Kampung Sunda di Tatar Sunda?

Upama maca judulna hungkul mah matak helok ieu
postingan teh. Naon nu matak helok teh, aya 'Kampung
Sunda' di Tatar Sunda. Naha ari kampung sejen nu
kiwari masih mayoritas di Tatar Sunda, geus teu jadi
'Kampung Sunda' deui kiru. Sanggeus maca eusina karek
eungeuh, sihoreng aya 'Kampung Taman', hiji replika
kampung nu cenah nyonto jiga kaayaan kampung jaman
bihari. 

salam,
mh

--- : boedax angon: : Tue Aug 22 22: 25: [EMAIL PROTECTED],
  <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> LEMBUR TAMAN
>    
>   itu eugeun si utun
>   ayeuna cu(n)duk ti timur,
>   ayeuna datang ti wetan
>   datangna ti Rabu Palah
>    
>   Kakakra cu(n)duk ti gunung,
>   Kakara datang ti wetan,
>   Cu(n)duk ti gunung damalung,
>   Datangna ti Pamrihan
>   Datang ti lurah Pajajaran
>    
>   Sadatang ka Bukit Ageung
>   Eta hulu Cihaliwung,
>   Kabuyutan ti Pakuan
>   Sanghiang Talaga Warna
>    
>   Jarakna mah teu jauh ti puseur Kota Bogor ngan 8
> Km-an. Ti tugu kujang naek angkot nu deuk ka BTM ti
> BTM karek naek nu ka SBR. ngan 20 menit geus nepi ka
> jalan nurkim, timimiti didinya kaayaan asalna bogor
> nu paciweuh jadi harengheng, angin gunung ,
> ngahiliwir tiis beda jeung di kotana, komo deui
> pasawahan geus katingali hejona, nya puguh deui sora
> cai di cipamali nu aya di SBR. Didinya nepi weh ka
> Menteng, ngareret ka belah kiwa aya lapangan bola
> urut ngagelar Seren TAUN 2006, geus kitu kari
> leumpang ka Menteng nya jarakna saukur 500 m ka
> Kampung sunda teh, di parjalanan ka Kampung Sunda
> geus aya wisata sejarah , nya panan Sindang Barang
> teh beunghar ku Situs Arkeologina, nya geus lila
> kuring geus nepi ka Kampung Sunda nu ku pupuhuna
> dingaranan Lembur Taman,mimiti rek asup ka Lembur
> Taman eta geus aya tulisan Sunda bahuela nu hartina
> Wilujeung Sumping, nya ari gapura na mah nyutat ti
> Gerbang Pakuan nu sakumaha ceuk tokoh budayawan
> Sunda.
>    
>   Ret deui pasawahan ngaplak jeung aya pancuran
> leutik, ceuk nu ngarsitekan ieu taman ieu pancuran
> teh paragi ngumbah sanggeus macul atawa tatanen di
> sawah. Hiliwir deui angin gunung, ret ka belah kiwa
> kasaprak gunung salak, laju weh asup ngalewatan eta
> gapura bari ngagerendeng dinu jero hate teh
> Sampurasun. Sanggeus ngalewatan gapura geus
> katingali aya kana 9-an leuit nu ukuranna aya 2
> meterean jeung hiji leui gede nu diaranan "Leuit Nyi
> Ratna Inten". angin haliwir rada badag, di tuluyan
> ku kawas sora budak ceurik, ret ka luhur heueuh
> calintuh disada, matak pikasieunen mun teu nyaho
> mah, panan sora calintuh teh kawas budak nu ceurik,
> teu lila angin ngahiliwir badag pisan sora kolecer
> meni matak pikawaaseun. 
>    
>   Teu kungsi aya nu nyalukan sina asup ka imah
> semah, didinya keur ngaliweut make lauk peda nya ari
> komporna mah ti hawu keneh, ret kanu cai enteh nu
> hanuet keneh jeung kulub hui jeung oli jepret.Teu
> lila aya nu keur latihan niup karinding, mun
> ditelek-telek teh geuningan sorana kawas gitar, eta
> nu latihan karinding teh di imah ajeng.
>    
>   ... nyambung
>    
>   seja mapagkeun diri
>   ku teuteup anu geugeut
>   ku raray hegar marahmay
>   sangkan diri miboga kaluhungan elmu
>   kejembaran watak nu geus ngancikkiwari
>    
>   http://www.serentaunsbr.multiply.com
>   http://www.geocities.com/jajaka_subang


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke