Baraya kantos panginten kaalaman ku urang-urang sadayana waktos jaman kapungkur di lembur singkur, di kasur aya nunamina tumbila. Jaman ayeuna aya teu? Di kampung oge siganamah can tangtu aya, pan kasur teh geus di ganti ku "spring jebred".
Lamun hiji mangsa urang manggihan tumbila, lamun kasur erek di poe, buru-buru ku urang ditindes ku kuku, geus kitu terus di angseuan, nyaho bau, tetep we diangseuan pajarkeun teh bau, padahal nyaan bau. dina wikipedia, dijentrekeun kieu palebah kadaharana, Daharna Ilaharna mah tumbila téh getolna peuting, utamana wanci janari, tapi bisa ogé pabeubeurang, mun aya kasempetan. Tumbila ieu katarik ku haneut jeung gas karbon dioksida, nyoco maké 'tulalé' nu dua solobongna: hiji jang nyuntikkeun ciduh nu ngandung anti-koagulan jeung anéstétik/pangbaal, hiji deui jang nyerot getih. Sanggeus nyoco salila kira lima menit, sakadang tumbila balik deui ka panyumputanana. Tapak nyoco téh biasana kakara karasa sababaraha menit atawa sa-jam-an sanggeusna, salaku réaksi dermatologis kana zat anu disuntikkeun. Najan bisa hirup tanpa dahar nepi ka 18 bulan, tumbila ilaharna néang cocoeun unggal lima-sapuluh poé. Kadang, mun dicoco tumbila, urang sok ngarasa kotor. Padahal, tumbila mah katarik sotéh ku karbon dioksida tina engapan, lain ku kokotor atawa nu lianna, sarta ukur nyedot getih, tara kana runtah. Kaberesihan lingkunganana euweuh patalina jeung pangaruh tumbila ka awak urang. Moal boa kitu? tina katerangan diluhur, si kuring jadi mikir, moal kitu cocoan tulale tumbila teh mangrupakan hiji zat anu bisa nimbulkeun imunisasi pikeun jalema ti rupa-rupa panyakit jaman kiwari siga demam berdarah, flu burung jeung rea-rea deui kasakit anu araraheng suraheng. Da jaman baheulamah asa euweuh, paling banter oge tetelo alias hayam cekak. he..he.. lamun seug aya panalungtikan ka ieu tumbila, siganamah rada hese neanganana ieu mangkeluk teh. Kumaha atuh upami di usulkeun wae ka departemen peternakan yen tumbila teh ayeunamah kaasup hewan anu dilindungi. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> You can search right from your browser? It's easy and it's free. See how. http://us.click.yahoo.com/_7bhrC/NGxNAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
