Baraya, ieu mah tamba hanaang bae bilih aya anu panasaran hoyong terang informasi ti kota Jogja bari ngantosan info anu langkung lengkep ti baraya kusnet anu aya di Jogjakarta. Aya tilu dongeng ti kuring, yaeta; lini di pwt, dongeng babaturan kuring urang Bantul, pangalaman kuring ngalalang ka Jogja poe Ahad kamari. Lini anu kawilang badag, nepi oge ka Purwokerto harita sikuring keur 'b.a.b' awalna mah lampu bohlam anu kabeneran acan dipareuman kekerejepan, ceuk gerentes hate teh: "rek pegat meureun bohlam teh" teu lila ti harita kloset ngariyeg aduh... aduh... lini euy buru buru sikuring beberesih, rap wae make calana pondok, kolotrak muka selot bari cocorokan "lini... lini.... lini..." najan teu tarik tapi cukup keur mere tanda ka kulawarga anu aya di imah mah. Budak anu keur ngadeluk dina meja belajar cilang-cileung teu ngerti tawa teu ngarasa aya lini, pamajikan oge anu keur didapur teu ngarasaeun aya lini. Ari ret ka luhur kana lampu gantung katara ebreh lampuna ayun-ayunan netelakeun yen bener-bener aya lini. Torojol adi beuteung nonghol tina void rungah-ringeh pajarkeun teh imahna ruyag-riyeg siga aya "lindu" enya lindu teh lini tea ceuk urang mah. Kabeneran adi beuteung teh urang Semarang ngomongna make basa jawa. Kajadian eta teh poe saptu, kurang leuwih jam 6 (genep) isuk, da sikuring ge teu nerus keun 'b.a.b' malah terus ngadengekeun warta ti televisi dipanungtung wata berita penyiarna ngabejakeun yen aya kajadian lini anu pusatna di Jogja. Sanggeus menang info eta mah, pamajikan dititah nelepon dulurna anu aya Jogja tapi weleh teu bisa nyambung, nelepon kana hp-na oge kitu deui. Terus ngirim sms salian ngirim ka dulur ngirim oge ka babaturan sapagawean anu di Jogja. Lila pisan euweuh balesan, teuing jam sabaraha da geus berang kakarang aya beja yen masyarakat Jogja kungsi panik ku ayana beja anu teu puguh malah aya beja yen "cai (stunami) geus nepi ka kota." Sapoe saptu eta mah sikuring jadina pogot wae ngadedengekeun warta tina teve, petingna kurang leuwih jam 8 (dalapan) diajak nepungan babaturan anu 'kabur' ti Jogja, nyarikeun pangalamanana nyalametkeun diri, mangka imah manehna mah di Kabupaten Bantul malah jarak ka basisir Parangkritis teh nga 2 KM. Kabupaten Bantul teh kabupaten anu pang parahna akibat lini eta, anu paehna ge pang lobana. Manehna teh keur sasarean sabada solat subuh, barang riyeg lini manehna gewat ngajewang 'endong' (kantong kamemetna) naha jadi kamemetna, puguh wae atuh da dina eta kantong teh eusina hp, dompet, duit, konci mobil jeung barang anu aya hargaan sejenna. Berebet lumpat kaluar imah, bruk hateup imah belah tukang ambruk kakara inget ka alona anu jejeritan di kamarna menta tulung, buru-buru ditarulungan. Alhamdulillah kulawargana manehna mah teu aya anu cilaka. Terus marenahna naek mobil nuju ka pasir anu rada luhur dekeutna imahna, nepi ka jam sabelas ceunah marenahna didinya. Pasosore manehna jeung emana, alona 2 urang balik ka Purwokerto, imahna mah kusabah teu rubuh sakabehna ditungguan ku lanceukna, ari tatanggana mah ampir sakampung imahna alancur, terus imah sajajalan antara Jogja-Parangkritis mah alancur. Aya dieu dongeng, pangalaman pribadi sikuring sorangan basa kamari poe minggu ngalanglang ka Jogja jeung babaturan sapagawean, mere bantuan sembako ka anu keuna musibah. Indit ti Purwokerto teh isuk-isuk silih samper, kaluar ti kota teh sigana mah can jam 7-lah. Sapapajang jalan teh rurat-reret neangan toko anu gede, niatna mah rek meuli sembako tea bawaeun da acarana ngadadak tea kudu 'merapat' ka Jogja pada aya 'big boss' ti Batawi rek nempo anu keuna musibah bari mere bantuan saperluna. Di satengahing jalan kabeneran geus aya mini-market "alfa mart" anu rajin geus buka, tapi nya kitu stockna nga saeutik jeung teu lengkep, sok sanajan kitu lumayan tamba lengoh teuing. Sageus ngaliwatan Wates, mimiti rurat-reret nempoan imah-imah disisi jalan, nelek-nelek tapak lini tea tapi can kaciri didinya mah. Beuki wetan, beuki weta kakarata aya genteng anu pada morosot. Baraya, Jogja dibagi 5(lima) daerah kulon, kidul, wetan, kaler jeung tengah. Belah kulon Kabupaten Kulon Progo, batesna Kaliprogo, Belah kidul Kabupaten Batul, batesna Ringroad selatan nepi ka laut kidul, Belah wetan Kabupaten Wonosari, batesna ringroad selatan belah wetan nepi ka Gn. Kidul. Belah kaler Kabupaten Sleman, batesna ringroad utara nepi Gn. Merapi tea. Tengah-tengahna Kota Gogjakarta anu katingker ku ringroad jeung wates jembatan kaliprogo. Ari kuring jol teh ti belah kulon, ti arah Purwokerto atawa Jakarta, di daerah Gamping geus kaciri loba hatep wagunan anu amuradul gentengna, asup ka jalan-raya wates (kadipiro) beuki loga hatep anu rontok, malah aya oge wangunan anu ambruk. Ampir daerah kauman, jalan di portal dikulon kudu mengkol ka kenca di RS PKU Muhamadiyah pagelek jalema jeung kendaraan parkir. Terus mengkol deui ka katuhu, mungkal-mengkol mungkal-mengkol bras wae ka kiduleun pasar Beringharjo di Malioboro terus ngidul, di parapatan K.pos atra tetela loba kenteng kantor pos anu rontok, kitu deui jeung wangunan BNI anu aya disabrangenana. Anjog ka hareupeun Karaton mengkol ka katuhu, mesjid Agung teu katoong kondisina da saliwat, tah satukangeun karaton loba wangunan anu hatepna lalesot. Palebah benteng wetan mah geus aya waguna anu ambruk, rata-rata toko-toko pada tutup, toserba, hotel oge tutup. Dijalan raya solo loba wagunan anu runtuh, bca ambrol kramikna (granit), novotel retak htelna ge tutup, matahari teu nanaon tapi tutup, RS Batesda rame pisan jadi macet didinya mah, Gramedia toppingna tina fiberpolikarbona leungit jeung kanopina rontok, mercure tutup, Mc D buka, Santika ceunah buka sawareh tapi sepi, TUGU (paratapatan mangkubumi) retak, toko-toko tutup aya tukang baju batik diemperan malioboro nga teu loba saperti biasana, hotel garuda sepi, ibis tutup jeung retak, malioboro mall tutup. Anu aya kegiatan teh ka belah kaler, basa meuli sembako ka indogrosir di jalan raya magelang rada rame, toko-toko maruka, tukang baso oge aya, kuring ge nyimapang heula ka "RM. Takanajuo" bukuhan geus wancina ngopi. Kira-kira jam 4an kakara rombongan ti Batawi teh datang ti arah Solo, pan kegiatas bandara Adisucipto dipindahkeu ka bandara Adisumarmo, pajarkeun teh rombongan mampir-mapir heula di wewengkon Klaten anu sarua keuna musibah lini tea. Dina eta rombongan teh bebener bae 'big boss' dibarengan ku saurang anggota DPR komisi X, jeung Menpera Pa Yusuf tea. Sanggeus disaralin baju dihotel kira-kira jam 5 sore robongan rombongan ka asup si kuring geus tingkuciwes ngawadul dituangan tunggu Kapatihan bari nungguan Gubernur alias Kangjeng Sultan Jogja anu rek dipanggihan, asana mah samemeh azan magrib Sultan teh kakara jol, sanggeus sasalama terus arasup karuang pertemuan. Anu ka intip kuring mah geuning waktu kajadian lini poe saptu tea Sultan mah keur di Malang, pajarkeun teh tas aya pertemuam para Gubernur. Teuing jam sabaraha tah pamita ka Sultan teh da geus rada peuting, hujan deuih. Ti Kapatihan terus muru hotel rek sarolat meureun dari ari sikuring jeung babaturan teu kabagean hotel jadi nagwadul deui wae bari ngopi diruang tunggu. Dasar boss hararese jeung kaleked teu ngarti anak buah mah can mandi-mandi acan, sangges menak-menak kumpul brul bae arindit ka 'jimbaran' (dijogja oge aya jimabaran, sugan teh di bali wungkul), teu lila brak wae 'dinner' euy dimimitian ku sop kakap, keur peujeuh lapar teh sok sanajan rada lada ge teu burung ledis tah sop teh. Teu lila deui torojol palayan nanggey sangu jeung lalawuhna sarupaning, lauk laut jeung hurang, gan hanjaka hurangna teu kawas hurang di jimbaran bali, ieu mah rada laleutik. Sanggeus rengse balik dideui ka hotel padahal kuring sapara kanca kudu balik ka Purwokerto, harita kira-kira jam 10an. Didieu tah lamun barya aya anu jadi pangagung kudu nalek ka anak buah disi kasiksa jiga kuring kamari, dijinan balik teh kira-kira jam 11an. Biur bae langsung ka Purwokerto, teuing pada geus peuting jalanna kosong atawa supirna keur konsentrasi, asa teh gancang pisan da jam satengah dua teh geus nepi ka Purwokerto, padahal lamun beurang mah waktu tempuh teh 3,5 nepi ka 4 jam eta teh. Sanggeus nepi ka imah teu poho ngajam magrib da asana mah kondisi kuring bisa asup kana syarat ngajama. Sakitu tah baraya warta ti Jogja....., bisi aya anu teu merenah mah hampura bae da kuringna rada teu konsentrasi, maklum atuh tunduh keneh euy.... Wassalam, ti purwokerto. Ki Adi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: ************************************************************ kalayan nyebat asmana Alloh. ---------------------------------------------
Sim kuring sarimbit ngiring sungkawa kana ieu kanjantenan. Mugya bae dulur-dulur urang nu ngantunkeun alatan ieu papasten ti Alloh, iasa dilebetkeun kana golongan shuhada. Oge kanggo kulawarga anu dikantunkeunna kitu deui kanggo dulur-dulur urang nu nuju aya dina kaprihatinan, ... mugya bae Alloh mapaparinkeun kasobaran, kaikhlasan lan kakiatan iman dina nanampi ieu kajantenan .... ti Alloh mulang ka Alloh, nya urang mah saukur milampah ..... Sumawonna kanggo urang sadayana, mugya bae ieu kajantenan tiasa janten pepeling pikeun ngariksa deui kaayaan diri urang dina satekah polah, ningali kaayaan dulur urang anu di lembur, noong saderek urang anu di nagara...... muga urang teh teu hilap-diri, ditebihkeun tina sifat kadurjanaan, dicaketkeun kana rahmatan lil'alamin. Lianna.... panginten sae oge upami KUSnet iasa urun-dana kanggo ngabantos dulur-dulur urang ieu. Sumangga ..... bilihna katampi. tilam prihatinna, -Ki Adi sarimbit- -------------------------------------------------------------- samudaya pupujian saestona pikeun Alloh ************************************************************ On 5/27/06, shandy syamsurizal <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ngiring belasungkawa kanu janten korban gempa bumi di > yogya... > mugia Gusti nu maha suci maparing katabahan & > kasabaran ka dulur2 di yogyakarta > ---xxx ******************************************* "...purbastiti purbajati, suka kreta tang lor kidul kulon wétan kena kretarasa..." ----------------------------------------------------- http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/ http://www.urang-sunda.or.id/ http://www.sundanet.com/ http://su.wikipedia.org/ http://radiosunda.qc1.net:8184/listen.pls http://pituin.multiply.com/ ******************************************* [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. SPONSORED LINKS Culture --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "kisunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Protect your PC from spy ware with award winning anti spy technology. It's free. http://us.click.yahoo.com/97bhrC/LGxNAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
