USUM SINGGETAN Baheula, keur usum nyingget ngaran, boh ngaran jelema, tempat, pagawean jeung sajabana loba singgetan anu lalucu jeung piseurieun. Sakapeung singgetan teh rada ngeleketek atawa cawokah. Sababaraha diantarana jadi ngetop. Keur ngingetkeun deui, upamana wae, ti Bimbo baheula dina hiji laguna aya sababaraha singgetan sakumaha di handap ieu: Perancis : Perapatan Ciamis Gudman-gudmin : gudang makanan- gudang minuman PSB : pusat susu bandung/persatuan sepak bola bogor Pendekar : pendek dan kekar Jaka : Jawata Karetaapi
Harita, kacaritakeun jang Gatot, urang wetan anu geus lila ngumbara di Bandung, hareupeun imahna masang ngaran make singgetan, kieu unina: Ir (baca: i er) Gatot, MSc. Hiji waktu, sobatna, Mas Peno, anu apal persis kana riwayat hirup Kang mas Gatot nganjang ka bumina. Waktu geus aya di bumina, kajadian obrolan kieu (ditarjamahkeun): Mas Peno : "Mas, naha anjeun masang gelar hebat hareupeun ngaran, apan sakola teh ukur nepi ka SMA?" Mas Gatot : "Gelar anu mana?" Mas Peno : "Eta dina plang ngaran hareupeun imah?" Mas Gatot : "Oh nu eta?", "Eta mah singgetan status imah jeung riwayat pagawean kuring", Mas Peno : "Status imah jeung riwayat pagawean kumaha?" Mas Gatot kalem :" Ir Gatot MSc maksudna 'Ini rumah Gatot mantan supir camat!. Mas Peno ngabarakat: "Hahaha, aya-aya wae". baktos, manAR On 8/2/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > UNPAD & ITB > > Ti jaman baheula keneh, Mahasiswa ITB jeung UNPAD sok paagul-agul ku > Kampusna, sadayana asa pangakangna. Kacaritakeun Aya alumni UNPAD, geus > lila lulus, tapi acan digawe wae, maklum ayeuna mah neangan gawe teh > hese. Kabeneran aya nu nawaran digawe, di Kebon Binatang. Manehna kudu > make papakean nu siga maung, keur ngahibur panonton. Nya kapaksa we > ditarima, tibatan nganggur. > > Pas waktuna digawe, manehna make papakean siga maung, Na ari geblus teh > diasupkeun kana kandang Singa!. Kacida reuwasna, sabab dijero teh aya > Singa mangkaning huntuna mani ranggeteng. Bakating ku sieun, teu > sirikna ngiihan maneh, manehna ngompod dijuru ngadaregdeg. > > Keur sieun kitu, singa teh kalahka ngadeukeutan, "Ssssst ..... kuring > oge lulusan ITB", cenah.... > > Baktos, > WALUYA > [Bodor ti baraya > > > --- In [email protected], Yeni Kurniatin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Aya deui teu Kang... nuju lieur yeuh usum audit, butuh nu rada bodor- > bodor!! > > > > Oeti! > > > > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu > mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
