Haturan Ki Oman
Leres pisan anu tos di jejerkeun ju salira yen
peryogina sosialisasi langsung ka masyarakat, supados
masing-masing daerah ngagaduhan cara saluyu sareng
adat kabiasaan masing-masing sapertos istilah "SMONG"
di Simeuleu, nyaeta masyarakat tos biasa ngungsi ka
perbukitan dimana aya gempa, margi tos biasa sering
laut pasang upami tos aya gempa.(nyaeta Tsunami tea).
Salian ti anu di beberkeun ku ki Oman panalungtikan si
kuring aya nu di peryogikeun " di prioritaskan" nyaeta
ngadamel Tanggul "pelindung atanapi pengelak" anu
luhur nu tiasa di anggo pangungsian sakantenan,
misalna di pangandaran ngadamel tanggul ngarupikeun
bukit nu di jangkungkeun tiasa dianggo lapangan parkir
sareng difungsikeun kanggo panahan ombak atanapi
tempat berlindung/ngungsi sementara para pengunjung
dimana aya tsunami. sigana wangunan model kitu
diperyogikeun di kawasan tempat wisata, nu lokasina
tong tebih teuing ti pantai margi dimana lumpat teh 10
menit tos dugi. mun teu lepat dina uraian ki Oman teu
acan kabahas perkawis wangunan pengelak atanapi
pelindung.
Memang leres nu diperyogikeun pisan ku urang sadayana
terutami ku masyarakat umum nyaeta pangaweruh tea, nya
mudah2 an ku ayana anggaran pendidikan naek dina
taun-taun nu bakal dongkap tiasa ningkatkeun
pangaweruh bangsa indonesia umumna. nya sosialisasi nu
langsung ka masyarakat langkung peryogi dipayunken
bari disarengan  ku ngawangun sistim EWS tea. Upami
teu lepat nguping BMG tos ngadamel sistim informasi
lewat SMS nu bakal didugikeun ka para sesepuh daerah
rawan tsunami, sareng ka para penentu kebijakan dimana
aya gempa nu bakal ngadongkapkeun Tsunami.  Nguping
wawancara petinggi BMG di Radio El-shinta. 
Hatur nuhun Kang Oman.

--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Haturan Kang Riksanagara, Kang Apri oge sadaya anu
> haat merhatoskeun ieu
> jejer,
> 
> Nuhun kana pamairanana. Hayu urang teraskeun diskusi
> ieu jejer EWS. Sugan
> wae ku cara dikusi kalawan jembar, naon anu
> dipadungdengkeun nyoko kana
> hasil anu seukeut. Upama tetep EWS dipayunkeun, EWS
> anu model kumaha sareng
> kumaha prak-prakanana?. Upama EWS engke wae heula,
> lengkah naon anu peryogi
> dikapayunkeun. Sadayana dina raraga "mitigasi
> bencana" (ngurangan resiko
> bencana dugi ka tingkat minimal).
> 
> Leres, upami dibandingkeun sareng dana BLBI (artos
> rahayat) anu ambles mah
> sigana teu sataikuku2 acan dana keur ngayakeun +
> masang alat EWS teh. Kitu
> oge gumantung alat anu canggihna siga kumaha jeung
> sabaraha lobana anu arek
> dipasang.
> 
> Disagigireun masih cangcaya kana efektivitas alat
> dina ngolah data jeung
> nepikeunana ka masyarakat sasaran, si kuring oge
> masih ngaragukeun kana
> kasayogian infrastruktur + perilaku masyarakat anu
> diperlukeun. Dina lebah
> dieu, sanes teu peryogi kana EWS, ngan EWS anu
> kumaha anu bisa dimekarkeun
> keur masyarakat Indonesia danget ieu?
> 
> Dina kaayaan vandalisme anu masih mahabu (sabagian
> akibat kurangna atikan +
> kasadaran masyarakat, sabagean deui alatan
> kamiskinan masyarakat),
> infrastruktur informasi, pangaweruh, jeung kamampuh
> masyarakat
> dina prak-prakanana evakuasi + ngungsi nyinglar
> bencana, bawiraos aya hal
> anu langkung murah anu sakedahna diheulakeun.
> Samemehna, patarosan-patarosan
> di handap ieu kedah kawaler heula upami EWS canggih
> bade dipasang:
> 
> 1. "Naha parantos aya peta kawasan rawan bencana
> dugi ka "pengambil
> keputusan" tiasa milih tempat-tempat anu pang
> pantesna dipasang EWS
> dibanding jeung kasayogian dana keur nyadiakeun EWS
> anu terbatas?"
> 
> 2. "Naha infrastruktur sanesna (pangolah data dugi
> ka jadi informasi
> berguna, sarana pikeun nyalabarkeun informasi boh
> sirene atawa anu
> sajenisna, jst) anu diperyogikeun tos sayogi di
> satiap wewengkon tempat EWS
> dipasang?"
> 
> 3. Naha masyarakat dimana EWS dipasang parantos
> dipaparinan tatacara
> nyinglar bahaya/ bencana, khususna dina jero waktu
> ngawitan EWS maparinan
> iber dugi ka masyarakat ngungsi ka tempat anu aman?"
> 
> Patali sareng 3 patarosan di luhur, di handap ieu
> katerangan saterasna
> sangkan langkung jelas:
> 
> 1. Ngayakeun EWS dina kaayaan kakuatan ekonomi
> Pamarentah anu heureut tangtu
> moal bisa ngawengku sakabeh basisir Indonesia.
