UNPAD & ITB

Ti jaman baheula keneh, Mahasiswa ITB jeung UNPAD sok paagul-agul ku 
Kampusna, sadayana asa pangakangna. Kacaritakeun Aya alumni UNPAD, geus 
lila lulus, tapi acan digawe wae, maklum ayeuna mah neangan gawe teh 
hese. Kabeneran aya nu nawaran digawe, di Kebon Binatang. Manehna kudu 
make papakean nu siga maung, keur ngahibur panonton. Nya kapaksa we 
ditarima, tibatan nganggur.

Pas waktuna digawe, manehna make papakean siga maung, Na ari geblus teh 
diasupkeun kana kandang Singa!. Kacida reuwasna, sabab dijero teh aya 
Singa mangkaning huntuna mani ranggeteng. Bakating ku sieun, teu 
sirikna ngiihan maneh, manehna ngompod dijuru ngadaregdeg.

Keur sieun kitu, singa teh kalahka ngadeukeutan, "Ssssst ..... kuring 
oge lulusan ITB", cenah....

Baktos,
WALUYA
[Bodor ti baraya    


--- In [email protected], Yeni Kurniatin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Aya deui teu Kang... nuju lieur yeuh usum audit, butuh nu rada bodor-
bodor!!
>    
>   Oeti! 






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke