr, wb
Terasna bagian hiji wireh bilih panjang teuing, nyanggakeun manawi kaanggo ===== III Naha bet kitu? Kumaha kayakinana? Ngeunaan ka kabuyutan Geus ditatanyakeun... Maksud Kabuyutan teh nyatana tempat suci nu diparake ku urang sunda baheula (jeung sabagian ayeuna) pikeun ngalakukeun rupa-rupa hal nu sarua jeung ngamangfaatkeun/ngamamurkeun masjid ayeuna. (Seratan Prof. Edi S Ekajati nu nyarikeun tina naskah naskah kuno nu kapanggih, dina PR 20 November 2004, ditambih loba loba tulisan ngeunaan pengelolaan masjid tiasa jadi rujukan). Di masing-masing kabuyutan diantarana bakal kapanggih teh Lingga (batu nangtung, batu Satangtung). Ari ka kabuyutan teh carana mandi heula beberesih, itikad kuatkeun sing cengeng ka nu Murbeng Alam bari sila madep kana lingga, meleum menyan lamun aya, (kaayeunakeun, nu geus nyekel syaret sang Rahmatan lil alamin mah, ditambah hadiahan ka luluhur (ka asup ka Nabiyyin) ku maca alfatihah). Meuleum menyan mah ari aya, salah sahiji mangfaatna nu ku dunya empirik quantitatif kapanggih (nurutkeun panalungtikan Prof. Kusnaka Adimiharja ti UNPAD) mah cenah supaya maehan virus/bakteri disabudeureuna. Jadi meureun nu ngadua di kabuyutan bisa kajaga ku panyakit, atawa teu kaganggu reungit da kabuyutan mah sok diluar lain di jero wawangunan, (bisa oge) aroma therapy (kanu cocok bauna, da kaurang kota mah sieun jeung mikiran jurig weh nu aya, menyan sunda mah jarang nu mirosea, ngan dibali mah menyan teh geus diropea seungitna nepikeun ka aya menyan nu bau malati..saminggu kalangkung mendakan di kuta-bali). Ngan... Nurutkeun pamanggih kokolot lembur tangtung mah utamana, salian sacara lahir saperti nu disebut diluhur, meuleum menyan dikabuyutan teh nyatana menyan dina jiwa....cik kotretkeun tah kana bagian jiwa dina tangtung nu lamun kakotretkeun teh jadi sengit nyambuang, naon barangna menyan dina tangtung teh nyatana? Naon nu tina pribadi mun kaluar teh nyengitan awak? Naha bet madep kana Linggga nu saukur batu nu nangtung/satangtung? ..... yeuh ari hayang nanjer dina hirup tangtungan teh kudu siga lingga....NANGTUNG SORANGAN teu luntur ku usum teu laas ku jaman teu cueut kanu hideung teu ponteng kanu koneng teu kabawa ku sakaba-kaba. Tah dimana tangtungan geus ajeg bakal hirup bari hurip rahayu meunang nimat tinu murbeng Alam. Malah euy...tangtungan lingga mah gumantung tanpa cantelan [dina sabagian kabuyutan aya lingga nu bisa nangtung sorangan ku doa nu nyimpenna bari teu dihalangan atawa teu dicecebkeun (ngangkang) nepi ka ayeuna ajeg]. Tangtungan na geus teu kakait tikait kana ruruntuk dunya sabudeureunana. Tah matak kanu boga kahayang kudu madep ka lingga ameh siga lingga nangtung ajeg satangtungna. Lain hayang bisa nantung ajeg dina hirup hurip?? IV Ngeunaan Pagawean di Masjid/imah Geus ditatanyakeun.... Salah sahiji pagawean/ibadah utama di masjid jeung di mana wae keur muslimin mah nyatana shalat, hiji tata cara nu geus puguh waktu jeungprak-prakanana, salah sahiji nu wajib dilakukeun dina shalat teh nyaeta maca Alfatihah bari NANGTUNG, dina shalat tara maca alfatihah salian ti keur nangtung jeung teu sah shalatna mun alfatihah teu dibaca. Dina bacaan alfatihah aya ihdinashirathal mustaqim ayat nu hartina geus umum disebut neneda ditiduhkeun kana jalan nu lempeng tur bener. Urang jujut harti kecap mustakim tina pamanggih nurutkeun jaman jeung nurutkeun alam Kumaha tina sisi alam keur jelema (jaman maksudna jaman ayeuna jaman baheula jaman jaga jaman revolusi jaman reformasi horizontal; alam maksudna alam lahir alam batin alam pikir alam rasa alam yakin alam mangmang jrrd-vertikal dina tangtung) Tina sisi jaman... Hartina neneda supaya ti mimiti ngadoa nepi ka paeh/ahir hirup asup jalan (hirup) nu lempeng tur bener. Ngan,....Lamun terus ditatanyakeun nu kumaha nu lempeng tur bener teh lolobana tara meunang jawaban pondok kalan kalan sok ngabuntut bangkong, malah aya nu kieu ngajawabna ani budzuuni haada ibadah weh ka Rabb maneh (Yaasin, 61). Kumaha ibadah teh? turut we papagon agama.... dina papagon agama aya (kudu) shalat, dina shalat (kudu) maca alftihah nu eusina maca/neneda ihdinasirathal mustaqim. he...he..he..he..... ceukeng teh (ngan wani dina hate...tara terus tatanya mah sieun disebut mahiwal...leuheung basa nu ditanya bijaksana orokaya mun nanya ka kyai janggotna mungkul jeung disorban mungkul meureun dianggap calutak teu turut ahli masjid): geus migawe papagon agama (shalat) masih keneh menta dituduhkeun kana mustaqim, nu kumaha mustaqim teh? Ceuk Yaasin 61 ibadah ka Rabb maneh....balik deui ka luhur ....mana tiheula mana mimiti? Mana hasil mana usaha?. Atanapi pamendak Prof. Quraish Shihab saurna jalan mustaqim teh jalan nu mawa kana kebahagiaan dunia dan akhirat (hal 54). Lamun diteraskeun, nu kumaha?....ahir jawabanna ...mangga teraskeun ku nu maca] ---- Tina sisi alam, ..... Urang jujut hartina dina harti asal (seratan Prof. Qurais Shihab tafsir Alquran al karim, tiasa janten rujukan): Ihdina hartina tuduh (neneda dituduhkeun), Shirath: harti ka hiji neureuy, nu ka dua: Jalan nu gede; Mustaqim tina qiyam: ngandelkeun bitis sorangan kalawan temen nepikeun ka bisa nangtung ajeg (nangtung enya-enya/bener) (ahirna saur ieu ahli tafsir teh mustaqim dihartoskeun ku lempeng/bener). Harti ihdinasirathal mustaqim dina ulikan tangtung (make harti asal kecap) maksudna nu shalat neneda dituduhkeun (kalawan dianteurna/hidayat) supaya (asup (kateureuy) kana alam/maqam nu) bisa nangtung sorangan (mandiri, menceger, teu gumantung kanu lian). Jadi salila shalat teh nya neneda sapanjang jaman saluhur alam teh hayang bisa nangtung ajeg sorangan bari ditarekahan awak-awakan ge ajeg nangtung. JADI.....JADI.... Di masjid/di imah/di tempat nu suci, Nu shalat neneda ka Nu Murbeng Alam supaya hasil maksud bisa nangtung sorangan mandiri meunang kabagjaan lahir batin dunya aherat teu gumantung ka nu lian bari awakna sorangan Nangtung ajeg (hakekat Alif). Dikepetan neneda...Ihdinashiratal mustaqim. Dikabuyutan nyatana tempat suci Nu madep neneda ka nu Murbeng Alam supaya hasil maksud meunang kanimatan lahir batin dunya aherat bari nyangharepan kana batu satangtung ameh nu ngadoa kaberkahan (sing) jadi nangtung ajeg sorangan teu gumantung ka nu lian ....ku dibarengan loba loba ngahadiahan luluhur nu eusina neneda ihdinashiratalmustaqim. Nu hiji.... make awakna nu nangtung satangtung-na kawas lingga dikepetan ku wa anna minal muslimin (aslamtu) jeung ngan madep ka Allah (laa syarikallahu jst). Dikamudi ku neneda mustaqim. .....Nu hiji deui mah... Make batu madep hareupeun nu nangtung satangtung-na, dikepetan supaya tangtungan nangtung. awakna sila (sila keur ahli ngulik kasundaan mah maehan nafsu pribadina supaya tumaninah bisa aslamtu madep ka Allah). Komo ditambahan ayeuna ku hadiahan neneda mustaqim. V Euleuh geuning sarua?!....ka kabuyutan jeung ka masjid da shalat jeung madep kana linggga hiji sumanget nu sarua!... Tapi,.... Ku kitu teh euy...masih keneh can puas hate....sabab nya keun bae lah sarua mah...sukur we. Tapi ari sarua mah naha bet kudu migawe dua-dua geus we hiji, kamasjid cukup shalat, atawa kakabuyutan we tuluy. Keur naon teu efisien lah komo ayeuna loba tingalieun loba gaweun loba bukakeuneun. Jeung deui wah bisa wae....eta mah di kirata di kira-kira supaya nyata supaya akur...ceuk paribasa ge jengkol aya usumna ekol mah euweuh. Komo deui euy... saalus-alusna teori teh ...lamun aya buktina aya hasilna aya karasana...cik kumaha hasilna???? Kumaha nyatana??? Boh ka masjid shalat boh ka kabuyutan madep ka lingga?? === Bagian saterasna ngeunaan ulikan rasa jeung kanyataan tangtung waleran tina patarosan diluhur urang kintunkeun upami pareng. Baktosna Eddy Nugraha __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> You can search right from your browser? It's easy and it's free. See how. http://us.click.yahoo.com/_7bhrC/NGxNAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