> Kukituna kudu aya skala
> prioritas. Sangkan skala prioritas ieu bisa
> kredibel, tangtu milih tempat
> prioritas teh kudu dumasar skala potensi bencana anu
> biasana digambarkeun
> dina wangun peta (kar). Peta kawasan rawan bencana
> penting pikeun dasar
> masang alat EWS.
> 
> 2. EWS kawilang henteu aya gunana upama
> infrastruktur saterasna pikeun
> nepikeun informasi ka masyarakat tujuan henteu
> lengkep. Upamana wae,
> patarosan ieu ngait langsung kana patarosan nomer 2
> di luhur: "Informasi
> meunang ngolah EWS teh rek ditepikeun heula ka
> (pamarentah/lembaga) pusat
> (Jakarta) atawa langsung ka masyarakat
> satempat/tujuan?".
> 
> Upama informasi hasil olahan EWS rek ditepikeun
> heula ka pusat, sarana
> komunikasi naon anu rek dipake nepikeunanana ka
> masyarakat tujuan (naha sms,
> telepon, jst)? Naha tos sayogi
> sarana/infrastrukturna kanggo eta peralatan
> ngadugikeun informasi di/ka daerah tujuan? Upama
> imformasi hasil EWS rek
> ditepikeun langsung ka masyarakat, naha geus siap
> infrastruktur di
> daerah/padumukan/wewengkon eta masyarakat anu
> dituju?
> 
> Dina lebah dieu si kuring masih cangcaya kana
> infratruktur sakumaha anu ku
> Bah Wily dipedar. Komo modus anu kadua mah (hasil
> informasi olahan EWS
> langsung ditepikeun ka masyarakat), kusabab sakitu
> kaayaan daerah-daerah
> wewengkon bencana anu umumna masih katinggaleun dina
> kamajuan teknologi.
> 
> 3. Patali sareng patarosan nomer 3 di luhur, kaayaan
> (perilaku) masyarakat
> sasaran EWS perlu pisan ngarojong. Dina leresan
> dieu, sanes wae anti
> vandalisme + kasadaran masyarakat anu masih kurang,
> namung pangaweruh +
> kaparigelan masyarakat ti kawit nampi informasi EWS
> dugi ka nyinglar bencana
> kalawan tarapti/aman sakumaha sasaran mitigasi
> bencana masih kurang. Minimal
> si kuring percaya hal eta masih kurang, sabab,
> nengetan data anu aya, nepi
> ka ayeuna kagiatan sosialisasi ngeunaan bencana
> jeung tatacara
> nyinglarkeunana teh masih kurang dilaksanakeun, boh
> ku Pamarentah atawa
> LSM2.
> 
> EWS asana baris bisa efektif pisan upama masyarakat
> geus mikawanoh potensi
> bencana anu aya di daerahna masing-masing, kaasup
> kamana wae jalur
> pangungsian jeung prak-prakana ngungsi anu aman.
> 
> Kacindekan:
> 
> Sakurang-kurangna masang EWS teh kudu sapaket jeung
> sosialisasi mitigasi
> bencana. Jelasna, di sagigireun EWS dipasang di hiji
> lokasi anu
> kapilih, sosialisasi atawa nepikeun pangaweruh
> ngeunaan jeung kaparigelan
> nyinglar bahaya (kasiapsiagaan ngungsi jeung
> prak-prakan ngungsi anu aman)
> kudu prak dilaksanakeun dina sawaktu atawa meh
> bareng. Pikeun hal eta,
> tangtu merlukeun biaya anu henteu saeutik. Upama
> biaya teh teu nyukupan,
> mana anu kudu diheulakeun? Naha masang EWS atawa
> sosialisasi?
> 
> Pikeun jawaban patarosan anu akhir bieu, si kuring
> leuwih milih sosialisasi
> anu diheulakeun.
> Sosialisasi upama direncanakeun kalawan daria
> (sungguh-sungguh) bisa
> mere sababaraha kauntungan, malah bisa ngalahirkeun
> "EWS" anu lahir tina
> kaarifan budaya lokal. Kauntungan-kauntungan tina
> sosialisasi diantarana :
> 
> 1. Umumna sosialisasi paling saeutik dilaksanakeun
> dua poe (sapoe ceramah
> jeung tanya jawab; sapoe deui simulasi nyinglarkeun
> bahaya). Dina sajero dua
> poe eta masyarakat ngarasa dibaturan pikeun
> nyiapkeun mentalna nyanghareupan
> bahaya anu kamumgkinan baris datang (deui).
> 
> 2. Dina survey awal pikeun sosialisasi, panitia bisa
> ngalaksanakeun
> wawancara anu jero ngeunaan sababaraha hal pakait
> bencana. Upama wae:
> 
> 1) Maluruh informasi ti masyarakat anu nandangan
> bencana ngeunaan
> tanda-tanda alam anu real kaalaman ku masyarakat
> samemeh kajadian bencana
> (budah laut, bau asin cai laut anu ngaronjat atawa
> tanda-tanda alam sejenna
> anu khas di masing-masing daerah). Ieu informasi
> engkena bisa jadi
> ngarumuskeun "EWS kearifan lokal" anu bisa jadi
> leuwih manfaat (aya contona
> tina kasus tsunami di Aceh).
> 
> 2) Maluruh informasi ngeunaan nepi ka mana wae
> jauhna cai (ombak laut)
> tsunami nyeblok darat. Hal ieu penting pikeun
> data/informasi penataan ruang
> ka hareup.
> 
> Upama wae di Pangandaran, numutkeun informasi ti
> masyarakat, ombak tsunami
> 
=== message truncated ===


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke