Baraya,

Hampura lamun ieu posting duplikasi jeung reply kana salah sahiji posting di
milist urangsunda. Di dieu posting dibalikan deui kalawan sababaraha
tambahan....Nyanggakeun:

------

Miceun runtah kalayan cara dikubur di TPA, eta ukur mereskeun masalah
sawatara waktu. Ku sabab anu dumuk di Tatar Sunda, khususna Bandung, baris
terus nambahan, boh ku reundeuyna katurunan atawa anu daratang ka Bandung,
hiji waktu TPA anu anyar oge baris pinuh. Hal ieu kaalaman ku TPA Dago,
Pasir Impun, jeung Leuwi Gajah. Bisa jadi, lamun nyieun TPA-na teu bener,
kajadian musibah Leuwi Gajah kaalaman deui.

Bahaya sejen nyimpen runtah di TPA nyaeta kokotor tina runtah asup kana
taneuh ngotoran cai taneuh. Leuwih bahaya, lamun TPA samodel kitu aya di
tempat luhur jeung dina batuan anu carang (porous) siga batukeusik atawa
batu kapur di Tagogapu-Citatah. Bahaya pisan keur cai taneuh di masyarakat
di wewengkon sahandapeunana.

Ngokolakeun runtah kalawan diduruk oge teu pati hade. Salian ti boros bahan
bakar, hartina boros beaya, oga aya kamungkinan haseupna ngotoran lingkungan
hawa anu ku urang diperlukeun. Ngokolakeun runtah jadi kompos oge teu pati
hasil jeung memang sacara konsep oge kompos teh masih nyesakeun masalah:
hargana kawilang mahal (ongkos produksi masih gede) oge ongkos angkutna
masih mahal, jeung dangongna teu pati dipikaresep ku patani. Patani leuwih
milih gemuk kandang tinimbang kompos.

Ngongokalakeun runtah anu luyu jeung implengan miara lingkungan jeung
sinergi ngaronjatkeun dunya tatanen, taya lian ti misahkeun runtah organik
tina runtah an organik sarta ngarobah runtah organik jadi gemuk NPK super
(lain kompos, da kompos mah masih nyesakeun masalah). Konsep ngokolakeun
runtah sarupa anu akhir ieu, mawa kauntungan mangrupa runtah beak unggal poe
kaserep ku pabrik, dihasilkeun gemuk NPK -organik super (nya kumplit
sakumaha kaperluan pepelakan jeung murah) oge kauntungan sejenna (runtah an
organik keur "pemulung", jrrd).

Nyakseni sorangan, proposal ngokolakeujn runtah siga anu bieu diguar geus
kungsi katarima ku panangan pucuk pamimpinan/ pamarentaha pangluhurna di
Jawa Barat. Oge kungsi katarima malah dibahas sagala rupa ku isntansi anu
boga wewenang dina urusan lingkungan di Jabar. Hiji konsep anu geus aya
rancangan prak-prakanana jeung balitungan kapantesan usahana buah karya
urang Sunda pituin.

Hanjakal, sigana malati can lingsir ku wanci, campaka can ligar na mangsa,
can kaparengkeun. Keun sugan ka hareup.

Ka para wargi anu aya minta ngusahakeun atawa ngarojong ieu rencana
ngokolakeun runtah, mangga pariosan wae posting-posting sim kuring dina
jejer sawanda di milist-milist [email protected] atawa
[email protected] . Atuh bilih aya a u peryogi ku conto proposalna
(anu dilengkepan ku konsep, contoh gambar-gambar prototipe mesin, jeung
analisis biaya), mangga japri wae ka si kuring. Sagigireun ti eta,
nyuhunkeun pidu'a ti sadaya, rehna aya ti kalangan Pamarentah anu haat bade
ngulem sepuh anu nyiptakeun ieu rarancang ngokolakeun runtah jadi gemuk NPK
super, akhir bulan ieu duka awal bulan hareup.

cag.
baktos,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Home is just a click away.  Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/DHchtC/3FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke