Kloroplas téh organél nu aya dina sél tutuwuhan jeung ganggang eukariot nu
bisa ngayakeun potosintésis. Kloroplas nyerep énérgi cahya ti panonpoé
pikeun ngahasilkeun énérgi bébas nu diteundeun dina ATP jeung NADPH dina
prosés potosintésis.
Asal-usul
Kloroplas mangrupakeun salah sahiji bentuk plastid, sarta sacara umum
dianggap 'turunan' sianobaktéri éndosimbiotik. Dina lebah dieu, kloroplas
téh sarimbag jeung mitokondria, tapi kloroplas mah ukur aya di tutuwuhan
jeung protista. Dua organél ieu dikubeng ku dua lapis pinding nu dipisahkeun
ku rohangan antarmémbran boga DNA sorangan nu aub dina métabolisme énérgi,
sartaboga rétikulasi (krista) nu ngeusi rohangan jero.
Dina tutuwuhan héjo, kloroplas téh dikubeng ku dua mémbran lipid ganda.
Kiwari, mémbran jero dianggap patali jeung mémbran luar sianobaktéri
karuhunna. Génom kloroplas lajeng ngurangan dibanding jeung sianobaktéri nu
hirup bébas, tapi sésa nu aya écés nunjukkeun kasaruaanana. Gén-gén anu
leungit téh lolobana pindah, disandikeun di génom inti inangna.
Penting kauninga ogé, yén dina sababaraha ganggang (kayaning heterokont
jeung protista lianna kawas Euglenozoa jeung Cercozoa), kloroplas téh siga
nu tumuwuh ngaliwatan kajadian éndosimbiosis sekundér, nalika sél eukariot
'ngalegleg' sél eukariot kadua nu ngandung kloroplas, sahingga ngabentuk
kloroplas nu dibungkus ku tilu atawa opat lapis mémbran. Dina sababaraha
kajadian, éndosimbion sekundér ieu dilegleg deui ku eukariot lianna,
sahingga ngabentuk éndosimbion tersiér.
Struktur
Kloroplas téh bentukna buleud gepéng nu diaméterna 2-10 mikrométer,
sedengkeun kandelna 1 mikrométer. Kloroplas boga dua lapis mémbran nu
disebut mémbran luar jeung jero. Dua mémbran ieu dipisahkeun ku rohangan
antarmémbran.
Cairan dinajero kloroplas disebut stroma, sarupa jeung sitoplasma baktéri,
sarta ngandung DNA sirkulér leutik nu jeung ribosom, najan kalolobaan
protéinna mah disandi ku gén nu aya di inti, nu produk protéinna diangkut ka
jero kloroplas.
Stroma téh pinuh ku tumpukan tilakoid, sub-organél tempat potosintésis nu
sabenerna. Tilakoid ieu bentukna buleud gepéng, nu jerona rohangan kosong nu
disebut rohangan tilakoid atawa lumén. Tilakoid ieu disusun numpuk, sarta
sasusunan tilakoid disebutna granum. Réaksi potosintésis lumangsung dina
mémbran tilakoid, sarta, sarupa jeung dina mitokondria, ngawengku aliran
biosintésis antarmémbran.
Baca ogé
* Mémbran kloroplas
* Mémbran jero
* Mémbran luar
* Daur Calvin
Sumber rujukan
* Chloroplast, Wikipédia édisi basa Inggris (2 Juni 2006)
* Artikel ieu ngandung bahan-bahan ti Science Primer nu medal ti NCBI,
nu, salaku publikasi pamaréntah AS, aya dina domain publik (1).
Tumbu kaluar
* Chloroplasts and Photosynthesis: The Role of Light ti Kimball's
Biology Pages
* Chloroplast, Botany
* Use of chloroplast DNA in studying plant phylogeny and evolution
Organél sél
Kloroplas | Mitokondria | Séntriol | Rétikulum éndoplasma | Awak Golgi |
Lisosom | Miofibril | Nukleus | Peroxisom | Ribosom | Vakuol | Vésikel
Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Kloroplas"
Kategori: Organél | Potosintésis
--
nandar
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Home is just a click away.� Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/DHchtC/3FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/