Bade neraskeun hancengan 'tantangan" kang Maman Gantra
tea perkawis, aya tanah wakaf, bade dimanfaatkeun
naon.

Eta tanah jantenkeun "Pusat Pembelajaran masyarakat".
Gandengkeun sareng kagiatan perpustakaan KUSnet.
Ngadamel modul-modul kagiatan kanggo pembelajaran
masyarakat. Sapertos anu dilaksanakeun ku WS Rendra di
Cipayung - Depok (tapi kuring oge teu acan nganjang ka
tempatna WS Rendra). Ceuk cenah di padepokan Rendra
teh, seueur kagiatan anu dilakukeun ku masyarakat.
Contona, aya anu beternak lauk cai,  miara
hayan/bebek, tatanen. Pokona masyarakat anu katarik
kana hiji kagiatan, tiasa diajar/ngulik hiji kagiatan.
tapi kuringlangkung satuju upama, masyarakat di
wewengkon eta diajak tatanen dina widang hidroponik
(tanaman organik), kumargi hasilna rada mucekil. Atuh
pemasaranana, "dijual dedet" wae ka juragan Bupati
Subang, sareng gegeden sejenna di Subang, warga KUSnet
tiasa janten tukang pemasaranana anu gaduh "akses" ka
para gegeden Subang. (pan Bupati Subang teh tos
dikenal rada "eksektrik" sareng seneng kana ideu-ideu
anu "rada gelo"). 
Atuh upami bade janten pengusaha kecil, abdi tiasa
milarian pelatih sareng modul-modul pelatihan,
kaleresan di UI aya lembaga Pusat Usaha Kecil dan
Mikro (UKM Centre), kuring wanoh  sareng pupuhuna,
kaleresan ayeuna nuju aya kagiatan "memberdayakan
pengusaha kecil/mikro" sareng CITIBANK, oge sareng
Kementrian Pemuda & Olahraga.
Atuh perkara biaya, tiasa ngusulkeun proposal ka
BAZNAS.
Tapi anu paling sesah teh, nyaeta kedah aya salah
sawios/ sukarelawan anu "bertanggung jawab' kana
kagiatan ieu, anu teras-terasan ngawaskeun kagiatan
ieu.  
Ku ayana pengleler hadiah nobel perdamaian ka M. Yunus
anu ngokolakeun grameen bank di Bangladesh, asana teh,
ideu kang Maman Gantra, janten hiji kagiatan anu
"niscaya" tiasa ngirangan jalmi anu miskin. Sok Iraha
deui atuh para KUSnetter bade ngabantu migeuykeun
(=memberdayakan) masyarakat Sunda. Ayeuna tah tos aya
modal, tiasa  "ngamangpaatkeun" lahan 1000 meter di
Subang.


baktos,

mrachmatrawyani


--- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> Salah sahiji kalemahan urang (umumna), nyaeta upama
> tos nyampak di hareupeun mata, urang bingung
> kira-kira
> naon nu rek dipigawe. Kumargi urang teu siap 
> atanapi
> teu gaduh rencana anu tarapti dina hiji perkara.
> Padahal ceuk guru kuring, perencanaan teh salah
> sahiji
> widang elmu komunikasi. Dina ngadamel iklan contona,
> kedah direncanakeun imeut pisan upami hiji produk
> bade
> di "lempar" ka pasar.
> 
> Waktos kuring ngobrol sareng salah sawios pupuhu
> BAZNAS (Badan Amil Zakat Nasional), Eri Sudewo,
> kumaha
> anjeunna ngadongeng, hiji waktu ditawisan
> "mengelola"
> dana ku salah sahiji kulawargi ageungna 3,5 milyar.
> 
> Ke disambung deui, bade aya kaperyogian heula.
> 
> 
> baktos,
> 
> mrachmatrawyani
> 
> 
> --- Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Assalamualaikum Wr.Wb.,
> >    
> >   Para wargi sadaya,
> >   Sawatara taun kapengker sim kuring kaamanatan ku
> > hiji jalmi: Tanah kirang langkung 1.000 m2, di
> > Cipeundeuy, Subang, supados dimangpaatkeun kangge
> > kamaslahatan jalma loba. Naha janten masigit,
> > madrasah, atanapi naon bae. “Kumaha Bapa bae eta
> > mah. Bade diical ge mangga. Nu penting janten
> > mangpaat,” saur anjeunna.
> >   Satadina, kalayan widi nu ngaamanatan, eta lahan
> > ku sim kuring bade didamel pasantren/pusat
> > pengembangan masyarakat. Nu wangunannana basajan
> > bae, mung mangrupi aula – dirempegan ku rohangan
> > pabukon sareng “kantor”. Ngarah mirah waragadna,
> > bari merenah katingalna.
> >   Nanging, dugi ka ayeuna eta rarancang teh masih
> > ngagantung dina wangwangan. Teu acan diberelekeun
> > dina prak-prakan. Saha sareng kumaha prakna ge teu
> > acan kasawang. Sim kuringna kaweur ku “amanat”
> > sanes. Diwiatkeun ka urang dinya, sami tagiwurna.
> > Antukna, eta lahan nu aya di tungtung pilemburan
> teh
> > karah ngajejembrung teu puguh. Dugi ka kiwari.
> >   Ningali kitu, sim kuring gaduh emutan: Manan teu
> > tiasa dilakonan ku sorangan, eta lahan teh bade
> > dipasrahkeun ka lembaga wakaf nu aya bae. Langkung
> > praktis, bari jelas saha-sahana. Nanging, ari
> kamari
> > emut: Sawatara waktos kapengker sim kuring kantos
> > nguping, aya di antawis para wargi nu bade
> ngadamel
> > lembaga nu sami. Naha eta emutan teh tos ngajirim?
> > Upami parantos, panuhun mugia kersa neraskeun
> amanat
> > nu tumiba ka sim kuring ieu.
> >   Upami teu acan, kumaha upami ieu amanat janten
> > bubuka atanapi pangdorong kana ngajirimna lembaga
> > wakaf nu diimplengkeun tea?  Saur urang Malayu
> mah,
> > sekali merengkuh dayung dua tiga pulau terlampaui:
> > Niat sae para wargi kalaksanakeun, amanat nu dugi
> ka
> > sim kuring tiasa kalakonan.
> >   Kitu-kieuna, diantos wartosna. Urang
> badantenkeun
> > kumaha-kumahana. Nanging, punten pisan, kumargi
> sim
> > kuring teu tiasa browsing noongan milis, sae
> > ngajapri bae ka [EMAIL PROTECTED]
> Langkung
> > sae deui, upami kersa nga-SMS ka 0812 940 5441.
> >   Hatur nuhun sateuacanna. Wilujeng shaum,
> wilujeng
> > metikan bengrayna purnama. Mugia Mantenna teu
> weleh
> > nuyun rengkak polah urang sadaya. Amin.
> >    
> >   Salemba, 10 Oktober 2006
> >   Baktos sim kuring,
> >    
> >    
> >   Pun Maman
> >    
> > 
> > 
> > Maman Gantra
> > Jalan Salemba Tengah 51,
> > Jakarta 10440.
> > 0812-940-5441


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke