Assalamualaikum,

Pangapunten ka para wargi seja ngintun dongeng lami, utamina ka Kang 
Yono wijono reh na sim abdi nembe aya waktos deui mukaan e-mail di 
kisunda teras kapendadak e-mail salira, ku kituna meungpeung tiasa 
urang cobi 'waler' 'patarosan' akang tea nu kirang langkungna neda 
hapunten. diserat langsung numutkeun patarosan wae.

baktosna
Eddy Nugraha  

--- In [email protected], yono wijono <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalamualikum.............
>  
> ka kang Eddy Nugraha bade aya patarosan dina seratan any ieu 
kang ,kamana ieu hartosna
>  
> ngeunaan seratan saderek anu ieu
>  
> pas nafs muka deui teh bisa takbir bari
> nangtung dina tangtungan sorangan murub mancur
> gumebyar sunda moncorong di tangtung sumedang ka
> sakuriling siliwangi di pajajaran rea da jaya dina
> Dewata tedak Galunggung sasaka di kabantenan mawa
> bekel Muhammad. Mulya temen euy ...takbir metu di 7
> alam tangtung takbir  di 5 papat kalawan pancer
> sorangan lir lingga kabuyutan.

> 1. ka sakuriling siliwangi di pajajaran >>>??? saha anu di maksad 
siliwangi di dieu kang Eddy,
> 
Ngaosna kieu panginten: 

bisa takbir bari nangtung dina tangtungan sorangan:  murub mancur 
gumebyar sunda [CAHAYA-CAANG] moncorong di tangtung, sumedang 
[madangan/nyaangan], ka sakuriling, sili(h)wangi[ngawangikeun],  
pajajaran rea [ nu pada-pada sajajaran numutkeun islam mah 
jalmi/mahluk,batur nu loba loba/rea, ari dina tangtung mah nyatana 
sakabeh unsur diri kabeh rata dikamudi ku pribadina, keur nu tiasa].
  
subyek=ingsun,dina sumedang, nu, dina siliwangi teu diaos deui da 
runtuyan tina kalimat sateuacanna, subyek sateuacanna -tangtung]
> 
> 2. jaya dina Dewata>>>??? naon ieu hartosna
> 
>  da [sabab] jaya [angger teu turun tina ieu tingkat, teu keuna ku 
naas] dina
> Dewata [dewa tina dev hartosna sami sareng malak= CAHAYA] tedak 
[terah= asal= bijil ti] Galunggung [ galuh nu agung= hate nu pinuh ku 
nur (sunda) iman], sasaka [tihang= cecekelan= pusaka] di kabantenan 
mawa
> bekel Muhammad [ Muhammad ieu sanes muhammad bin abdullah tapi 
hakekatul muhammaddiyah- nur Muhammad- SUNDA asal na satungkebing 
langit satangkaraking jagat ti dinya-literaur tasauf]. Mulya temen 
euy ...takbir metu di
> 
> 3. takbir metu di 7 alam tangtung>>>??? Alam ieu nu di maksad Alam 
Dunya atanapi Alam Akhirat

7 alam tangtung kedah kapendakna di dunya tiap usik tiap wayah- aos 
martabat tujuh ulikan tangtung satiap nu ngambah suluk kayaning - 
ahadiyat, wahdat, wahidiyat jst.  

> 
> 4. takbir  di 5 papat kalawan pancer sorangan lir lingga 
kabuyutan.>>>??? ieu oge abdi kirang faham dina ngartoskeun kalimat 
nu ieu da nu ku abdi kapendak mah sanak papat kalima pancer.
> 
takbir  di 5, [nyatana]papat [opat indera: paningal, pangrungu, 
pangangseu, pangucap] kalawan pancer [kalima na pancer [puseur di 
tengah dina rasa nu jadi awasna ati]  sorangan lir lingga kabuyutan.

tiasa janten disebat sanak = kumargi deukeut lir ka anakna eta nu 
opat teh, tapi oge tiasa nu sanes da kumaha maksad 'bujangga'na margi 
basa mah ekspresi rasa nu ngucap/nulisna, sanes?

