Baraya, Assalamu 'alaikum Wr. Wb.
Ayeuna teh keur usum rontok (musim gugur) di Amerika. Sanajan daun-daun masih
harejo, hawana geus mimiti nirisan, geus asa awal usum tiris (musim dingin).
Boro-boro urang Sunda, urang Amerika oge katingali mimiti marake jaket kandel
(winter coat). Ramadan datang leuwih awal ti taun anu katukang.
Nurutkeun iberan ti ISNA (Islamic Society of North America) awal Ramadan di
dieu mah isukan, Saptu, 23 September. Nya tadi teh kuring (teu make "si" atawa
"sim") sarta warga Muslim anu sejenna tos mimiti tarawehan. Kulantaran can
paruasa, anu ka masjid (Islamic Center) can pati loba, lalakina aya dua jajar,
awewena (ceuk pamajikan mah) leuwih saeutik jumlahna.
Imamna urang Arab Saudi, masih ngora, kakara pisan rengse studina, doktor dina
widang matematika. Memang manehna mah paling alus maca Qur'anna (teu kabeh
urang Arab bisa ngaji alus), salian ti halimpu teh sorana, oge tarik (lepas?)
deuih. Ngimaman tarawehna bari nyekel (maca) Qur'an, lain apalan saperti di
urang. Memang, waktu kakara milu tarawehan mah rasa aneh ningali anu ngimaman
bari nyekel Qur'an teh, da teu biasa di urang mah. Singhoreng di Arab Saudi
mah, cenah, geus biasa kitu teh; ari teu apal mah bisa maca Qur'an, tapi keur
sholat sunnat wungkul. Macana salambar sarokaat, jadi 8 lambar keur taraweh 8
rokaat, dimimitian ti "Alif-Lam-Mim" (Q.S. Al-Baqarah ayat 1). Ari keur witirna
mah maca (teu nyekel Qur'an) surat-surat anu parondok (Q. S. Al-A'la,
Al-Kafirun, & Al-Ikhlash).
Ramadan teh keur kulawarga kuring mah ngarupakeun kasempetan keur ngadidik
barudak supaya deukeut kana agama (maklum di dieu mah teu aya sakola agamana).
Biasana ari waktu Ramadan mah barudak teh rada saregut kana diajar Qur'an,
sholat jama'ah jsbna, kulantaran dina waktu harita mah loba barudak ka masjid
(Islamic Center)....jadi resep we keur barudak mah..biasa we...aya batur motah
:-) ...
cag heula ah.
(punten teu disundakeun)
Mata kadang salah melihat.....
Lidah kadang salah mengucap.....
Tangan kadang salah menggurat.....
Hati kadang salah menduga.....
Maafkan segala kekhilafan yang ada.....
Marhaban Ya Ramadan.....
Selamat menjalankan ibadah puasa.....
Wassalam,
yosur
athens, ohio, usa
---------------------------------
Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates
starting at 1ยข/min.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/