Assalamu'alikum Wr Wb
Sampurasun...
Hatur nuhun kang Arief anu parantos Croscekna, sareng ka Kang Agus Pakusarakan, 
hheheheh mani sami Agusna janten kedah nganggo papanjangna, Agus Wb sareng Agus 
Pakusarakan hehehhe. nuhun-nuhun urang guar....
----------------------------------------------------------------------
Kahiji :
QS 1: 6-7: urang teh pan upami shalat dibaca teras, nyuhunkeun pituduh jalan 
anu lempeng nyaeta jalan anu diparin ni'mat, sanes jalan jalma-jalma anu 
dibendu (Yahudi) atawa anu sasar (Nasrani). Ieu tina tafsir jalalain, ibnu 
katsir oge tafsir athobary anu dijelaskeun ku sababaraha hadist.
Kadua :
dina QS 5:69 anu netelakeun mukmin, yahudi, shobiin (hiji firqoh Yahudi), 
Nasrani , saha bae (mukmin, yahudi, shobiin (hiji firqoh Yahudi), Nasrani) asal 
iman ka Alloh termasuk iman ka Nabi Muhammad, moal hariwang jeung moal sedih.
------------------------------------------------------------------------------

Yahudi, Nasrani dina tafsir Ibnu Katsir cobi bandingkeun sareng Yahudi, Nasrani 
anu aya dina QS 5:69  tah ayeuna mustahil ayat Al-Qur'an kontradiktif sareng 
ayat Al-Qur'an anu sanesna. Janten kedah ditingal kana Iraha lungsurna surah 
Al-Fatihah? keurkumaha eta surah lungsurna, kumaha Hadist, sareng iraha 
lungsurna surah Al-Maidah ayat 69 kedah janten pertimbangan oge kanggo 
ngaimplementasikeunnana dina hal ieu tiantawisna nandeskeun yen dina Islam 
ayana paham Pluralisme.

Kang Arif :
Tiasa teu kuring nyebat 'kebenaran' hiji agama teh teu eklusif (sadayana agama 
leres) asal iman ka Pangeran (sundana Tuhan) sareng ka poe akhir? Punten yeuh 
upami kuring lepat ngahartoskeun pamendak kang Agus.



punten abdi teu gaduh pamadegan yen Agama teh sami, da kunami na oge parantos 
benten, tata cara syare'atna oge benten tangtos Agama teh benten, mung ku 
bentenna eta urang kedah bersikap Adil, sakumaha dauhan Alloh tea anu parantos 
di guar tipayun.perkawis "kebenaran" hiji agama,  aya penjelasan kang Jalaludin 
Rahmat dina hasil wawancarana jeng 
http://islamlib.com/id/index.php?page=article&id=1148. 



Kang Arif nyerat :

Perkawis iman/ percaya iblis oge percaya kana ayana Alloh, naha geuning ku 
Alloh dilaknat, jadi musuh manusa ? Urang kafir Mekkah oge percaya anu 
nyiptakeun langit sinareng bumi teh Alloh (QS 43: 8-9). Naha geuning ku Nabi 
diperangan, diceluk supaya lebet Islam?



1. Iblis Iman ka Alloh tapi boga laku ngaruksak, nyieun karuksakan, matak 
diaraduna jalma, boga tekad Sombong pedah dijieun tina Seneu emung tunduk sujud 
ka Adam. jadi sok sanajan Iman ari Tekad-Ucap-Lampahna Jahatmah nya bageanna 
Naraka jeng Iblis tea anu boga laku kitu.

2. Kafir-na Urang Mekkah anu Iman ka Alloh teh eta pedah Lakuna Merangan ka 
sakur anu ngagem Islam, nya ku Nafsuna sorangan, da buktosna waktos Futuh 
Mekkah, Nabi ngarebut Mekah, anu tetep ngagem agama Yahudi, Nasrani teu di 
paksa lebet Islam jeng teu dipaehan anu pasrahmah (Laa ikro fiddiin, teu aya 
paksaan dina agama). janten teu aya istilah di celuk supaya lebet Islam.

3. Islam teu merangan ka Kaum anu nolak Islam-jeng teu merangan ka Islam, 
janten Nabi Jihad Perang teh sanes bade nyebarkeun Islam supaya nguasaan, 
supaya sadaya manusa ngaragem Islam sanes ku peperangan. Tapi Nabi Jihad perang 
jeng Yahudi/Nasrani teh kulantaran jalma atawa kelompok Yahudi/Nasrani eta 
maehan, nganiaya sakur anu asup ngagem Islam waktu harita. Janten Yahudi 
Nasrani anu boga laku ngaruksak ka papada manusa anu disebut Kafir saestuna da 
buktosna aya dauhan Alloh dina  QS 5:69.

5. Salahsawiyos Buktosna Nabi teu merangan ka kaum anu teu merangan ka ummat 
Islam, contona Kerajaan Anu aya di Tatar Sunda teu pernah nyerang ka Arab 
kupedah aya beda Kayakinan Islam anu disebarkeun ku Kanjeng Nabi Muhammad saw 
waktu harita, atuh Nabi nyalira teu merangan ka wilayah Tatar Sunda, malihan 
dina Hadist bukhory aya hadis Nabi punten teu disundakeun :"Akan muncul 
disebelah timur, seorang Pemuda yang membawa Panji-panji (nilai-nilai) Islam".

6. Anu ngagem Islam nyalira tur ngalaksakeun syare'atna sapertos Solat, Puasa, 
Zakat, Haji, Solat sunnatna teu kaliwat, cantangtu salamet dunya rawuh 
akheratna upama dina kahirupannana boga Tekad-Ucap-Lampah goreng kapapada, loba 
nyangsarakeun kapapada manusa sejenna-sabalikna ti Jalma anu loba mere manfa'at 
kapapada manusa.

 Kang Arif nyerat :
Kuring bade tumaros ayat anu sateuacana naha teu diserat? QS 3: 20 eusina 
kirang langkung "Naha maneh (daek) asup Islam? Lamun daek, bakal kaasup jalma 
anu menang pituduh, lamun henteu kawajiban urang mung saukur ngadugikeun ieu 
ayat".

Kanggo ngaguar, mangga langkung jentrena aya seratan kang Jalaludin Rahmat :
http://islamlib.com/id/index.php?page=article&id=1148

tah sakitu wae heula, hapunten bilih kirang dina walerannana
Wassalamu'alikum Wr wb
Rampes
baktos
Agus Wirabudiman

  ----- Original Message ----- 
  From: Arief 
  To: [email protected] 
  Sent: Sunday, November 12, 2006 10:37 PM
  Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Diskriminasi? dan Pluarisme Agama



  Assalaamu'alaikum Wr. Wb.



  Diskusi ngenaan pluralisme sigana sami sareng masalah jilbab deui bae, rame!! 
Aya sababara hal anu urang kedah yakin:

    1.. Dina QS 2: 120 Nu nganyatakeun urang Yahudi sareng Nasrani moal rido 
lamun urang (islam) teu milu (asup) kana agama maranehna. Teu langkung para 
wargi BAKUS bade ditafsirkeun 'asup' teh kaluar ti Islam atawa tetep dina Islam 
tapi laku lampah sarua jeung Yahudi/ Nasrani. 
    2.. QS 1: 6-7: urang teh pan upami shalat dibaca teras, nyuhunkeun pituduh 
jalan anu lempeng nyaeta jalan anu diparin ni'mat, sanes jalan jalma-jalma anu 
dibendu (Yahudi) atawa anu sasar (Nasrani). Ieu tina tafsir jalalain, ibnu 
katsir oge tafsir athobary anu dijelaskeun ku sababaraha hadist. 


  Ieu teh sababaraha hal ( da seueur keneh anu sanesna), anu ngajadikeun urang 
yakin yen ISLAM hiji-hijina agama anu bener. Janten sagala cara dianggo ku wa 
lan tardlo (yahudi & Nasrani) supaya urang cangcaya kana ageman urang (Islam).



  Kang Agus nyerat:

  Saestuna anu Kafir teh :

  1.      ingkarna kana ayat-ayat Alloh sedengkeun Jalma eta teh Iman ka Alloh 
jeng Nabina (surah Al-Imron salah sawios suroh anu dilungsurkeun di Madinah, 
mangga tingal dina As-Babunnuzul/sabab jeng musababna turunna ayat Al-Qur'an).

  2.      anu mateni para Nabi.

  3.      anu mateni Jalma, dimana jalama anu di patenina teh Jalma anu 
najeurkeun, ngadorong ka pada manusa supaya laku adil.



  Kuring bade tumaros ayat anu sateuacana naha teu diserat? QS 3: 20 eusina 
kirang langkung "Naha maneh (daek) asup Islam? Lamun daek, bakal kaasup jalma 
anu menang pituduh, lamun henteu kawajiban urang mung saukur ngadugikeun ieu 
ayat".

  Nembe ayat 21 ku akang ditafsirkeun urang kafir teh anu ingkar kana ayat 
Alloh, padahal unina:

  3:21. Sesungguhnya orang-orang yang kafir kepada ayat-ayat Allah dan membunuh 
para nabi yang memang tidak dibenarkan dan membunuh orang-orang yang menyuruh 
manusia berbuat adil, maka gembirakanlah mereka bahwa mereka akan menerima 
siksa yang pedih.