lingga kabuyutan, sapertos sabaraha kawargian nu nga e-mail ka sim 
abdi 'personally' ngeunaan lingga, dongengna rada 'panjang ku sim 
abdi di dugikeun ka kisunda -iwalti upami aya nu hoyong ka e-mailna  
bae da kawuwuh nu kieu mah 'dongengan' alam pribadi sanes alam batur 
ku sim abdi insya allah teu di kintunkeun ka 
kisunda/urangsunda/baraya sunda. 

catetan:
numutkeun H. Hasan Mustapa, nu ku Ajip Rosidi mah saurna disebat 
bujangga sunda pangbadagna, dina basa sunda (sigana mung ngeunaan 
filsafat)mah tara nganggo tanda baca kayaning koma titik dua dll dina 
nerangkeun 'ide' nu nulis utamina  dina ngadugikeun kalimat kompleks, 
tapi diaosna/ditulisna ku nuturkeun rasana...jst ..duka tah nu sim 
abdi mah lebet kamana...ku kituna urang cobian ku nambih tanda baca + 
tanda kurung siku.


> hatur nuhun sateuacana 
> 
> sami-sami manawi wae kaanggo, hapunten elat ngawalerna. 
> 
> salam kenal kasadaya wargi sunda di forum ieu
> 
>  
> 
> baktos ti simkuring
> 
>  
> 
> yono
> 
> 
> Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Lebaran tangtung fitri kami
> 
> Assalaualaikum....
> 
> Para wargi, sim kuring mah lebaran ayeuna teh teu
> tiasa ka mana-mana sapertos sabiasana, nya seuseurna
> mah cekap silaturahmi di Bandung  sareng kadang wargi
> nu caraket. Ku kitu teh nya ngupahan maneh ku kotrat
> kotret  bari lalamunan aya di lembur sorangan alam
> padang poe panjang nu can tangtu saalam jeung nu
> sanes, tapi da taya bayana sabab alam sorangan, kieu
> dongengna:
> 
> 
> Fitri....
> 
> ......kanyataan sanggeus mampuh balik ka lembur banjar
> karang pamidangan di alam asal fitrah sorangan desa
> sorangan lembur sorangan nu jadi asal muasalna
> tangtung alam jati pada jati sungsieun sakabeh batur
> anu sajati. 
> 
> Kahontalna....
> .....sabab tamat puasa maehan 30 wincikan kajelemaan
> teu dahar teu nginum teu sahwat katut 27 itungan nu
> jadi ciri jelema. Beurang peuting sapoe apeuting
> tibalik belah. Beurangna pengkuh megung nafs
> kajelemaan ditahan tong bijil ti tangtung...kuat tara
> nepi ka bocor parahu si sarah dengdekna. Ari peutingna
> mah ngahaja mukakeun nafs kamahlukan ti jero saeutik
> ameh panggih jeung baturna di kadunyaan ;...roh sangu 
> panggih jeung sangu, roh sato panggih jeung sato
> kahakanan aing nu ngersakeunana tandaning rido....
> tanda sukuran kana rizki sorangan `wa ala rizkika
> aftartu'.  Jelema mah peuting hees, ieu terus nyaring
> nangtungkeun tangtung nu jadi kanyataan shalat
> Alif-lam-lam –he dadasar mim-he-mim–dal ku apal
> kanyataan He bijil tina Hu jadi ku ciciptaning Ha.
> 
> ....sabab pareng tadarus nataan 30 warna af'al alam,
> nunutur waktu bari neneda lailatul qadarna dina
> lelebah entak entakan romdhon. Ku jalan noongan
> lilikuran tangtung rikip misahkeun jangkep gangsalna,
> moro gangsal nunda jangkep sabab tohid nunggal euweuh
> baturna. Ameh `min kulli amri' tangtung meletus bijil
> jadi salam keur bekel metakeun qur'an bacaan nu
> sorangan keur sorangan di sorangan bacaeun, obat,
> eunteung salila kumelendang jadi rahmat di alaming
> tangtung. 
> 
> ......sampurnana.
> 
> Sabab kabeh difitrahan ku zazakat tangtung sorangan
> `yuzakihim', Cirining sanisabna sanisabna tara mere
> tara menta boh kurangna sok komo leuwih.. Sampurna 
> puasa, pantes panggih jeung fitri sorangan nu sorangan
> di sorangan, emh....lamun dina henteu kapohoan ....era
> teuing isin temen kunu murbeng alam nu jongok ka
> tangtung nu lebaran ku enyana...meureun teu kaasup `ma
> taghaa' na komo baid tepi ka jadi `taghut' taghaa ciri
> umat nu nyimpang sabab kaleuleuwihi teu apal nisab
> kamahlukan. Dina nyatana ulah aya batur nu nyaho,
> indung suku ge ulah dibejaan, bisi kadenge ku cakcak
> bodas, ku jalma alam jelema. Hayoh disebut majnun.
> 
> Dijalanna.....
> 
> Euh resep... rupa rupa deudeuleuan dedengean rarasaan
> wawayangan batur dunya. Pan kongas dina at-takatsur
> pek asaan mun kabeh nafs kajelemaan geus dikubur di
> sorangana...teu harirup deui sagawayah..bakal nempo
> kalawan ainal yakin...loba nu baralik hese cape ka
> lembur numpak sirath nu pinuh ku loba-loba, seleleket
> bau kelek jaln nu teu boga,  aya nu ngeunah bae di
> ac-an, aya nu  mangprung,  aya nu palastra  di
> jalanna.....batur batur nu ku rupa rupa, aya nu
> sareuri aya nu barungah aya nu rungsing ku BBM amal
> sok komo karunya teuing kanu teu barisa balik ka
> lembur sukur, nu aya kari waasna ...rus..ras teu puguh
> rarasaan..kaditu kadieu kamana mana... kumaha nya ari
> di lembur fitri alam jati ....beunangna ku lalamunan
> bari angger dipangumbaraan. Rungsing...  ditorah
> senang ku batur sabab breh agama breh darigama
> dunyana..teu karasaaeun ku sorangana..kurunyinyi teu
> puguh ancikan teu apal lembur sorangan. Teu mampuh
> sirna ning sirna di nu sorangan teu bisa kumambang di
> jati sorangan..da teu bisa balik.
> 
> Tepi ka ahir panungtungan romdhon geu paraeng tepi ka
> lembur....takbir euy takbir....takbir euy takbir.. eta
> kabeh ku kersaning Allah...urang mah kumaha
> bisana..pamohalan bisana...takbir euy...takbir..ulah
> unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan, ulah luntur ku
> usum ulah laas ku jaman ulah cueut ka nu hideung ulah
> ponteng ka nu koneng euy...takbir...takbir... meh
> isukan pas nafs muka deui teh bisa takbir bari
> nangtung dina tangtungan sorangan murub mancur
> gumebyar sunda moncorong di tangtung sumedang ka
> sakuriling siliwangi di pajajaran rea da jaya dina
> Dewata tedak Galunggung sasaka di kabantenan mawa
> bekel Muhammad. Mulya temen euy ...takbir metu di 7
> alam tangtung takbir  di 5 papat kalawan pancer
> sorangan lir lingga kabuyutan.
> 
> 
> Pas nincak naktu Lebaran........
> 
> (teraskeuneun)
> 
> 
> 
> 
> baktosna 
> Eddy Nugraha
> 
> 
> 
>       
>             
> __________________________________ 
> Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005 
> http://mail.yahoo.com
> 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai 
sanksi berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
selalu mengupdate antivirusnya.
> 
> 
> 
> 
> SPONSORED LINKS 
> Culture Bahasa indonesia Sunda 
> 
> ---------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS 
> 
> 
>     Visit your group "kisunda" on the web.
>   
>     To unsubscribe from this group, send an email to:
>  [EMAIL PROTECTED]
>   
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service. 
> 
> 
> ---------------------------------
> 
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>







PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke