Haturan Bah Wily oge baraya sadaya,

Sami Abah, si kuring oge sapamadegan, henteu pati optimis kana program early
warning system (EWS) keur tsunami + lini anu ayeuna mindeng ditabeuh. Salian
ti alesan anu ku Abah didadarkeun, nyaeta soal kaamanan alat tina laku
lampah vandalisme, aya alesan sejen anu pakait jeung perilaku (karakter)
lini jeung tsunami.

Ngeunaan karakter lini + tsunami teh kieu. Nepi ka danget ieu, teu acan aya
ilmuwan anu bisa ngaramalkeun iraha kajadian lini atawa tsunami. Eta fakta
anu kaiji. Anu kaduana, waktu antara kajadian lini nepi ka mucunghulna
bencana tsunami kawilang singget, umumna antara 15 menit nepi ka 20 menit.
Dina jero waktu sakitu, sistem peringatan dini (EWS) kudu ngitung/mroses
data jeung nepikeun informasi ka alat-alat wawar ayana bahaya.

Disawang tina jihat mitigasi bencana (usaha-usaha pikeun nyinglar
jeung/atawa ngurangan resiko bencana) eta waktu anu 20 menitan teh kacida
samporetna. Keur mroses data wae diperlukeun waktu kl 5 menitan, keur
nepikeun data ka statsion-statsion wawar gumantung anggang (jarak) antara
alat jeung statsiun. Anu jelas, diperlukeun waktu memenitan nepi ka puluhan
menit. Ari waktu keur masyarakat di lokasi deukeut sumber kajadian keur
narima wawar jeung nyalametkeun diri kabagean keneh? Kuring mah asa pesimis
kana jawaban kabagean keneh teh. Kukituna, alat-alat EWS anu hargana kacida
mahalna bisa jadi loba mubadzirna, tinimbang manfaatna.

Peralatan EWS karek bisa aya manfaatna lamun sumber lini jeung tsunami teh
ayana di wewengkon anu jauh ti lokasi peralatan. Sakumaha jauhna? nya
kira-kira cukup waktu antara ngawawarkeun baris mucunghulna bencana nepi ka
masyarakat anu jadi sasaran wawar bisa nyalametkeun diri.

Kumaha atuh ketak urang pikeun nyinglar bencana lini + tsunami? Dina
lebah dieu si kuring leuwih condong kana usaha-usaha sosialisasi bencana
pikeun ngawnagun kasiap-siagaan narima bencana. Dina sosialisasi
diberedelkeun cara-cara ngungsi, jalur-jalur pikeun nyinglar bahaya, jeung
evakuasi. Usaha sejenna dina raraga mitigasi bencana anu leuwih mungkin mawa
hasil nyaeta penataan ruang wewengkon basisir. Upamana wae, antara biwir
laut nepi ka sababaraha ratus meter ka darat ulah aya pemukiman. Oge, di
daerah-daerah anu kacida rawanna ku bahaya lini jueng tsunami dijieun
bangunan-bangunan "peredam" ombak tsunami jeung disain bangunan tanah lini.
Pikeun hal ieu, samemehna wewengkon anu mindeng keuna lini jeung tsunami
kudu digambarkeun (dipetakeun). Sabagean ti hal anu bieu disebutkeun geus
dilaksanakeun ku instansi pamarentah (Badan Geologi), diantarana: peta
kawasan rawan bencana.

Tinimbang milyaran atawa trilyuna dana/beaya dibeakeun pikeun ngayakeun
jeung masang peralatan EWS, asana jauh leuwih ngajangjikeun harepan hasil
mitigasi bencana upama eta dana/beaya dipake pikeun sosialisasi jeung
penataan atawa relokasi ruang wewengkon basisir atawa wewengkon anu mindeng
keuna ku lini jeung tsunami.

Cag heula.
baktos,
manAR




On 7/21/06, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kuring mah, tetep skeptis soal masang detektor Tsunami di urang.
> Sabab bangsa urang mah masih gede sifat vandalismena. Detektor nu
> hargana bisa ratusan juta hijina, bisa laleungitan dicokotan kunu
> iseng. Sababraha sasih kapengker kungsi diwartoskeun detektor
> seismograph keur nitenan gunung api di Sumatera leungit dipaling.
> Salain sifat vandalismeu, oge ku teu ngarti. Can patos lami aya
> wartos di NTT, aya pamayang mendakan detektor di laut, kulantaran
> disangka bom,  margi bentukna jiga bom, eta "bom" teh diangkut ka
> darat dicandak ka kantor pulisi. Padahal cenah eta detektor teh
> dipasang ku Badan Meteorologi Internasional.
>
> Sifat sok maling barang milik publik, nerekab pisan di urang. Ti
> pot kembang di taman kota, Tanda rambu Lalu lintas tepi ka tihang
> listrik tegangan tinggi, sarua teu aman sok dipaling. Malah
> kuring waktu ka Madura ngareungeu beja, sulubung alumnium tihang
> pancang sasak Surumadu (sasak Surabaya - Madura), laleungitan,
> sakitu eta teh dijero laut. SUlubung alumnium ieu gunana keur
> supaya tihang pancang teu keuna ku korosi/karat.
>
> Peuting tadi kuring ngareungeu dina TV, anggota DPR nyarios
> kalawan sumanget soal masang early warning system keur tsunami.
> Tapi ceuk kuring mah danana kudu ditambah deui keur ngadidik
> heula masyarakat urangna ..........."percomah" masang itu-ieu,
> ari engkena ukur jadi bangkarak nu euweuh gunana .....
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Great things are happening at Yahoo! Groups.  See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/TISQkA/hOaOAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke