Salah sahiji kalemahan urang (umumna), nyaeta upama tos nyampak di hareupeun mata, urang bingung kira-kira naon nu rek dipigawe. Kumargi urang teu siap atanapi teu gaduh rencana anu tarapti dina hiji perkara. Padahal ceuk guru kuring, perencanaan teh salah sahiji widang elmu komunikasi. Dina ngadamel iklan contona, kedah direncanakeun imeut pisan upami hiji produk bade di "lempar" ka pasar.
Waktos kuring ngobrol sareng salah sawios pupuhu BAZNAS (Badan Amil Zakat Nasional), Eri Sudewo, kumaha anjeunna ngadongeng, hiji waktu ditawisan "mengelola" dana ku salah sahiji kulawargi ageungna 3,5 milyar. Ke disambung deui, bade aya kaperyogian heula. baktos, mrachmatrawyani --- Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamualaikum Wr.Wb., > > Para wargi sadaya, > Sawatara taun kapengker sim kuring kaamanatan ku > hiji jalmi: Tanah kirang langkung 1.000 m2, di > Cipeundeuy, Subang, supados dimangpaatkeun kangge > kamaslahatan jalma loba. Naha janten masigit, > madrasah, atanapi naon bae. Kumaha Bapa bae eta > mah. Bade diical ge mangga. Nu penting janten > mangpaat, saur anjeunna. > Satadina, kalayan widi nu ngaamanatan, eta lahan > ku sim kuring bade didamel pasantren/pusat > pengembangan masyarakat. Nu wangunannana basajan > bae, mung mangrupi aula dirempegan ku rohangan > pabukon sareng kantor. Ngarah mirah waragadna, > bari merenah katingalna. > Nanging, dugi ka ayeuna eta rarancang teh masih > ngagantung dina wangwangan. Teu acan diberelekeun > dina prak-prakan. Saha sareng kumaha prakna ge teu > acan kasawang. Sim kuringna kaweur ku amanat > sanes. Diwiatkeun ka urang dinya, sami tagiwurna. > Antukna, eta lahan nu aya di tungtung pilemburan teh > karah ngajejembrung teu puguh. Dugi ka kiwari. > Ningali kitu, sim kuring gaduh emutan: Manan teu > tiasa dilakonan ku sorangan, eta lahan teh bade > dipasrahkeun ka lembaga wakaf nu aya bae. Langkung > praktis, bari jelas saha-sahana. Nanging, ari kamari > emut: Sawatara waktos kapengker sim kuring kantos > nguping, aya di antawis para wargi nu bade ngadamel > lembaga nu sami. Naha eta emutan teh tos ngajirim? > Upami parantos, panuhun mugia kersa neraskeun amanat > nu tumiba ka sim kuring ieu. > Upami teu acan, kumaha upami ieu amanat janten > bubuka atanapi pangdorong kana ngajirimna lembaga > wakaf nu diimplengkeun tea? Saur urang Malayu mah, > sekali merengkuh dayung dua tiga pulau terlampaui: > Niat sae para wargi kalaksanakeun, amanat nu dugi ka > sim kuring tiasa kalakonan. > Kitu-kieuna, diantos wartosna. Urang badantenkeun > kumaha-kumahana. Nanging, punten pisan, kumargi sim > kuring teu tiasa browsing noongan milis, sae > ngajapri bae ka [EMAIL PROTECTED] Langkung > sae deui, upami kersa nga-SMS ka 0812 940 5441. > Hatur nuhun sateuacanna. Wilujeng shaum, wilujeng > metikan bengrayna purnama. Mugia Mantenna teu weleh > nuyun rengkak polah urang sadaya. Amin. > > Salemba, 10 Oktober 2006 > Baktos sim kuring, > > > Pun Maman > > > > Maman Gantra > Jalan Salemba Tengah 51, > Jakarta 10440. > 0812-940-5441 > > --------------------------------- > Stay in the know. Pulse on the new Yahoo.com. Check > it out. > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
