Memeh Lebaran II
Beres ti masigit, meuntas ka Alun-alun. Ningali, deui-deui ningali, nu
nyeungeut pepetasan. Atawa, ngabandungan nu dagang ...lotre endog! Enya, teuing
kumaha asal-usulna, harita, bulan puasa teh sok rentul nu muka lotre endog. Nu
dagang kitu teh lain bae kolot. Tapi, barudak sapantaran kuring harita ge teu
saeutik. Teu beda jeung tukang asongan kiwari. Totonden, kamiskinan teh euweuh
eureunna.
Ari disebut lotre endog teh, pedah hadiahna endog asin. Prakprakannana, nya
ilaharna lotre: Sanggeus mayar sahargana, urang milih tilu atawa lima kartu.
Terus, nu dagang, atawa urang sorangan, ngoclak-ngonclakkeun kaleng eusi kertas
nu aya nomeran. Mun nomer nu kaluar sarua jeung nomer salah sahiji kartu nu ku
urang dipilih, urang meunang hadiah. Endog asin tea. Mun euweuh nu sarua, nya
ngasin. Teu meunang nanaon.
Enya ge ku Apa remen diomat-omatan tong ngadeukeutan nu kitu patut, keukeuh
bae, sanajan tara masang ge, ari lalajo mah sering kana lotre endog teh. Matak
apal ge. Nepi ka kiwari, kabayang kumaha kucelna kartu lotre endog teh.
Kadieunakeun, alhamdulillah, kadoreksaan siga kitu teh leungit. Dicaram ku
nagara, siga pepetasan.
Ari sakalina nyeungeut pepetasan di lembur, remen dicarekan batur. Tina
kituna mah munasabah. Teu nyarekan kumaha, da si pepetasan teh dibalangkeun
kana suhunan manehna. Kacipta soakna nu boga imah. Lian ti reuwas teh, sieun
kentengna somplak dibaledog pepetasan. Atawa sieun kahuruan pisan. Kawantu imah
teh imah satengah bilik, bari geus kaitung aya umuran.
Kungsi oge, ngabeubeurang teh ngadon mendeko di imah tatangga, maturan batur
nu tatu alatan kaseungeut petasan. Jempol jeung dampal leungeunna rawing,
alatan ngeupeul pepetasan. Disangkana, pepetasan teh apes, teu hurung. Ana
dikeupeul, beledug teh bitu. Atuh, nu lain surak, manehna karah
ngepret-ngepretkeun leungeun. Panas, peurih, jeung baloboran getih. Rumasa
ngilu nyeungeut, meunang tilu subuh mah kuring maturan manehna nu teu bisa
ingkah ti imah. Dikerem ku bapana.
Kaistimewaan puasa, nu muarana ka Lebaran tea, oge karasa dina soal
kadaharan. Padahal, ceuk agama, salah sahiji udagan puasa taya lian ti nahan
nafsu, kaasup nafsu kana dahar. Lian ti ngulik awak teh, diajar ngaragap hate
jeung kapeurih batur, utamana jalma fakir -- matak puasa ditutup ku zakat jeung
silih halalkeun.
Tapi, keukeuh bae: Teu arang ti jam tujuh keneh geus kukumpul dahareun.
Kadedemesna teh ka pakel-pakel, sakapeung, ngadon diampihan. Geus puguh cau,
buah sirsak, atawa permen mah. Pajarkeun teh keur buka. Padahal, geus waktuna
buka mah boro-boro kadahar eta pentil buah teh. Dieusian kolek jeung sangu ge
beuteung teh geus meh bitu. Kamerekaan. Dicontoan ku bapa ge, sangkan
ngabiasakeun dahar sangu geus salat magrib, teu ngaggugu. Dur bedug, kadar
nyuruput cai kolek, kadituna sangu jeung sangu. Ditutup ke kolek tilu mangkok.
Tapi, kadedemes kana dahareun teh siga nu diluluguan ku kolot-kolot. Pan,
sanajan dititah shaum ge, bulan puasa mah kadaharan teh siga nu diaya-ayakeun.
Nepi, ka, dipikir-pikir, puasa teh lain nafakuran lapar dina harti nu jembar.
Tapi, satemenna saukur nungguan buka atawa nunda barang dahar. Lain ngalakonan
atawa manjangkeun shaum.
Tah, dina hal dahareun, rupa-rupaning kolek sok diayakeun. Pajarkeun teh keur
tajil, keur ngabatalan. Naha, nepi ka sapanci gede? Bereeun ka tatangga atawa
ka urang masigit? Siga mangsa munggah: Batur ge sarua ngirim kolek.
Geus kitu teh, dina perkara dahareun ieu, sok dumadakan sawatara tatangga
ngadon dagang kolek, bubur lemu, candil, jeung menu tajil lianna. Siga nu geus
kompak. Antukna, sanajan teu nyieun sorangan, kolek teh tara absen tina meja.
Mun lain pangirim atawa nyieun sorangan, nya meunang meuli.
Eta nu daragang kolek teh satemenna nu dagang dadakan atawa musiman tea. Da,
bulan-bulan lian mah tara ieuh dugung-dagang. Mun lain pagawe kabupaten, nya
pagawe swasta. Dina wiraswasta ge, lain padagang. Tapi, dina bulan puasa mah,
maranehna dumadakan daragang kolek jeung sajabana.
Barokah bulan puasa tea meureun. Sabab, lian ti nu dagang kolek, bulan puasa
mah, tukang daging, tukang sayur, jeung pakean -- malah tukang cocoan budak --
oge sok kabagean marema. Kahirupan meh sakur jalma kapigeykeun. Kabeh kabagian
rejeki. Kituna teh, ceuk ajengan, rejeki bulan puasa mah matak barokah --
mangpaat.
Sapuluh poeeun deui ka Lebaran, nu taraweh di masigit mimiti corengcang. Kitu
deui nu tadarusan, maca Qur'an nepi ka tamat. Lain pedah jadi karedul. Tapi,
eusi lembur sawareh geus mulang ka sarakanna sewang-sewangan. Aya nu ka
Limbangan, nu ka Cikijing, malah aya nu ka Solo sagala. Sanajan, keur kuring
sabatur-batur mah euweuh pangaruh. Da, nu marulang ka lemburna teh umumna teu
baroga bodak leutik. Malah, teu saeutik nu lalagasan. Kahirupan bulan puasa
barudak mah teu kaganggu.
Poe-poe eta mah, ritual teh nutur-nutur Ema. Kaluar asup toko, mapay ti
Pasarbaru, Asia-Afrika, Dalem Kaum, Toko Lima. Sakapeung parat nepi ka
Tegallega. Lain bae balanja bahan kueh atawa dahareun. Tapi, neangan baju atawa
pibajueun, jeung sapatu -- nu nomerna undak sanomer tina ukuran sabenerna,
ambeh leuwih lila kapakena.
Nu kaleuleuwihi dina nyanghareupan Lebaran mah taya lian ti lanceuk kuring nu
lalaki: Hiji mangsa puasa, deukeut Lebaran, ngadon ngadat. Ceurik gogoleran
dina bangbarung. Lain menta baju, menta sapatu. Tapi, menta dipangmeulikeun
wig! Kituna teh, meulina kudu ti Salon Dahlia di Ciateul, teu jauh ti lembur
kuring.
Mangsa lebaran, sunat teh sok di lapang leutik hareupeun gang. Eusi hotbahna
teuing naon. Boro-boro ngabandungan, da kuring mah pahibut ngakur-ngakurkeun
pakean weuteuh jeung pada batur. ©©Balik ka imah, sujud ka Apa jeung Ema. Sirah
diusapan ku arannjeunna. "Ku Ema dihampura. Didungakeun sing pinter, sing jadi
jalma soleh, heman ka dulur jeung sasama, tinekanan sagala cita-cita jeung
pamaksudan. Ulah poho kana solat," kitu cariosan si Ema. Teu ngaharewos, teu
ngaharahoshos, siga bibi kuring atawa Ma Enteng, ibuna Apa. Bubuhan jalmi PD,
soanten si Ema mah siga sadidinten bae. Teuteug.
Beda pisan mun anjeunna munjungan ka ibuna, nini kuring, nu calik di Subang,
nu sakapeung sok Lebaran di Bandung. Si Ema ical gagahna. Ngudupruk dina
pangkonan nini. Nu kuring teu wasa nuturkeunnana nepi ka kiwari: Cai
pangumbahan tadi sok diwadahan deui kana gelas. Teras...dileueut ku si Ema! Si
Ema nu sadidinten katingali gagah, calakan, jeung PD, harita mah cisocana
ngareclakan, maseuhan sampean Nini. Kitu deui Nini. Nu biasana galak, tukang
nyaram, tukang ngatur, sagala awas, sagala teu meunang, socana siga nu hurung
mun tos molotot, bari ciwitna matak muriang tilu poe tilu peuting, teu weudeu
ngadon ngagukguk. Sinjangna cipruk ku cisoca.
Mun geus kitu, rumasa epes meer, kuring mah sok rada nyempod. Nyumputkeun
mata nu carinakdak, jeung biwir nu geus lewa-lewe. Bari nungguan giliran sujud.
Beres dahar kupat, kaluar imah. Ngabring sabatur-batur ngideran lembur.
Sasalaman ka kolot-kolot. Kuring mah ngan ngilu ngider opat-lima imah. Da, sok
kaburu disaur ku Ema. Diajak silaturahmi ka Liogenteng, ka bumi nini, ibuna Apa.
Sakabeh ritual ti munggah nepi ka Lebaran teh nanceb jero dina hate. Nepi ka
sok nyanyahoanan, minculak jeung nyalutak, teu isin ku Kanjeng Nabi jeung kiai:
Ku naon pabaru teh teu dipindahkeun ka 1 Sawal bae? Lain 1 Muharam, komo 1
Januari mah? Ngarah nyecep kana ati, ngahudangkeun kumna kasadaran diri, yen
aya hiji mangsa nu lain bae pakait jeung diri sorangan. Tapi ranteng manteng ka
Anjeunna jeung satungkebing alam.
Allahu Akbar, walilahhilhamdu.
Salemba, 10 November 2006
(mangsa nyukcruk katuna diri).
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/