  Numutkeun kuring mah ieu ayat nerangkeun yen jalma anu kafir kana ayat Alloh, 
mateni nabi-nabi, mateni jalma anu marentah migawe kaadilan, bakal narima siksa 
anu tohaga. 



  Kang Eky nyerat:

  > "malah dina qur'an seruan teh kanggo sedaya manusa, Ya ayuhanass! seueur
  > pan ayat etateh!, da parentah taqwa oge lain keur umat islam wungkul atuh.
  > keur sakumna jelema (cobi wae tingalian Qs 49 :13 jeung 2:21)".



  Surah alhujurat ayat 13 netelakeun jalma anu paling mulya nyaeta jalma anu 
paling taqwa. Memang dibuka ku Yaayyuhannas, mung ayat sateuacana panyeluk 
kanggo jalmi anu iman.

  Surah 2:21 unina: (Indonesia na):

  "Hai manusia, sembahlah tuhanmu yang menciptakanmu dan orang-orang yang 
sebelummu, agar kamu bertaqwa.



  Dina ayat ieu leres panyeluk ka sadaya manusa,ditutup ku 'agar kamu 
bertaqwa'. Tengah ayat 'sembahlah Tuhanmu', janten sanaos dibuka ku Ya 
Ayyuhannaas (dina tafsir jalalain maksadna urang Mekkah), anu diparentahkeun di 
dieu teh nyembah Alloh, Tauhidulloh janten tetep bae maksadna mah kedah 
Nyakseni yen Alloh teh hiji (ieu teh pan syahadat), hartosna kedah Islam, Iman 
nembe aya harepan janten jalma anu taqwa..



  Kang Agus nyerat:

  Sae pisan eta patarosan teh, manawi sareng manawi simkuring bade nyobi
  > ngutarakeun sapamendak simkuring.
  >
  > Ari Taqwana jalma luar ti Islam anu teu ngagem kitab Al-Qur'an, nabina
  > sanes Muhammad SAW, tiasa salamet Dunya rauh akherat lamun :
  >
  > 1. Iman yakin ayana Tuhan Yang Maha Esa Pangeran Sadaya Alam (Robbul
  > 'Alamin upmi di bahasa Arabkeunnamah).
  >
  > 2. Iman/yakin ayana poe akhir dimana yakin yen laku-lampah di dunya hade
  > goreng bakal aya wawalesna saparantosna hirup di Dunya.
  >
  > Sakumaha dauhan Alloh, hapunten terjemah Al-Qur'anna teu disundakeun :
  >
  > An-Nisa:124
  >
  > 4:124. Barang siapa yang mengerjakan amal-amal saleh, baik laki-laki
  > maupun wanita sedang ia orang yang beriman, maka mereka itu masuk ke dalam
  > surga dan mereka tidak dianiaya walau sedikit pun.
  >
  > dikiatkeun deui ku ayat ieu :
  >
  > (5:69). Sesungguhnya orang-orang mukmin, orang-orang Yahudi, Shabiin dan
  > orang-orang Nasrani, siapa saja (di antara mereka) yang benar-benar beriman
  > kepada Allah, hari kemudian dan beramal saleh, maka tidak ada kekhawatiran
  > terhadap mereka dan tidak (pula) mereka bersedih hati.



  Tiasa teu kuring nyebat 'kebenaran' hiji agama teh teu eklusif (sadayana 
agama leres) asal iman ka Pangeran (sundana Tuhan) sareng ka poe akhir? Punten 
yeuh upami kuring lepat ngahartoskeun pamendak kang Agus..

  Perkawis iman/ percaya iblis oge percaya kana ayana Alloh, naha geuning ku 
Alloh dilaknat, jadi musuh manusa ? Urang kafir Mekkah oge percaya anu 
nyiptakeun langit sinareng bumi teh Alloh (QS 43: 8-9). Naha geuning ku Nabi 
diperangan, diceluk supaya lebet Islam?

  Perkawis QS 5:69 anu netelakeun mukmin, yahudi, shobiin (hiji firqoh Yahudi), 
Nasrani , saha bae (mukmin, yahudi, shobiin (hiji firqoh Yahudi), Nasrani) asal 
iman ka Alloh termasuk iman ka Nabi Muhammad, moal hariwang jeung moal sedih.



  Janten  numutkeun kuring mah 'label' agama teh kudu, 'kebenaran sebuah agama 
adalah ekslusif' teu tiasa urang nyebat sakabeh agama leres. Sabab 'Tuhan' 
urang Yahudi benten sareng 'Tuhan' na urang Nasrani komo sareng urang Islam mah 
(tingali surah al ikhlash oge surah al kafirun).



  Tah kitu . ieu mah sakadar cross cek bae.



  Wassalaamu'alaikum wr. wb


   


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke