Duh, kuring mah teu kiat eta maca serat ti kang Maman, dugi ka babarakatakan ngabayangkeun tumbila diternaken kangggo penelitian.
On 6/6/06 11:45 AM, "Kang Maman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya kantos panginten kaalaman ku urang-urang > sadayana waktos jaman kapungkur di lembur singkur, di > kasur aya nunamina tumbila. Jaman ayeuna aya teu? Di > kampung oge siganamah can tangtu aya, pan kasur teh > geus di ganti ku "spring jebred". > > Lamun hiji mangsa urang manggihan tumbila, lamun kasur > erek di poe, buru-buru ku urang ditindes ku kuku, geus > kitu terus di angseuan, nyaho bau, tetep we diangseuan > pajarkeun teh bau, padahal nyaan bau. > > dina wikipedia, dijentrekeun kieu palebah kadaharana, > > Daharna > > Ilaharna mah tumbila téh getolna peuting, utamana > wanci janari, tapi bisa ogé pabeubeurang, mun aya > kasempetan. Tumbila ieu katarik ku haneut jeung gas > karbon dioksida, nyoco maké 'tulalé' nu dua > solobongna: hiji jang nyuntikkeun ciduh nu ngandung > anti-koagulan jeung anéstétik/pangbaal, hiji deui jang > nyerot getih. Sanggeus nyoco salila kira lima menit, > sakadang tumbila balik deui ka panyumputanana. Tapak > nyoco téh biasana kakara karasa sababaraha menit atawa > sa-jam-an sanggeusna, salaku réaksi dermatologis kana > zat anu disuntikkeun. Najan bisa hirup tanpa dahar > nepi ka 18 bulan, tumbila ilaharna néang cocoeun > unggal lima-sapuluh poé. > > Kadang, mun dicoco tumbila, urang sok ngarasa kotor. > Padahal, tumbila mah katarik sotéh ku karbon dioksida > tina engapan, lain ku kokotor atawa nu lianna, sarta > ukur nyedot getih, tara kana runtah. Kaberesihan > lingkunganana euweuh patalina jeung pangaruh tumbila > ka awak urang. > > > Moal boa kitu? > > tina katerangan diluhur, si kuring jadi mikir, moal > kitu cocoan tulale tumbila teh mangrupakan hiji zat > anu bisa nimbulkeun imunisasi pikeun jalema ti > rupa-rupa panyakit jaman kiwari siga demam berdarah, > flu burung jeung rea-rea deui kasakit anu araraheng > suraheng. Da jaman baheulamah asa euweuh, paling > banter oge tetelo alias hayam cekak. > > he..he.. lamun seug aya panalungtikan ka ieu tumbila, > siganamah rada hese neanganana ieu mangkeluk teh. > Kumaha atuh upami di usulkeun wae ka departemen > peternakan yen tumbila teh ayeunamah kaasup hewan anu > dilindungi. > > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa > pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu > mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> You can search right from your browser? It's easy and it's free. See how. http://us.click.yahoo.com/_7bhrC/NGxNAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
