Memeh Lebaran
   
  Ti saminggu saencan puasa ge, "kariaan" teh geus dimimitian. Ku munggah. 
Saeusi lembur geus pahibut: Masigit diberesihan atawa diomean pisan. Tembokna 
dikapur, samak-samak nu barutut, alatan mendongna didudutan ku barudak nu 
ngaji, dipake panunjuk, diganti. Kaasup tempat pasaran, diberesihan. Geus puhu 
bedug mah. Talina dipageuhan, nyiapkeun keur nu ngadulag. 
   
  Kolot jeung barudak nu geus sawawa tihothat neangan sapu pare keur kuramas. 
Sawareh mah, nu dareukeut, geus  baralik ka lemburna sewang-sewangan. Ngadon 
munggah di sarakan, munjungan atawa nyekar. Sawareh deui,  pakpikpek di dapur. 
Masak. Nyiapkeun keur "nganteuran", silih kirim dahareun jeung tatangga, dulur 
atawa baraya.
   
  Nu matak helok,  menu atawa kadaharan nu dikirim atawa ditarima teh meh 
sarua: Sambel goreng ati atawa kentang, lodeh oncom, kurupuk, jeung sanguna. 
Paling onjoy, mun keur aya, lodeh teh sok diganti ku opor hayam.
   
  Sakapeung nganteuran teh sok matak aral ngalampahannana. Enya, ku teu 
kaharti: Ngirim ka batur sambel goreng ati atawa kentang, balik deui atawa 
narima, eusi rantang teh siga nu teu obah: Sambel goreng! Ari sarua-sarua keneh 
mah, kunaon make silih kirim? Ceuk pikir. Mun kitu, ngirim sambel goreng, 
narima sangu tutug, misalna, rada kaharti. 
   
  Geus kitu, keur kuring, sangeuk nganteurkeunnana. Utamana mun geus nganteuran 
ka Baros, ka kapi nini. Enya ge dibarengan ku Apa atawa Ema, eta ku ngempladna. 
Naek oplet ti Kebon Kalapa, turun di pengkolan ka Dustira. Ti dinya leumpang 
mapay rel kareta ka wetankeun. Lebah Pusdikin (Pusdikkav?), mengkol ka 
kidulkeun. Ngantay mapay galengan dua tilu kotak. Ngajingjing rantang. 
Munjungan ka rai aki. 
   
  Beres munjungan ka bibina Ema, mapay deui lembur ka kidulkeun, sajajalan sur 
sor sasalaman jeung kapi-kapi lianna, bras ka Leuwi Gajah. Mengkol ka 
kalerkeun, ka Cimindi, ka kapi aki. Sarua ukur munjungan jeung ngobrol teu pati 
lila, terus balik. Naek oplet.
   
  Rute nu meh sarua teh, engke dibalikan deui mun Lebaran. Ngan, ari mangsa 
Lebaran mah ngobrolna sok rada lila. Meh sapoe jeput. Kalan-kalan ngendong, da 
biasana Lebaran ka Baros mah poe katilu atawa ka opat.  "Ku naon teu sakantenan 
engke bae upami Lebaran, Pa?," ceuk kuring ka Apa, nyanyahoanan. Nu ditaros 
karah gumujeng. "Eh, ngarah barokah. Komo silaturahmi ka sepuh mah," saur 
anjeunna.
   
  Lian ti nganteuran, kuramas, jeung nyekar, nu rada badeur mah boga ritus lian 
mun munggah teh: Mimiti neangan pepetasan atawa karbit. Da, lodongna mah, 
biasana geus aya ti bulan itu keneh. Meunang mawa urang Limbangan ti lemburna. 
Sakalina nyieun ge, lain tina awi atawa kalapa. Bubuhan aya di kota, hese 
neangan awi – komo kalapa. Cukup tina kaleng urut wadah susu. 
   
  Si kaleng teh bujurna dipiceun. Bujur nu hiji deui, minangka tutupna, 
dibolongan tengahna, liang keur nyundut. Ari karbitna, cukup diteundeun dina 
logak, nu meunang ngorek ku paku atawa naon bae nu bisa dipake ngorekan taneuh. 
Tangtu bae, sorana teu jejeleguran siga lodong tina awi atawa kalapa. Ngan 
saukur ngabelepbep atawa kalengna luncat ka luhur. Ramena mah ku surak barudak 
-- kuring sabatur-batur.
   
  Geus asup puasa, lian ti taraweh jeung ngilu pasesedek lalajo -- enya lalajo 
-- nu ngadulag, ritual nu dilakonan teh ngabeubeurang jeung ngabuburit. Bari, 
teu arang  ngabeubeurang teh kamalinaan: Ngabring leumpang, ti Pasundan 
tungtung ka…Taman Sari. Ka Kebon Binatang!  Isuk-isuk keneh ngadon moncor, 
nyingraykeun pager kawat, ngarah teu mayar. 
   
  Atuh, sakali mangsa mah ngadon dibuburak ku pagawe Kebon Binatang. Bari 
sagala ditakol, maranehna pating gorowok, "Maung leupaskeun! Maung 
leupaskeun!". Ngadenge kitu, kuring sabatur-batur ti paparetot lumpat,  
paheula-heula kana pager urut tadi moncor. 
   
  Singhoreng nu asup teu mayar karcis teh lain ngan rombongan kuring, barudak 
lian ge, teuing ti lembur mana, loba nu nyingraykeun pager kawat nu geus 
patingsolengkrah tadi. Eta bae luhureun kandang badak teh mani noyed jalma 
saumuran kuring, paheula-heula hayang geura moncor ka luar. Sieun dihakan maung.
   
  Teu lulumpatan alatan dibuburak ge, lalampahan teh tangtu bae matak cape. Jam 
sapuluh atawa jam sawelas, beuteung teh geus kukurubukan. Menta dieusi. Ngan, 
anehna, sudi najis kudu batal puasa mah. Paling ge ngadon ngeueum di walungan 
nu aya lebakeun Sabuga kiwari. Harita mah tangtu bae caina masih ngagenclang, 
bari sawareh mah rada jero jeung gede caina -- sakapeung sok kaparengkeun aya 
nu meunang hurang sagala.
   
  Mun teu ngeueum, balik ka lembur muru lohor. Lain hayang geura solat. Tapi, 
hayang geura abdas. Utamana hayang kekemu, bari neureuy cai saeutik. Beres 
solat, pek ngagoler dina ubin masigit. Dihihidan ku angin nu ngahiliwir ti 
pipir, nu dempet jeung solokan Ciateul, kageuingkeun teh ku bedug Asar. Mandi, 
solat, terus ngabuburit ka Tegallega atawa Alun-alun. Lalajo tukang obat, atawa 
kokorosokan di handapeun panggung Sandiwara Sunda Sinarmuda. Kira-kira jam 
lima, kakarak balik. Muru buka.
   
  Teu mikir sakola teu mikir naon, nu penting nepungan burit.  Da sakola mah 
pere sabulan campleng. Tugas sapopoe di imah, sasapu jeung ngepel, bulan puasa 
mah satengah sunah. Meunang dilakonan, meunang heunteu. Kuma ingetna. Di mana 
inget ge, bisa dilakonan bada lohor. Kitu ge mun teu kapiheulaan ku ngatrok, 
ngabuburit, atawa ngagoler pisan di masigit.
   
  Pon kitu deui, anehna, ngaji. Lain tambah soson-soson. Mun teu kapergo ku Apa 
mah, anteng we ulin. Alesanna, waktuna kapake ku tarawehan. Ongkoh enya, ngaji 
nu biasana bada magrib teh euweuh. Sakapeung, Mang Mamat, tukang beca nu sok 
mondok di masigit bari ngawuruk ngaji barudak, tara katingal. Teuing balik ka 
lemburna, teuing ka mana. Sanajan kuduna diganti ku tadarusan, satutas taraweh, 
ih tara ieuh kageuing. Di mana sare di masigit ge, lain ngadon ngaji. Tapi, 
resep. Ngadon heureuy jeung babaturan. Silih jenggut sarung atawa kulit domba 
nu dipake anggel. Nepi ka janari.
   
  Lian ti Kebon Binatang, tempat ngabeubeurang teh Alun-alun. Kalan-kalan mawa 
buku tulis, ngadon heureuy di Masjid Agung, "ngaregepkeun" nu keur ceramah 
subuh. Bari beres ceramah, rob ka pagawe masigit. Menta cap jeung tandatangan. 
Eusi ceramahna mah, tinggal niron ti batur nu leuwih suhud. “Jeung eusina ge 
pasti kitu-kitu keneh: Nitah solat, nitah bageur,” ceuk babaturan, rada owah.


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
 
---------------------------------
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke