Wilujeng wengi Teh Ana,

Kenging ngiringan? komentar sareng sababaraha catetan singget wae:

1) Ieu seratan salira anu tiasa kaetang peta intropeksi diri, kalintang
ageung ajenna. Langkung ageung deui ajenna, upama diteraskeun ku lengkah
kongkret lajuninglakuna (follow up-na). Upamana wae, lengkah revitalisasi
budaya anu diperlukeun pikeun transformasi budaya Sunda anu ku salira
dikritisi

2) Ti bangsa Israel/Yahudi memang seueur pulunganeunana. Namung enas-enasna
ajen-inajen anu dicepeng ku maranehna asana lain turutaneun.

Dina lebah konsep, sakumaha anu diserat ku Max I. Dimont, salah saurang
penulis sajarah kondang katompernakeun ayeuna, bangsa Yahudi, memang aya
pulunganeun anu kalintang ageung ajenna. Dina buku "Jew, God and History",
Dimont ngasongkeun cara anyar enggoning diajar sajarah. Ceuk inyana, anu
penting dina ngimeutan sajarah teh taya lian ti falsafah sajarah. Yen,
sakumaha basajanna hiji bangsa anu kungsi kacaturkeun dina waktu jeung
rohangan sajarah, sok komo lamun masih keneh aya dikieuna, tangtu eta bangsa
teh mibanda ajen-inajen poko cecekelan hirupna. Upama ieu ajen-inajen poko
teh leuleus dina ngigelan jeung ngigeklkeun jaman, tangtu eta bangsa mibanda
kasempetan pikeun hudang tur ngarebut kajayaanana deui.

Ceuk panoong si kuring, dina sababaraha bagian, ajen inajen anu dicekel ku
bangsa Yahudi ayeuna memang kaasup leuleus. Ngan, lamun
ditoong sagemblengna, rada rapuh alias moal pililaeun. Anu moal pililaeun
teh eta lebah ngahalalkeun sagala cara-dapon rasional - pikeun ....teu aya
lian, ngadegkeun deui cita-cita zion maranehna: nagara Israel. Bukti-bukti
pikeun hal ieu geus sakitu ngaleuyahna, teu kudu diguar deui di dieu.
Kukituna, kusabab ajen-inajen anu ayeuna dicekel teh papalimpangan jeung
rasa kamanusaan, mangka geus tangtu hal eta lain ajen-inajen anu leuleus
keur saterusna.

3) Lebah dongeng rakyat Sunda, sakadang Peucang jeung sajabana, diulah-ulah
ge eta titinggal budaya anu realitasna aya di masyarakat. Ieu hal anu kaasup
ajen-inajen budaya teh nya kari diropea wae, atawa direvitalisasi tea. Lain
ari ajen-inajen budaya teh teu jumud? Aya anu kudu di-delet, di-fill in
atawa ditransformasikeun. Anu penting ayeuna, taya lian ti revitalisasi
budaya tea. Hiji lengkah anu sok mindeng disebut balik deui ka budaya
sorangan teh enas-enasna ngandung 3 lengkah. Anu kahiji: neuleuman ajen-ajen
budaya kalawan anteb nepi ka kacangking pamahaman anu jero. Kaduan,
sosialisai jeung ngarencanakeun kahirupan masyarakat dumasar ajen-ajen
inajen anu geus kacekel jero-jerona sacara babarengan. Anu katilu:
ngawujudkeun kreativitas budaya pikeun ngawujudkeun lengkah kahiji jeung
kadua. Balik deui kana budaya sorangan enas-enasna mah taya lian ti
kreativitas budaya tea.

4) Lebah kapercayaan ka luluhur anu can tangtu bener di Sunda, asana lain di
Sunda wae. Bangsa Yahudi anu ku salira dicarioskeun oge lain ngabogaan
"tahayul-tahayul" model karajaan-karajaan Sunda? Eta lain anu samodel "batu
ratapan", jeung sagala rupa anu pakait jeung "dongeng" kudu baralik deui ka
Palestin, apan ceuk bangsa anu lian mah eta teh hongdul wae, alias nya
bohong nya wadul, sanes? Kukituna, dina nyanghareupan hal-hal sarupa kieu,
lengkah revitalisasi -balik deui - diperlukeun kacida. Hayu atuh, urang
kotektak wae naon sabenerna ajen-inajen anu bisa digunakeun pikeun ngigelan
jeung ngigelkeujn jaman tina "dongeng-dongeng" raja jeung karajaan Sunda
teh. Upama langsung nyokot lengkah "radikal", ngamomore "kapercayaan" anu
nyampak di masyarakat, tangtu lain lengkah anu hade. Sabab baris pagedrug.
Mmang, diperlukeun lengkah anu lantif dina usaha transformasi budaya teh,
kaasup transformasi budaya Sunda.

5) Asana, lengkah bangsa Cina leuwih pikabitaeun pikeun diturutan, sok
sanajan, sarua ieu oge, teu sagemblengna buleud. Bangsa Cina, anu lain
cokoteunana, eta sigana, ngamumusti teuing kana rajakaya nepi ka sagala rupa
dihalalkeun. Anapon anu hade ti bangsa Cina diantarana: rajin, giat jeun
soson dina digawe, tur teu gampang putus asa. Lebah dieu, anu tinggalkeuneun
/anu dipahing pisan ulah dilakonan di Sunda nyaeta, diantarana: pundungan,
humandeura, kukulutus, jeung babarian.

cag heula,
baktos,
manAR




On 5/20/06, ana kristiana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>  Wilujeng wengi Jang Ono,
>
> Orang sunda ti leuleutik geus diajarkeun bohong, wadul, cheating atawa
> tukang tipu, sabab tileuleutik geus dibere dongeng peucang nu licik, anu
> gawena nipu, akibatna seueur urang sunda loba ngimpi, gawe hayang ngeunah
> (sautik) gawe bari hasil hayang mokaha, malahmah hayangna dibere wae, tah
> ieu kabawa nepi kagede, komo lamun geus jadi inohong beuki mokaha, korupsi
> digedekeun, kitu oge hayangna dibere kurakyat (persis baramaen), etawe
> contona anggauta DPR pelesir dibayaran ku rakyat (teu matut pisan), atuh
> lamun ngahutang sok ngajeblug.
>
> Tah impian ieu oge kabawa kapendidikan, orang sunda lamun hayang sakola
> luhur teu boga duit lumpatna ngajual sawah (lain ngajual hasil sawahna),
> bedakeun jeung orang China atawa yahudi, lamun teu boga duit, manehna
> ngabelaan kuli ari (kerja keras) jadi naon wae.
>
> Impian sakadang peucang ieu terus kabawa ku kebanyakan urang sunda,
> matakna loba urang sunda daya nalarna jadi rendah, etawe contona loba nu
> katipu ku investasi semu (masih emut di pertanian di sukabumi),  oge loba
> urang sunda ngilu-ngilu multi level marketing anu jelas-jelas bisnis teu
> asup akal (unsur cheating na jelas), komo kunu sok ngagandakeun duitmah,
> orang sundamah makanan empuk.
>
> Kitu deui loba dongeng bohong anu diajarkeun kabarudak, anu ngajadikeun
> agul ku payung butut, sok we dicaritakeun sajarah sunda nu aheng contona
> pajajaran, atawa karajaan galuh pakuan atawa sumedang larang jeung sajabana,
> padahal eta karajaan sabenerna kerajaan anu laleutik anu euweuh urut-urutna
> acan,  paling ditunjukan candi cangkuang, anu ukuranana mah paling urut
> parukuyan atawa siduru. Sok bandingkeun jeung Majapahit atawa Babilonia
> atawa Macedonia (The graet Alexander)anu dibutkikeun ku fakta sejarah anu
> nyata, kakuasaan nepi kamana, komo contona Mesir-mah nepi ka ayeuna masih
> aya patilasanana (Piramid), tah lucuna kolot-kolot baheula asa agul
> ngadongengkeunana malah kungsi aya anu bisa jadi profesor sagala. Lamun
> bener-mah urang sunda pinter sajarah sok atuh paluruh anu bener ieu sejarah
> supaya ulah jadi dongeng, anu aheng deui hiji ngaran rajana dipakai simbul
> deuih.
>
>
> Tong kagetnya, lamun urang sunda teu merobah pola pikir, dina sapuluh
> atawa dua puluh tahun deui pas pemilihan kepla daerah Jawabarat pemenangnya
> Mr. Lee Chin Chau kelahiran Purwakarta ............. Lihat walaupun dia
> etnis China, tapi dia lahir dan dibesarkan di Purwakarta, punya hak yang
> sama menjadi apapun di Jawabarat, dan dia akan didukung oleh China seluruh
> dunia.
>
> Atuh salejengna ditutup ku oleh-oleh ti teteh, tong seuseur teuing maos  
> mangle,
> Galura, Gala atanapi PR, moal nambihan pinter, sok tambihan sumber
> informasina ku  CNN jeung sajabana, atuh saena-na upami muka internet,
> lebet kana situs ilmu pengetahuan, supados pola pikir urang tiasa ngumbara,
> ulah situ VIVID anu dibukana-nya.
>
>
>
>
> Wass
> ANA.
>
> Kang Ono, anu kasep ulah bendunya, hapunten teh Ana anu geulis tea.
>
> Atuh upami akang nuju didamel di IKPT bagian teknikna sing leres-leresnya,
> siapa tahu nanti diperlukan untuk membangun Bandung, kalau bagian
> adminitrasinya mungkin di Bandung juga yang masih menganggur berlebihan.
>
> [EMAIL PROTECTED] wrote:
>
>
> Kahatur Teh Ana anu nuju ngumbara....
>
> Abdi ngaraos reueus ngagaduhan baraya pinter jiga Teh Ana. Sok atuh enggal
> mulang deui ka Bandung, ka lemah cai Teh Ana. Geura baktoskeun eta elmu
> pangaweruh Teteh pikeun kahirupan tur kahuripan lemah cai. Pami Teh Ana di
> pangumbaraan nuju nyukruk elmu nyiar pangarti, diduakeun ku Abdi sing
> kenging anu munel, nu tiasa diaplikasikeun, henteu ngawang-ngawang. Sakali
> deui, poma Teh Ana tong hilap lemah cai nuju ngantosan pangabaktosna....!!!
>
>
> Cag ah...
>
>
>  ------------------------------
> How low will we go? Check out Yahoo! Messenger's low PC-to-Phone call
> rates.
>
> Komunitas Urang Sunda --> 
> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
>
>
>
>
> SPONSORED LINKS
>   Corporate 
> culture<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Corporate+culture&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=XebwzVpdTm8GSy8GvWnc_g>
>  Business
> culture of 
> china<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Business+culture+of+china&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=e4aS0tTbDmoOM-2OJzrJyw>
>  Organizational
> culture<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Organizational+culture&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=b0TqcVMvhB-a0EgixFvFsw>
>   Organizational
> culture 
> change<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Organizational+culture+change&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=Z8hBTiWD2XdK93YM2Ng0uw>
>  Organizational
> culture 
> assessment<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Organizational+culture+assessment&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=0oDQvHXUEKLGPnUe3OQ8uw>
>  Jewish
> culture<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Jewish+culture&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=K0DLpHFrAHyulw_DW5oA8A>
>  ------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS
>
>
>    -  Visit your group "urangsunda<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda>"
>    on the web.
>
>    -  To unsubscribe from this group, send an email to:
>     [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]>
>
>    -  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
>    Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>.
>
>
>  ------------------------------
> <http://us.rd.yahoo.com/mail_us/taglines/postman8/*http://us.rd.yahoo.com/evt=39663/*http://voice.yahoo.com>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Everything you need is one click away.  Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/AHchtC/4FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke