(laporan pandangan mata basa kuring ka sindang barang)
ahung ahung ahung ahung , guru iman guru putih 

iman putih lalakina nuhun di ijabna bubuana dipareng 

ku rarangtapa hanceuk cihaliwung cihaliwung 

nyakiduleun cisadane nyakaler belah cipakancilan 

nunjah ka salengpakujanohong kasalehgohgowong 

kamuara tongjawa miguru ka ujung guru ujung guru 

para bukit para bukit di garwangi mandala sura dipati 

arindit aringah kasangiang padungkukan  pakuan 

pakudiranca cag poe ieu peuting ieu  ....

tah eta teh salah sahiji rajah pamuka anu di 

pitonkeun basa kuring miluan lalajoa sakalian 

digitalisasi pantun beton. Nya ka SBR mah kuirng 

mineung pisan , nya harita teh papanggih deui jeung 

kang mumu, kang didit ti UI lumayan ti kang mumu 

mah menang elmu samester kuliah singkat tulisan 

sunda (nuhun kang mumu), balik deui ka pantun, 

pantun nu di pitonkuen di SBR teh salah sahiji pantun 

modern , kunaon disebat pantun modern da mun ceuk 

kuring bandingkeun jeung pantun buhun sapertos 

pantun parenggong jaya salahsawios pantun nu 

dipintoenkuen oge di SBR basa seren taun di sindang 

barang , padumukan na mah cakeut pisan jeung 

bumina apih sidik,ieu pantun benton mah to dilebetan 

alat-alat instrumen nu lianna sapertos biola, kendang 

jeung goong. Beda deui jeung pantun buhun ari 

pantun buhun mah ngan kacapi hungkul. dinu sisi nu 

lain ari pantun buhun mah nu mantun na ngan 

saurang jeung deui galur caritana teh matak 

pikabosenunen nu ngadenge .. nya monoton ceuk 

basa kerenna tapi mun pantun buhun mah nu 

mitonkeun na leuwih ti dua urang sabab aya nu 

bagian ngaruatna, aya nu bagian ngaggoong na, 

ngendang na nembang na jeung biasana nu 

nembangna awewe, tuluy deui galur carita teh 

samodel wayang golek. Tah mueren aya patarosan 

naon cenah sok aya rajah pamuka, rajah pamunah , 

beluk, tah eta mah tiasa di tinggal weh di 

ensiklopedia sunda .

Ari judul cariosan nu dipitonkuen ku abah kanceng
(juru pantun) basa di SBR teh nyatea lalakon
SILIWANGI, saurna pupuhu eta pantun siliwangi teh ngan
abah kanceng hungkul nu tiasa, ieu di bogor , duka tah
mun satatar sunda masih aya keneh kitu, nya mun tea
mah geus titik kritis. Tah ari singketna eta pantun
teh nyaritakuen ngeunaan naon hubungananan gunung
salak jeung gunung gede, hartina bogor versi pantun
bogor, nyaritakeun oge saha-saha wae garwana Perbu
Siliwangi, jeung anakna ,tuluy nyaritakuen oge
walangsungsang ngalalana  nepikeun ka gunung merapi
papanggih jeung nu jajagana, jeung papanggih deui
jeung jajagana gunung hejo sakembaran, papanggih deui
jeunh jajaganan gunung haliwung, jeug jajagana gunung
tangkuban parahu.Ari nu lengkepna mah antosan weh ka
kang hendra nuju digitalisasina.
pun yayan

hatur nuhun
(beusi sabla kaba-kaba, hanteu niti tali paranti,
beusi miceuk marineus, meuceuk geuleuh meceuk keumeuh
atuh pangnyingraykeun bae nyah)
http://.serentaunsbr.multiply.com
www.geocities.com/kampungsunda


Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com 

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
You can search right from your browser? It's easy and it's free.  See how.
http://us.click.yahoo.com/_7bhrC/NGxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke