Kang Maman,

Puguh keur reureuh sakedapan ieu teh. Nembe di kantor maturan dunungan, Pa
Bambang Dwiyanto, Kepala Badan Geologi (BG), ngayakeun press release sareng
wartawan ti sababaraha media citak + elektronik di Bandung, ngeunaan
kajadian lini di Jogya.

Teras si kuring kenging pancen milarian data di internet ti USGS (
http://www.usgs.gov/) pikeun ngalengkepan data + informasi anu salila ieu
dihasilkeun ku BG ngeunaan lini Jogja. Dunungan siang ieu keneh langsung
bade ngajugjug Jogjakarta, pikeun maparinan katerangan + nenangkeun
masyarakat oge pemda-pemda Jogjakarta jeung sabudeureunana.

Batur mah da elmu jeung teknologina geus nyampak, katerangan ngeunaan lini
anu jauh mela-melu di urang ge geus langsung bisa kapidangkeun informasina
dina internet. Mangga geura uningaan katerangan ti USGS ngeunaan lini Jogja
di alamat ieu: http://earthquake.usgs.gov/eqcenter/eqinthenews/2006/usneb6/

Nuturkeun data + informasi sawatara ieu anu geus dikumpulkeun ku BG, rada
beda katerangan sabab musabab lini dibandingkeun jeung pamadegan BMG. BMG
nyebutkeun sumber lini ayana di laut kiduleun Jogja, jerona 30 km-an, dina
lebah paaduna lempeng samudera (samudera Indonesia kiduleun Jogjakarta)
jeung lempeng benua (P. Jawa). Ari ceuk analisis ti BG mah sabab
utama sumber lini Jogja  teh "sesar geser" jurusan (arah) kidul - kaler, ti
mimiti basisir kidul Jogja nerus nepi ka kalereun Semarang.

Ari sesar teh eta kajadian gusar-geserna "body" atawa "massa" batuan (kaasup
taneuh luhureunana) anu bisa diakibatkeun ku ayana dinamisme bumi di
handapna (pergeseran lempeng tea) samemehna. Sesar anu jurusna (arahna)
horisontal disebut "sesar geser". Sumber sesar geser ieu deet, kl 10 km.
Jadi sumber lini Jogja anu utama ceuk BG deet, kl antara 10 - 20 km
handapeun wewengkon Jojga - Semarang (jalurna ka wetaneun Merapi).

Sababaraha konsekuensi tina lini akibat sesar geser:  karuksakan lumayan
gede gumantung gede leutikna skala lini; moal ngabalukarkeun tsunami; kudu
waspada kana kajadian lini susulan dina jalur eta sesar.

Sakitu wae heula Kang, informasina. Peupeujeuh ieu mah katerangan ti si
kuring wae anu bieu miluan ngaregepkeun press release dunungan, lain
informasi resmi ti official site hehehe. Wayahna rada telat, teu bisa
"ngaramal" :) . Ongkoh deui umumna karakter bancang pakewuh alam teh sulit
ditebak ti samemehna. Khususna lini, sakumaha ahlina oge anu sok nalungtik,
kana lini mah tetep wae siga dokter ahli forensik: apal jeung bisa
nerangkeun kajadian teh bane wae sanggeus kajadianana lumangsung. Urang ukur
bisa ngaronjatkeun kasiap-siagaan jeung nalokalisir wewengkon-wewengkon anu
pang mungkinna keuna ku eta kajadian bancangpakweuh alam.

Keur lengkah kasiap-siagaan, aya sababaraha "tips" keur masyakarat anu dumuk
di wewengkon kajadian lini: 1) tetep tenang, ulah gugup (B.Ind. panik), muru
ka  jeung caricing di lapang atawa tempat-tempat anu jauh tina bangunan,
utama dina mangsa kajadian lini.

Sakitu wae heula anan. Si kuring oge sakantenan dina danget ieu seja
ngadugikeun belasungkawa ka sadaya korban lini Jogja sareng kulawargana, oge
anu nandangan kasakit atawa tatu tina ieu bancangpakewuh. Pamugi sadayana
dipaparinan sobar tawekal sareng sing enggal pulih deui sakumaha
bihara-bihari.

baktos,
manAR


On 5/27/06, Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ngiring belasungkawa kanu janten korban gempa bumi.
> Meni asa hariwang jeung honcewang.
> Emut kapungkung sateuacana g. galunggung bitu, aya
> lini karaos di bandung, sumbernamah(epicentrum) cenah
> di laut  palebah "handapeun" sukabumi.
>
> moal kitu aya pengaruh tektonik sareng vulkanik?
>
> Kasauran SBY ulah aya desas desus perkawis gempa ieu,
> kukituna mangga atuh Agan Oman kapayun.
>
> Salam baktos
> mz
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get to your groups with one click. Know instantly when new email arrives
http://us.click.yahoo.com/.7bhrC/MGxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke