Poe minggu 13 mei 2006, kamari diajakan ku Mang Eman
Sulaeman salah sawios hiji sesepuh kota bogor, nya ari
acarana teh di buruan RRI Bogor. Eta acarana teh
ngeunaan Barudak Bogor Bangkit untuk Indonesia,
mengembalikan jati diri pemuda sunda. Ieu acara teh
diluluguan ku Damas Bogor, Forum Komunikasi Osis
Bogor, BEM sa bogor. Teu hilap ieu acara oge di
dongkapan ku Kepala RRI Bogor, Wakil Bidang Informasi
dan Komunikasi Pemda Kota Bogor, Ahli Psikologi,
Pimpinan Gumati Cafe jeung Mang Eman salaku budayawan
bogor. Ieu acara teh pikeun barudak SMP, jeung SMA sa
bogor, nu eusina ngeunaan kumaha sih jati diri barudak
bogor teh salaku penerus generasi kahareup. Nu matak
di pikaresep ku barudak teh basa ditanya naon sih ari
hartosna bogor teh, saur Mang Eman teh ari bogor teh
hartina tunggul kawung nya barudak euweuh nu nyahoeun
ari tunggul kawung teh naon, tapi dijentreken deui ku
Mang Eman teh yen ari tunggul kawung teh pohon aren
matakna baheula loba jasa tangkal aren di bogor teh
tuluy weh aya wewengkon pada aren anu tempatna teh di
daerah kebon raya bogor, tah mun urang ka eta KBR teh
didinya aya tangkal kaktus, nya baheula didinya
padaren teh. Jeung deui kuring reus ingeut basa
ngaprak jeung kang hendra, kang dudi ka KBR eta cenah
dina hiji buku buhun nyaeta Kidung Pajajaran , didinya
aya makam na Surawisesa, jeung Subang Larang. Nya basa
kadinya ge tetela ngan aya hungkul batu (menhir)di eta
KBR teh. Balik deui ka riungan tadi aya hiji patarosan
ti hiji pangusaha bogor cenah mah nu bogaan Gumati
Cafe. Manehna basa nanya ka Damas , naon seh ari gawe
damas teh, jeung manehna teu nyaho pisan pagawean
Damas teh naon. Jeung deui manehna nanya deui ari
dibogor aya tempat kasenian, tah cenah manehna nyarios
mun dibandingkeun jeung bali kasenian diditu mah
leuwih maju komo deui barudak ngorana. Naha enya di
bogor kasenian teh euweuh , panginteun manehna kurung
batok , basa kuring udar ider ka hiji wewengkon di
bogor teu tetela didinya tos aya hiji padepokan
kasenian,. Nu matak kuring reueus teh ti budak SD
nepikeun ka SMA loba nu diajar di eta padepokan teh
nya ari tempatna mah teu teubih ti bumina Apih Sidik,
jeung eta barudak mojhang jeung jajaka teh kangtos
mitonkeun maangrupa kasenian di acarana Seren Taun di
Sindang Barang tea sareung kangtos ngisian Acara
Kesenian di TMII. Tah hiji deui patarosan ti eta
pangusaha teh ngeunaan Damas naha enya Damas teh
euweuh gawe na, kuring saanajan lain urang damas ge da
ngarasa pernah ningali barudak damas ngisian acara
Milang Kalana Kota Bogor basa eta mun teu lepat ge
Damas teh salaku panitia Diskusi ngeunaan Bogor nu
ngadatangkeun Budayawan Sunda Kang Anis Jati Sunda,
Sejarahwan Bogor Mang Eman Sulaeman, Pakar Arkeologi
Pa Uka, tah ieu kanggo waleran kanggo Pangusaha ti
bogor tea, tapi kuring ge sok ngahanjakeulkeun ka
damas teh basa eta acara ge naha geuning seuseur nu
nyarios “Malayu” jeung deui kuring sok
disebat mas (jadi ingeut ka mang jamal) dan kuring mah
ngarana lain thomas komo deui dimas.
(beusi sabla kaba-kaba, hanteu niti tali paranti,
beusi miceuk marineus, meuceuk geuleuh meceuk keumeuh
atuh pangnyingraykeun bae nyah)

Pun Yayan
http://.serentaunsbr.multiply.com
www.geocities.com/kampungsunda


Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com 

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Protect your PC from spy ware with award winning anti spy technology. It's free.
http://us.click.yahoo.com/97bhrC/LGxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke