Wa'alaikumsalaam w. w.

Bagea, Kang Usan ti Garut. Nepangkeun, kuring sikandar, ti Garut oge...

Ngeunaan kamus Sunda, aya sababaraha anu kuring rada apal:
* Kamus Sunda LBSS, medal taun... (hilap deui, pokona mah tos lami)
* Kamus Sunda Sacadibrata, medal ulang taun kamari asana mah (Kiblat Buku
Utama)
* Kamus Sunda-Indonesia, medal sababaraha taun ka pengker, disusun ku dosen
Unpad, dibagi kana sababaraha jilid
* Kamus Sunda dina basa Inggris, disusun ku R. Harjadibrata, medal awal taun
2000-an (Pustaka Jaya)

Lian ti kamus2 dadaran di luhur, aya oge kamus alihbasa praktis, kenging
nyusun Budi Rahayu Tamsyah (Pustaka Setia). Lajeng kamus nu dilengkepan ku
gambar, disusun ku Tatang Sumarsono.

Ngeunaan tata basa, sigana mah anu kawilang lengkep teh nu judulna "Maher
Basa Sunda", disusun ku Tatang Sumarsono (Geger Sunten).

Hapunten bisi nu di luhur katrangan2ana salah (da ukur beunang ngawangwang).
Mangga, kantun milih.

On 12/08/06, Ruslan Abdul kohar wrote:
>
>   Assalamu'alaikum Wr. Wb.
> Tepangkeun nami abi usan, asal ti Garut. Punten, abi bade naroskeun ari
> kamus sunda anu lengkap sareung buku tata basa basa sunda anu sae penerbitna
> saha?
>


-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke