Kahatur Kang Ganjar sareng baraya sadaya, dupi dimana kinten-kinten galuh tiasa
milarian eta orasi sareng buku "hurip waras" karya Ajip Rosidi teh? memang
penting terutama kanggo para pemuda/i sapertos galuh anu teu acan patos uninga
kana sejarah sareng kabudayaan Sunda anu sautuhna..Mugi-mugi masig seueur para
pemuda/i Sunda anu tertarik mengkaji, atanapi minimal uninga kana budaya sareng
sajarah Sunda.
hatur nuhun pisan..
--galuh--
Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngiring bela sungkawa ku ngantunna Prof. Edi Ekadjati. Diantawis karya
ilmiahna anu peryogi dibaca, nyaéta orasi pengukuhan guru besar mantena di
Unpad. Dina éta orasi salian ti ngadadarkeun ngeunaan karajaan-karajaan sunda
jaman baheula, ogé diguar ngeunaan sajarah sunda kontémporér, diantawisna
pergerakan urang sunda dina pertengahan taun lima puluhan, ngadegna negara
pasundan (versi Musa Kartalegawa), ssb. Entragan anyar, peryogi paham kana ieu
sajarah sunda taun lima puluhan, margi kusabab éta urang sunda sok dianggap
provinsialis, sukuisme jsb. (utamina ku pamaréntahan Orla sareng Orba). Dina
éta orasi urang bakal uninga kana istilah "co" sareng "non co" ka pamaréntahan
walanda. Kumargi aya anu ngadegkeun nagara Pasundan, urang Sunda dianggap
cooparative ka pamarentahan walanda (nagara-nagara sarikat téh, kalebet nagara
pasundan kapan hasil tina ayana RIS taun 49 anu diluluguan ku pamaréntahan
walanda pingpinan Van Mook). Kukituna samulihna urang sunda tina hijrah ka
jogja, sababaraha jabatan penting di tatar sunda dieusian ku jalmi-jalmi anu
dianggap "non co" anu kaleresan diantawisna urang jawa. Ninggali kayaan éta,
seueur urang sunda anu kasigeung, nya harita, pamuda sunda ngawitan bergerak
(utamina urang Bogor). Tokoh-tokohna diantawisna waé: Kang Saikin, Kang Adjam
Samsupradja, ssb. Intina teu panuju kana sikep pamarentahan Presiden Sukarno.
Di Bandung nyalira, aya peristiwa anu ngageunjleungkeun, anu disebat persitiwa
kavaleri, anu dipingpin ku Bapa Sukandabratamanggala. Sabada kajadian harita,
tokoh-tokoh Sunda seueur anu dijebloskeun ka panjara -- tanpa prosés pangadilan.
Salian ti diulas (sakedik) dina orasi Pa Edi Ekadjati, kajantenan éta téh
diulas ogé dina buku "Hurip Waras" karya kang Ajip Rosidi.
Supados langkung écés, aos éta dua buku. Langkungna ti kitu, sugan aya deui
urang Sunda anu kersa neuleuman langkung teleb kana éta kajantenan, supados
urang uninga lalampahan sajarah, anu diantawisna ngahasilkeun dosa warisan ka
entragan anyar urang sunda.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
SPONSORED LINKS
Culture
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "kisunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
---------------------------------
Sneak preview the all-new Yahoo.com. It's not radically different. Just
radically better.
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
See what's inside the new Yahoo! Groups email.
http://us.click.yahoo.com/2pRQfA/bOaOAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/