Urang sunda, lolobana patani.Ku penting-pentingna pare tepi ka aya
"dewina", nyaeta Dewi Sri, atawa " Nu geulis Nyai Pohaci Dangdangyang
Tresnawati". Melak pare, hartina ngawinkeun dewi Sri jeung " Nu Kasep
Weweg sampeg Mandala Pageuh", Nu dimaksud Nu kasep didieu nyaeta Dewa
Taneuh. Samemeh melak pare, kudu dijampean heula, ieu jampena :

Mangka tetep Mangka langgeng,
Ku Kami diraramekeun,
Ku Kami direremokeun,
Amit kanu boga bumi,
Amit kanu boga bale,
Ka luhur ka sang Rumuhun,
Ka nu wenang.
Kanu wenang nyukcruk ibun,
Mulang ka handap ka Batara ka Batari,
Ka Batara Sawangkalang,
Anaking arek nitipkeun di bumi di para tiwi,
di Bangawan Cacandayan,
Gusanna merenah maneuh,

Mangka tetep Mangka langgeng,
Teu cakrana teu bayuna,
Mangkana hirup ti beuti,
Mangkana hejo ti congo,
Mangkana di daun leungsir,
Mangkana miakar kawat,
Mangka misalopak sirah,
Suruh memeh lakian,

Mangka tetep Mangka langgeng,
Ruana gandang gambira,
Teu cakrana teu bayana,
Ditenjo ti kajauhan,
Diteang ti kaanggangan,
Ruana merenah maneuh,
Tanding lubuk di Citarum,
Tanding gandang Ciherang,
Tanding sesek Cisadane,
Tanding Tumpang di sagara,
Mangka merenah maneuh.

Ruana ombak-ombakan,
Mangkal lipur tunggul kimayung,
Mangka Lemper catang kibontang,
Limpas dina catang kiara,
Liput tunggul limpas catang
Ruana Merenah Maneuh,
Pohaci Sangiang Asri,
Ulah geder ulah reuwas

Mangka tetep Mangka langgeng,
Mangka langgeng tunggal tineung,
Datang hiji datang dua,
Datang tilu nungku-nungku,
Datang opat ngawan-ngawan,
Datang lima linggar omas,
Datang genep nguren-nguren,
Datang tujuh lilimbungan,
Puluhan tanpa wilangan.

[Sumber : buku "Teologi Kebatinan Sunda"]

Baktos,
WALUYA


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke