LEMBUR TAMAN
itu eugeun si utun
ayeuna cu(n)duk ti timur,
ayeuna datang ti wetan
datangna ti Rabu Palah
Kakakra cu(n)duk ti gunung,
Kakara datang ti wetan,
Cu(n)duk ti gunung damalung,
Datangna ti Pamrihan
Datang ti lurah Pajajaran
Sadatang ka Bukit Ageung
Eta hulu Cihaliwung,
Kabuyutan ti Pakuan
Sanghiang Talaga Warna
Jarakna mah teu jauh ti puseur Kota Bogor ngan 8 Km-an. Ti tugu kujang naek
angkot nu deuk ka BTM ti BTM karek naek nu ka SBR. ngan 20 menit geus nepi ka
jalan nurkim, timimiti didinya kaayaan asalna bogor nu paciweuh jadi
harengheng, angin gunung , ngahiliwir tiis beda jeung di kotana, komo deui
pasawahan geus katingali hejona, nya puguh deui sora cai di cipamali nu aya di
SBR. Didinya nepi weh ka Menteng, ngareret ka belah kiwa aya lapangan bola urut
ngagelar Seren TAUN 2006, geus kitu kari leumpang ka Menteng nya jarakna saukur
500 m ka Kampung sunda teh, di parjalanan ka Kampung Sunda geus aya wisata
sejarah , nya panan Sindang Barang teh beunghar ku Situs Arkeologina, nya geus
lila kuring geus nepi ka Kampung Sunda nu ku pupuhuna dingaranan Lembur
Taman,mimiti rek asup ka Lembur Taman eta geus aya tulisan Sunda bahuela nu
hartina Wilujeung Sumping, nya ari gapura na mah nyutat ti Gerbang Pakuan nu
sakumaha ceuk tokoh budayawan Sunda.
Ret deui pasawahan ngaplak jeung aya pancuran leutik, ceuk nu ngarsitekan ieu
taman ieu pancuran teh paragi ngumbah sanggeus macul atawa tatanen di sawah.
Hiliwir deui angin gunung, ret ka belah kiwa kasaprak gunung salak, laju weh
asup ngalewatan eta gapura bari ngagerendeng dinu jero hate teh Sampurasun.
Sanggeus ngalewatan gapura geus katingali aya kana 9-an leuit nu ukuranna aya 2
meterean jeung hiji leui gede nu diaranan "Leuit Nyi Ratna Inten". angin
haliwir rada badag, di tuluyan ku kawas sora budak ceurik, ret ka luhur heueuh
calintuh disada, matak pikasieunen mun teu nyaho mah, panan sora calintuh teh
kawas budak nu ceurik, teu lila angin ngahiliwir badag pisan sora kolecer meni
matak pikawaaseun.
Teu kungsi aya nu nyalukan sina asup ka imah semah, didinya keur ngaliweut
make lauk peda nya ari komporna mah ti hawu keneh, ret kanu cai enteh nu hanuet
keneh jeung kulub hui jeung oli jepret.Teu lila aya nu keur latihan niup
karinding, mun ditelek-telek teh geuningan sorana kawas gitar, eta nu latihan
karinding teh di imah ajeng.
... nyambung
seja mapagkeun diri
ku teuteup anu geugeut
ku raray hegar marahmay
sangkan diri miboga kaluhungan elmu
kejembaran watak nu geus ngancikkiwari
http://www.serentaunsbr.multiply.com
http://www.geocities.com/jajaka_subang
---------------------------------
The all-new Yahoo! Mail goes wherever you go - free your email address from
your Internet provider.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/