Sampurasun teh Ana, Kang Oman baraya Haturan baraya bade ngiringan ngawangkong, asal ateul letah lamun teu ilibiung ngacaprak di milis.
Ngabandingkeun urang sunda jeung urang Cina , Yahudi Arab anu dikritisi ku teh Ana asa akalna di pihak nu lian urang sunda. urang Yahudi teh ka asup etnis teu boga wilayah anu geus rewuan tahun jadi budak urang Agypt. Nyaritakeun urang Yahudi jeung Cina asa ngagedekeun maranehna anu sok agul dina kapinteranana. Da aya nyatana di pake ilmuna disagala widang, contona Ein Stein nu nyiptakeun teori Bom Atum nu uji cobana di ledakeun di Nagasaki jeung Hirosima Jepang. Padahal Yahudi teh jumlah pendudukna loba keneh urang sunda. Maranehna urang Yahudi pinter da ku usaha tea tos peurih jadi budak belian nu rewuan taun di ingu ku Nu Ngaku dirina Pangawasa Agypt raja Fero / Fir'aun ( punten salah spelling edit wae baraya). Ayeuna boga nagara nu ngaku hak taneuh Palestina jadi nagara Islrael ti 1948, ieu aya usaha ti sagala jurus urang Yahudi anu diajar / ngelmu ti sagala rupa budaya bangsa di dunia nu ngumpul jadi Isreal ayeuna. Maranehna rukun sadunia dimana wae, sarua jiga urang Cina gotong royong sasama Cina perantauan nu di bantu di Taiwan jeung Bejing, kitu oge Jepang nu pinter ngopi sagala IPTEK ti Eropa di Jepangkeun dijual produkna ka urang sunda. Kumaha urang sunda geus RUKUN ACAN dina metakeun sagala ilmuna, oge budayana anu seu'eur tahayul ceunah, ngimpi nalarna, meureun RUKUN dina pundungan, humandeura, kukulutus, jeung babarian. Urang sunda euweuh bukti piramid jiga Agypt, Piramid jiga di Astek Amerika, temple Yahudi anu di puja bari ngagedorkeun hulu, Eleh ku urang Jawa bisa ngieun Borobudur padahal ceunah Jawa teh asal na Sunda oge. Majapahit didirikeun ku Raden Wijaya urang sunda, maranehna urang Jawa asal usulna urang sunda oge. Sribaduga PS anu dijadikeun simbol nyaangan urang sunda kasagala rupa budaya urang sunda ayeuna , mangrupa titinggal PS. Dina mitos yen istana di Bogor "disabda jadi hutan" terus sa kabeh menteri jeung prajuritna ngajadi MAUNG. Keun wae ingu ieu lagenda teh ameh HIRUP di tatar sunda. Bandingkeun ku Hitler di Jerman nyokot simbol Swastikana lain ti Jerman tapi ti TIBET, anu jadi Jerman IPTEKna super cangih. Meureun urang sundamah KERIS /KUJANG nu jadi simbol power urang sunda engke di widang teknologi. Sok rukunkeun pangaweruh IPTEK urang sunda entong nurutan jadi "rukun" nu korupsi . Rukun diwidang budaya sunda jeung IPTEK. Nu laleutik di rawu dihijikeun sa sunda. Budaya sunda moal leungit enya oge IPTEK ngaleuwihan urang USA. Maenya teu inget falsafah manuscrip sunda nu tos buktos abad 2 nu loba hartina di jaman ayeuna eta hurup TJ, NY, NG hartikeun ka jaman ayeuna tong ningali ka jaman Galuh, Pajajaran nu heubeul. Urang sunda ulah diajar belegug dina ngahartikeun eta HURUP nu HIRUP dijaman 2006. Ieu titinggal urang sunda nu sa enyana, ngabandingkeun jeung urang India nu hindu jeung budha lalampahanana jadi candi tina hurup oge anu loba simbul-simbulna, oge di Agypt oge tina gambar / simbul hurup aslina nu aya piramid ayeuna, di Astek nu jadi piramid oge tina simbul hurup / manuscrip maranehna. Cina oge aya hurup nu loba falsafahna oge boga piramid, Jawa / sunda aya borobudur, prambanan, cankuang, ceuk uarng jawa kuring teh asalna ti sunda. Sunda ayeuna nu rukun ku ngimpi. males jeung sajabana nu negatip nu can puguh (entong digedekeun teuing etamah ibarat boga panyakit kanker, hartina panyakit korupsi nya di ubaran wae ku ilmu "bui" lamun enya eta demokrasi hukumna pangawasa rahayat lain miara feodal. Ari bukti urang sunda atos boga nyatana wangunan Gunung Tangkuban Parahu nu di tajong ku Sang Kuriang. Ngan ceunah ceuk kuring erek bitu ngiluan Gunung Merapi di Jogya da eta tos ka oyag ku lini jiga T sunami. Piramid urang sunda jadi gunung nu mere kasuburan keur urang sunda jiganamah erek barararitu. Harti lainna urang sunda kudu ngawangun eta gunung -gunung ameh jadi Piramid jiga di Agyp, Astek, Cina jeung temple Yahudi di Palestina. punteh ah rada amburadul tutulisanana cag ah yan nyc --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Wilujeng wengi Teh Ana, > > Kenging ngiringan? komentar sareng sababaraha > catetan singget wae: > > 1) Ieu seratan salira anu tiasa kaetang peta > intropeksi diri, kalintang > ageung ajenna. Langkung ageung deui ajenna, upama > diteraskeun ku lengkah > kongkret lajuninglakuna (follow up-na). Upamana wae, > lengkah revitalisasi > budaya anu diperlukeun pikeun transformasi budaya > Sunda anu ku salira > dikritisi > > 2) Ti bangsa Israel/Yahudi memang seueur > pulunganeunana. Namung enas-enasna > ajen-inajen anu dicepeng ku maranehna asana lain > turutaneun. > > Dina lebah konsep, sakumaha anu diserat ku Max I. > Dimont, salah saurang > penulis sajarah kondang katompernakeun ayeuna, > bangsa Yahudi, memang aya > pulunganeun anu kalintang ageung ajenna. Dina buku > "Jew, God and History", > Dimont ngasongkeun cara anyar enggoning diajar > sajarah. Ceuk inyana, anu > penting dina ngimeutan sajarah teh taya lian ti > falsafah sajarah. Yen, > sakumaha basajanna hiji bangsa anu kungsi > kacaturkeun dina waktu jeung > rohangan sajarah, sok komo lamun masih keneh aya > dikieuna, tangtu eta bangsa > teh mibanda ajen-inajen poko cecekelan hirupna. > Upama ieu ajen-inajen poko > teh leuleus dina ngigelan jeung ngigeklkeun jaman, > tangtu eta bangsa mibanda > kasempetan pikeun hudang tur ngarebut kajayaanana > deui. > > Ceuk panoong si kuring, dina sababaraha bagian, ajen > inajen anu dicekel ku > bangsa Yahudi ayeuna memang kaasup leuleus. Ngan, > lamun > ditoong sagemblengna, rada rapuh alias moal > pililaeun. Anu moal pililaeun > teh eta lebah ngahalalkeun sagala cara-dapon > rasional - pikeun ....teu aya > lian, ngadegkeun deui cita-cita zion maranehna: > nagara Israel. Bukti-bukti > pikeun hal ieu geus sakitu ngaleuyahna, teu kudu > diguar deui di dieu. > Kukituna, kusabab ajen-inajen anu ayeuna dicekel teh > papalimpangan jeung > rasa kamanusaan, mangka geus tangtu hal eta lain > ajen-inajen anu leuleus > keur saterusna. > > 3) Lebah dongeng rakyat Sunda, sakadang Peucang > jeung sajabana, diulah-ulah > ge eta titinggal budaya anu realitasna aya di > masyarakat. Ieu hal anu kaasup > ajen-inajen budaya teh nya kari diropea wae, atawa > direvitalisasi tea. Lain > ari ajen-inajen budaya teh teu jumud? Aya anu kudu > di-delet, di-fill in > atawa ditransformasikeun. Anu penting ayeuna, taya > lian ti revitalisasi > budaya tea. Hiji lengkah anu sok mindeng disebut > balik deui ka budaya > sorangan teh enas-enasna ngandung 3 lengkah. Anu > kahiji: neuleuman ajen-ajen > budaya kalawan anteb nepi ka kacangking pamahaman > anu jero. Kaduan, > sosialisai jeung ngarencanakeun kahirupan masyarakat > dumasar ajen-ajen > inajen anu geus kacekel jero-jerona sacara > babarengan. Anu katilu: > ngawujudkeun kreativitas budaya pikeun ngawujudkeun > lengkah kahiji jeung > kadua. Balik deui kana budaya sorangan enas-enasna > mah taya lian ti > kreativitas budaya tea. > > 4) Lebah kapercayaan ka luluhur anu can tangtu bener > di Sunda, asana lain di > Sunda wae. Bangsa Yahudi anu ku salira dicarioskeun > oge lain ngabogaan > "tahayul-tahayul" model karajaan-karajaan Sunda? Eta > lain anu samodel "batu > ratapan", jeung sagala rupa anu pakait jeung > "dongeng" kudu baralik deui ka > Palestin, apan ceuk bangsa anu lian mah eta teh > hongdul wae, alias nya > bohong nya wadul, sanes? Kukituna, dina > nyanghareupan hal-hal sarupa kieu, > lengkah revitalisasi -balik deui - diperlukeun > kacida. Hayu atuh, urang > kotektak wae naon sabenerna ajen-inajen anu bisa > digunakeun pikeun ngigelan > jeung ngigelkeujn jaman tina "dongeng-dongeng" raja > jeung karajaan Sunda > teh. Upama langsung nyokot lengkah "radikal", > ngamomore "kapercayaan" anu > nyampak di masyarakat, tangtu lain lengkah anu hade. > Sabab baris pagedrug. > Mmang, diperlukeun lengkah anu lantif dina usaha > transformasi budaya teh, > kaasup transformasi budaya Sunda. > > 5) Asana, lengkah bangsa Cina leuwih pikabitaeun > pikeun diturutan, sok > sanajan, sarua ieu oge, teu sagemblengna buleud. > Bangsa Cina, anu lain > cokoteunana, eta sigana, ngamumusti teuing kana > rajakaya nepi ka sagala rupa > dihalalkeun. Anapon anu hade ti bangsa Cina > diantarana: rajin, giat jeun > soson dina digawe, tur teu gampang putus asa. Lebah > dieu, anu tinggalkeuneun > /anu dipahing pisan ulah dilakonan di Sunda nyaeta, > diantarana: pundungan, > humandeura, kukulutus, jeung babarian. > > cag heula, > baktos, > manAR > > > > > On 5/20/06, ana kristiana <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > > > Wilujeng wengi Jang Ono, > > > > Orang sunda ti leuleutik geus diajarkeun bohong, > wadul, cheating atawa > > tukang tipu, sabab tileuleutik geus dibere dongeng > peucang nu licik, anu > > gawena nipu, akibatna seueur urang sunda loba > ngimpi, gawe hayang ngeunah > > (sautik) gawe bari hasil hayang mokaha, malahmah > hayangna dibere wae, tah > > ieu kabawa nepi kagede, komo lamun geus jadi > inohong beuki mokaha, korupsi > > digedekeun, kitu oge hayangna dibere kurakyat > (persis baramaen), etawe > > contona anggauta DPR pelesir dibayaran ku rakyat > (teu matut pisan), atuh > > lamun ngahutang sok ngajeblug. > > > > Tah impian ieu oge kabawa kapendidikan, orang > sunda lamun hayang sakola > > luhur teu boga duit lumpatna ngajual sawah (lain > ngajual hasil sawahna), > > bedakeun jeung orang China atawa yahudi, lamun teu > boga duit, manehna > > ngabelaan kuli ari (kerja keras) jadi naon wae. > > > > Impian sakadang peucang ieu terus kabawa ku > kebanyakan urang sunda, > > matakna loba urang sunda daya nalarna jadi rendah, > etawe contona loba nu > > katipu ku investasi semu (masih emut di pertanian > di sukabumi), oge loba > > urang sunda ngilu-ngilu multi level marketing anu > jelas-jelas bisnis teu > > asup akal (unsur cheating na jelas), komo kunu sok > ngagandakeun duitmah, > > orang sundamah makanan empuk. > > > > Kitu deui loba dongeng bohong anu diajarkeun > kabarudak, anu ngajadikeun > > agul ku payung butut, sok we dicaritakeun sajarah > sunda nu aheng contona > > pajajaran, atawa karajaan galuh pakuan atawa > sumedang larang jeung sajabana, > > padahal eta karajaan sabenerna kerajaan anu > laleutik anu euweuh urut-urutna > > acan, paling ditunjukan candi cangkuang, anu > ukuranana mah paling urut > > parukuyan atawa siduru. Sok bandingkeun jeung > Majapahit atawa Babilonia > > atawa Macedonia (The graet Alexander)anu > dibutkikeun ku fakta sejarah anu > > nyata, kakuasaan nepi kamana, komo contona > Mesir-mah nepi ka ayeuna masih > > aya patilasanana (Piramid), tah lucuna kolot-kolot > baheula asa agul > > ngadongengkeunana malah kungsi aya anu bisa jadi > profesor sagala. Lamun > > bener-mah urang sunda pinter sajarah sok atuh > paluruh anu bener ieu sejarah > > supaya ulah jadi dongeng, anu aheng deui hiji > ngaran rajana dipakai simbul > > deuih. > > > > > > Tong kagetnya, lamun urang sunda teu merobah pola > pikir, dina sapuluh > > atawa dua puluh tahun deui pas pemilihan kepla > daerah Jawabarat pemenangnya > > Mr. Lee Chin Chau kelahiran Purwakarta > ............. Lihat walaupun dia > > etnis China, tapi dia lahir dan dibesarkan di > Purwakarta, punya hak yang > > sama menjadi apapun di Jawabarat, dan dia akan > didukung oleh China seluruh > > dunia. > > > > Atuh salejengna ditutup ku oleh-oleh ti teteh, > tong seuseur teuing maos mangle, > > Galura, Gala atanapi PR, moal nambihan pinter, sok > tambihan sumber > > informasina ku CNN jeung sajabana, atuh saena-na > upami muka internet, > > lebet kana situs ilmu pengetahuan, supados pola > pikir urang tiasa ngumbara, > > ulah situ VIVID anu dibukana-nya. > > > > > > > > > > Wass > > ANA. > > > > Kang Ono, anu kasep ulah bendunya, hapunten teh > Ana anu geulis tea. > > > > Atuh upami akang nuju didamel di IKPT bagian > teknikna sing leres-leresnya, > > siapa tahu nanti diperlukan untuk membangun > Bandung, kalau bagian > > adminitrasinya mungkin di Bandung juga yang masih > menganggur berlebihan. > > > > [EMAIL PROTECTED] wrote: > > > > > > Kahatur Teh Ana anu nuju ngumbara.... > > > > Abdi ngaraos reueus ngagaduhan baraya pinter jiga > Teh Ana. Sok atuh enggal > > mulang deui ka Bandung, ka lemah cai Teh Ana. > Geura baktoskeun eta elmu > > pangaweruh Teteh pikeun kahirupan tur kahuripan > lemah cai. Pami Teh Ana di > > pangumbaraan nuju nyukruk elmu nyiar pangarti, > diduakeun ku Abdi sing > > kenging anu munel, nu tiasa diaplikasikeun, henteu > ngawang-ngawang. Sakali > > deui, poma Teh Ana tong hilap lemah cai nuju > ngantosan pangabaktosna....!!! > > > > > > Cag ah... > > > > > > ------------------------------ > > How low will we go? Check out Yahoo! Messenger's > low PC-to-Phone call > > rates. > > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/> > > > > > > > > > > SPONSORED LINKS > > Corporate > culture<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Corporate+culture&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=XebwzVpdTm8GSy8GvWnc_g> > Business > > culture of > china<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Business+culture+of+china&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=e4aS0tTbDmoOM-2OJzrJyw> > Organizational > > > culture<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Organizational+culture&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=b0TqcVMvhB-a0EgixFvFsw> > Organizational > > culture > change<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Organizational+culture+change&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=Z8hBTiWD2XdK93YM2Ng0uw> > Organizational > > culture > assessment<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Organizational+culture+assessment&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=0oDQvHXUEKLGPnUe3OQ8uw> > Jewish > > > culture<http://groups.yahoo.com/gads?t=ms&k=Jewish+culture&w1=Corporate+culture&w2=Business+culture+of+china&w3=Organizational+culture&w4=Organizational+culture+change&w5=Organizational+culture+assessment&w6=Jewish+culture&c=6&s=176&.sig=K0DLpHFrAHyulw_DW5oA8A> > > ------------------------------ > > YAHOO! GROUPS LINKS > > > > > > - Visit your group > "urangsunda<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda>" > > on the web. > > > > - To unsubscribe from this group, send an > email to: > > > [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]> > > > > - Your use of Yahoo! Groups is subject to the > Yahoo! Terms of > > Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>. > > > > > > ------------------------------ > > > <http://us.rd.yahoo.com/mail_us/taglines/postman8/*http://us.rd.yahoo.com/evt=39663/*http://voice.yahoo.com> > > > > > > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Home is just a click away. Make Yahoo! your home page now. http://us.click.yahoo.com/DHchtC/3FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
