Haturan Kang Riksanagara, Kang Apri oge sadaya anu haat merhatoskeun ieu
jejer,

Nuhun kana pamairanana. Hayu urang teraskeun diskusi ieu jejer EWS. Sugan
wae ku cara dikusi kalawan jembar, naon anu dipadungdengkeun nyoko kana
hasil anu seukeut. Upama tetep EWS dipayunkeun, EWS anu model kumaha sareng
kumaha prak-prakanana?. Upama EWS engke wae heula, lengkah naon anu peryogi
dikapayunkeun. Sadayana dina raraga "mitigasi bencana" (ngurangan resiko
bencana dugi ka tingkat minimal).

Leres, upami dibandingkeun sareng dana BLBI (artos rahayat) anu ambles mah
sigana teu sataikuku2 acan dana keur ngayakeun + masang alat EWS teh. Kitu
oge gumantung alat anu canggihna siga kumaha jeung sabaraha lobana anu arek
dipasang.

Disagigireun masih cangcaya kana efektivitas alat dina ngolah data jeung
nepikeunana ka masyarakat sasaran, si kuring oge masih ngaragukeun kana
kasayogian infrastruktur + perilaku masyarakat anu diperlukeun. Dina lebah
dieu, sanes teu peryogi kana EWS, ngan EWS anu kumaha anu bisa dimekarkeun
keur masyarakat Indonesia danget ieu?

Dina kaayaan vandalisme anu masih mahabu (sabagian akibat kurangna atikan +
kasadaran masyarakat, sabagean deui alatan kamiskinan masyarakat),
infrastruktur informasi, pangaweruh, jeung kamampuh masyarakat
dina prak-prakanana evakuasi + ngungsi nyinglar bencana, bawiraos aya hal
anu langkung murah anu sakedahna diheulakeun. Samemehna, patarosan-patarosan
di handap ieu kedah kawaler heula upami EWS canggih bade dipasang:

1. "Naha parantos aya peta kawasan rawan bencana dugi ka "pengambil
keputusan" tiasa milih tempat-tempat anu pang pantesna dipasang EWS
dibanding jeung kasayogian dana keur nyadiakeun EWS anu terbatas?"

2. "Naha infrastruktur sanesna (pangolah data dugi ka jadi informasi
berguna, sarana pikeun nyalabarkeun informasi boh sirene atawa anu
sajenisna, jst) anu diperyogikeun tos sayogi di satiap wewengkon tempat EWS
dipasang?"

3. Naha masyarakat dimana EWS dipasang parantos dipaparinan tatacara
nyinglar bahaya/ bencana, khususna dina jero waktu ngawitan EWS maparinan
iber dugi ka masyarakat ngungsi ka tempat anu aman?"

Patali sareng 3 patarosan di luhur, di handap ieu katerangan saterasna
sangkan langkung jelas:

1. Ngayakeun EWS dina kaayaan kakuatan ekonomi Pamarentah anu heureut tangtu
moal bisa ngawengku sakabeh basisir Indonesia. Kukituna kudu aya skala
prioritas. Sangkan skala prioritas ieu bisa kredibel, tangtu milih tempat
prioritas teh kudu dumasar skala potensi bencana anu biasana digambarkeun
dina wangun peta (kar). Peta kawasan rawan bencana penting pikeun dasar
masang alat EWS.

2. EWS kawilang henteu aya gunana upama infrastruktur saterasna pikeun
nepikeun informasi ka masyarakat tujuan henteu lengkep. Upamana wae,
patarosan ieu ngait langsung kana patarosan nomer 2 di luhur: "Informasi
meunang ngolah EWS teh rek ditepikeun heula ka (pamarentah/lembaga) pusat
(Jakarta) atawa langsung ka masyarakat satempat/tujuan?".

Upama informasi hasil olahan EWS rek ditepikeun heula ka pusat, sarana
komunikasi naon anu rek dipake nepikeunanana ka masyarakat tujuan (naha sms,
telepon, jst)? Naha tos sayogi sarana/infrastrukturna kanggo eta peralatan
ngadugikeun informasi di/ka daerah tujuan? Upama imformasi hasil EWS rek
ditepikeun langsung ka masyarakat, naha geus siap infrastruktur di
daerah/padumukan/wewengkon eta masyarakat anu dituju?

Dina lebah dieu si kuring masih cangcaya kana infratruktur sakumaha anu ku
Bah Wily dipedar. Komo modus anu kadua mah (hasil informasi olahan EWS
langsung ditepikeun ka masyarakat), kusabab sakitu kaayaan daerah-daerah
wewengkon bencana anu umumna masih katinggaleun dina kamajuan teknologi.

3. Patali sareng patarosan nomer 3 di luhur, kaayaan (perilaku) masyarakat
sasaran EWS perlu pisan ngarojong. Dina leresan dieu, sanes wae anti
vandalisme + kasadaran masyarakat anu masih kurang, namung pangaweruh +
kaparigelan masyarakat ti kawit nampi informasi EWS dugi ka nyinglar bencana
kalawan tarapti/aman sakumaha sasaran mitigasi bencana masih kurang. Minimal
si kuring percaya hal eta masih kurang, sabab, nengetan data anu aya, nepi
ka ayeuna kagiatan sosialisasi ngeunaan bencana jeung tatacara
nyinglarkeunana teh masih kurang dilaksanakeun, boh ku Pamarentah atawa
LSM2.

EWS asana baris bisa efektif pisan upama masyarakat geus mikawanoh potensi
bencana anu aya di daerahna masing-masing, kaasup kamana wae jalur
pangungsian jeung prak-prakana ngungsi anu aman.

Kacindekan:

Sakurang-kurangna masang EWS teh kudu sapaket jeung sosialisasi mitigasi
bencana. Jelasna, di sagigireun EWS dipasang di hiji lokasi anu
kapilih, sosialisasi atawa nepikeun pangaweruh ngeunaan jeung kaparigelan
nyinglar bahaya (kasiapsiagaan ngungsi jeung prak-prakan ngungsi anu aman)
kudu prak dilaksanakeun dina sawaktu atawa meh bareng. Pikeun hal eta,
tangtu merlukeun biaya anu henteu saeutik. Upama biaya teh teu nyukupan,
mana anu kudu diheulakeun? Naha masang EWS atawa sosialisasi?

Pikeun jawaban patarosan anu akhir bieu, si kuring leuwih milih sosialisasi
anu diheulakeun.
Sosialisasi upama direncanakeun kalawan daria (sungguh-sungguh) bisa
mere sababaraha kauntungan, malah bisa ngalahirkeun "EWS" anu lahir tina
kaarifan budaya lokal. Kauntungan-kauntungan tina sosialisasi diantarana :

1. Umumna sosialisasi paling saeutik dilaksanakeun dua poe (sapoe ceramah
jeung tanya jawab; sapoe deui simulasi nyinglarkeun bahaya). Dina sajero dua
poe eta masyarakat ngarasa dibaturan pikeun nyiapkeun mentalna nyanghareupan
bahaya anu kamumgkinan baris datang (deui).

2. Dina survey awal pikeun sosialisasi, panitia bisa ngalaksanakeun
wawancara anu jero ngeunaan sababaraha hal pakait bencana. Upama wae:

1) Maluruh informasi ti masyarakat anu nandangan bencana ngeunaan
tanda-tanda alam anu real kaalaman ku masyarakat samemeh kajadian bencana
(budah laut, bau asin cai laut anu ngaronjat atawa tanda-tanda alam sejenna
anu khas di masing-masing daerah). Ieu informasi engkena bisa jadi
ngarumuskeun "EWS kearifan lokal" anu bisa jadi leuwih manfaat (aya contona
tina kasus tsunami di Aceh).

2) Maluruh informasi ngeunaan nepi ka mana wae jauhna cai (ombak laut)
tsunami nyeblok darat. Hal ieu penting pikeun data/informasi penataan ruang
ka hareup.

Upama wae di Pangandaran, numutkeun informasi ti masyarakat, ombak tsunami
teh nepe ka 1 km jauhna ka darat. Dumasar ieu informasi ka hareupna bisa
dilakukeun penataan ruang samodel kieu: a) antara 0 - 100 m ti biwir laut
(tbl) lahan dikosongkeun tina sagala rupa bangunan, boh pemukiman atawa
bangunan umum, bari dipelakan tatangkalan anu laluhur pikeun nahan ombak; b)
antara 100 - 200 m tbl lahan dikosongkeun tina sagala rupa bangunan kajaba
fasilitas rekreasi (bangku-bangku tempat nyawang pamandangan, jst), c)
antara 200 - 500 m tbl karek aya bangunan fasilitas umum,
sedengkeun pemukiman tetep teu meunang aya, d) antara 500 - 1000 m tbl
pemukiman terbatas (imah penjaga pantai, arena rekreasi) karek diijinkeun
aya, e) ti 1000 tbl karek meunang aya pemukiman.

3) Dina acara sosialisasi ditepikeun pangaweruh ngeunaan asal-usul bencana,
sajarah kajadian jeung lobana korban di tiap tempat anu kungsi kajadian
jeung naon sabab-sababna eta loba korban. Dina ieu acara, mataholangna
masyarakat diajar akrab jeung bencana lengkep jeung tatacara
nyinglarkeunana. Kukituna, masyarakat di daerah potensin bencana geus
dibekelan boh pangaweruhna (knowledge), kaparigelanana (skill), oge
mentalna. Asana, hal baris lumayan mere kasiapsiagaan ka masyarakat sasaran
tinimbang ukur dibekelan alat EWS anu can tangtu kaharti kumaha prak-prakan
gawena eta alat

-------------
Cag sakitu heula, wilujeng diskusi saterasna.

baktos,
manAR

On 7/22/06, riksanagara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kahatur Kang Oman, Bah Waluya sareng Kang Apri,...
>
> Punten ah,...sakedik ngiringan
>
> 1. Abdi sapagodos pisan kana pamendakna kang Apri,....dana kanggo
> TEWS teh teu `sapira` dibandingkeun dana BLBI (artos rahayat) anu
> `amblas` diembat/digasab/dirampok ku sababaraha warga Indonesia (anu
> seuseurna `sipit`) anu disupport ku para gegeden anu gaduh kawasa.
> Kedah sabaraha seueur deui rahayat alit anu kedah janten korban?
>
> 2. Cobi we upami Bumi na para gegeden (misalna Menteri; gubernur ;
> dirjen; anggota DPR jrrd) maksadna anak pamajikan nana aya di garis
> pantai laut selatan, caket sareng pangandaran,....(upami misalna
> Jakarta teh aya di pantai selatan), pasti `kumaha carana` program
> EWS teh bakal diimplementasikeun saenggal-enggalna. Janten anu
> janten masalah na mah sabaraha ageung na program TEWS berinterface
> sareng `kepentingan` para gegeden anu ngawasa di Indonesia.
>
> 3. Upami di Thailand nagara anu teu langkung beunghar ti Indonesia
> EWS anu terintegrasi sareng masyarakat tiasa di implementasikeun
> (ayeuna tos dipasang, sanes rencana)kedahna di Indonesia oge tiasa.
> Mugia we di antara para gegeden ieu masih keneh aya anu dikersakeun
> ku Gusti Alloh ngagaduhan kanyaah; ridho sareng ikhlas  ngabela
> rahayat alit.
>
> Baktos
> RN
>
>
> --- In [email protected], "M. Apri" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke