Euleuh geuning, baruk aya dosa warisan nyah di urang sunda teh? warisan urang 
sunda nu dianggap sok baruntak tea kitu...?? atanapi warisan urang sunda nu sok 
kumaha dunungan...???
   
  dmar

Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Ngiring bela sungkawa ku ngantunna Prof. Edi Ekadjati. Diantawis karya 
ilmiahna anu peryogi dibaca, nyaéta orasi pengukuhan guru besar mantena di 
Unpad. Dina éta orasi salian ti ngadadarkeun ngeunaan karajaan-karajaan sunda 
jaman baheula, ogé diguar ngeunaan sajarah sunda kontémporér, diantawisna 
pergerakan urang sunda dina pertengahan taun lima puluhan, ngadegna negara 
pasundan (versi Musa Kartalegawa), ssb.  Entragan anyar, peryogi paham kana ieu 
sajarah sunda taun lima puluhan, margi kusabab éta urang sunda sok dianggap 
provinsialis, sukuisme jsb. (utamina ku pamaréntahan Orla sareng Orba). Dina 
éta orasi urang bakal uninga kana istilah "co" sareng "non co" ka pamaréntahan 
walanda. Kumargi aya anu ngadegkeun nagara Pasundan, urang Sunda dianggap 
cooparative ka pamarentahan walanda (nagara-nagara sarikat téh, kalebet nagara 
pasundan kapan hasil tina ayana RIS taun 49 anu diluluguan ku pamaréntahan 
walanda pingpinan Van Mook). Kukituna samulihna urang sunda tina hijrah ka
jogja, sababaraha jabatan penting di tatar sunda dieusian ku jalmi-jalmi anu 
dianggap "non co" anu kaleresan diantawisna urang jawa. Ninggali kayaan éta, 
seueur urang sunda anu kasigeung, nya harita, pamuda sunda ngawitan bergerak 
(utamina urang Bogor). Tokoh-tokohna diantawisna waé: Kang Saikin, Kang Adjam 
Samsupradja, ssb. Intina teu panuju kana sikep pamarentahan Presiden Sukarno.  
Di Bandung nyalira, aya peristiwa anu ngageunjleungkeun, anu disebat persitiwa 
kavaleri, anu dipingpin ku Bapa Sukandabratamanggala. Sabada kajadian harita, 
tokoh-tokoh Sunda seueur anu dijebloskeun ka panjara -- tanpa prosés pangadilan.
Salian ti diulas (sakedik) dina orasi Pa Edi Ekadjati, kajantenan éta téh 
diulas ogé dina buku "Hurip Waras" karya kang Ajip Rosidi. 
Supados langkung écés, aos éta dua buku. Langkungna ti kitu, sugan aya deui 
urang Sunda anu kersa neuleuman langkung teleb kana éta kajantenan, supados 
urang uninga lalampahan sajarah, anu diantawisna ngahasilkeun dosa warisan ka 
entragan anyar urang sunda.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.




  SPONSORED LINKS 
        Culture 
    
---------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    
    Visit your group "kisunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 

    
---------------------------------
  



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Protect your PC from spy ware with award winning anti spy technology. It's free.
http://us.click.yahoo.com/97bhrC/LGxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke