Sakola Haratis
Wawuh mah geus lila, ti jaman mahasiswa keneh. Ngan, teu wanoh. Lain pedah
manehna di Yogya kuring di Bandung atawa di Jakarta. Tapi, lian ti carang takol
teh, manehna mah idek liherna teh di lingkungan santri. Ari kuring, babaturan
di Yogya teh umumna jalma-jalma teu eucreug. Boro-boro noelan agama, sakapeung
mah siga nu teu baroga Gusti.
Wawuh teh pedah bae, sakali mangsa ka Yogya kuring ngadon diendongkeun di
hiji tempat kos, nu eusina, lian ti barudak IKIP jeung ASRI, oge barudak UGM.
Kaasup manehna. Nya, ti dinya wawuh teh. Sanajan, enya ge kungsi sabaraha kali
tepung, kumaha jeung saha manehna mah leuwih loba dibejaan ku nu lian.
Ari bulan Maret kamari, salah saurang ASRI nu kungsi kost di tempat
pangendongan teh datang ka imah. Teuing ti saha nyaho alamat kuring. Sanajan
ngadenge manehna geus lila pindah ka Jakarta, can kaparengkeun panggih.
Sakalina ulin atawa gawe ka lingkungan kasenian atawa lingkungan lianna, tara
ieuh tepung. Nu kadenge ku kuring, manehna gawe di sakola Ratih Sang. Teuing
jadi nanahaon.
Ayeuna manehna dipercaya jadi programer hiji cafe di Kuningan. Ngahaja
nepungan kuring, menta tulung hayang dipangnyieunkeun strategi komunikasina.
Ari ditanya saha nu bogana, singhoreng urut batur sakosna baheula. Urang UGM nu
cicingeun jeung nyantri tea. Cohagna mah, jadi siga reuni. Kuring teu
rampa-reumpeu teuing ngigelan maranehna.
Sanajan, rarancang komunikasi nu ku kuring dijieun mah teu diterapkeun
bener-bener. Alatannana, biasa: Dana komunikasi nu aya samporet, loba kacoceng
keur kaperluan sejen. Rada manghanjakalkeun oge sabenerna mah. Lain pedah
kuring hese cape mikiran eta rarancang -- bari teu dibayar. Tapi, eta cafe boga
karep ngalulugukeun kabudayaan -- hususna mah kasenian, wabil husus deui: seni
rupa. Matak batur ti ASRI tadi jadi programmerna.
Ubarna, nya leuwih wanoh jeung urang UGM tea. Wanoh dina harti leuwih nyaho.
Singhoreng, lulus sakola, manehna kungsi jadi pagawe Departemen Kehutanan.
Kaluar, itikurih, wiraswata. Kawilang sukses. Lian boga HPH di Kalimantan,
manehna oge boga sawatara pausahaan lianna di Jakarta jeung di lemburna, Solo.
Kaharti mun manehna kaduga muka cafe di Kuningan ge, nu nyewa tempatna bae
puluhan yuta sataun -- encan kadituna, ti mimiti interior, parabotan, nepi ka
beaya produksi jeung operasionalna.
Ceuk tadi ge, nyaho lalakon manehna teh ti nu lian. Da, manehna mah leuwih
loba nyerengeh tea. Rek ngahajakeun tunya-tanya rada jero ge asa karagok. Komo,
sawareh mah biheung meunang jawaban nu paheut. Kaasup beja nu nyebutkeun, lian
ti aya pakuat-kaitna jeung BIN, eta batur teh kungsi gawe di Bob Hasan. Malah,
HPH nu ayeuna dicekel ku manehna teh nya "warisan" ti Bob Hasan. Wallohu alam,
can nyukcruk bener.
Ngan, mun sakalina ngumpul jeung barudak seniman, sok rada mangkarunyakeun,
bari rada geuleuh: Manehna ngan ukur jadi pangrungu. Tara ieuh ngomong atawa
ngomentaran. Ngabetem jeung saukur nyerengeh. Mun teu bari mencetan HPna,
ngadeluk hareupeun laptop. Geuleuhna, ngabetemna teh, sakapeung siga nu jaim.
Jaga imej. Da, jeung batur-baturna nu lian mah sok katingal alewoh.
Ari minggu kamari, dumadakan, nu biasana ngan ukur ngagelenyu bari koret ku
kecap teh, manehna mani capetang. Nyaritakeun paguron luhur nu diurus ku
yayasan manehna. Laptop jeung komunikator nu sasarina teu weleh dikeukeuweuk
teh teuing kamana.
Caritana, manehna kapeto jadi pupuhu hiji yayasan -- nu rengrengan
pangurusna, ti mimiti pembina, penasehat, jeung pengawasna, urang Solo nu
ayeuna maranggung di Jakarta. Mun kuring teu salah inget, cenah, Menhankam
jeung Staf Ahli Wapres widang Kabudayaan kaasup rengrengan eta yayasan. Teu
weudeu, kawilang maju eta sakola nu diurusna teh. "Kemarin kita dapat bantuan
perpustakaan dari Indosat," ceuk manehna, nyebutkeun salah sahiji lembaga nu
ngilu ngadeudeul eta sakola.
Nu narik ati kuring, eta sakola teh haratis. Si mahasiswa teu kudu mayar SPP
atawa uang kuliah. Di luar buku, ngan mayar keur pamondokan Rp 50 rewu, jeung
keur dahar Rp 10 rewu sapoe. Hartina, di luar buku, si mahasiswa ngan kaluar
duit Rp 350-an rewu sabulan. Kaitung murah. Dalah keur ukuran Yogya. Da,
babaturan lian, nu anakna sakola di hiji paguron Katolik di Yogya, sarua
meunang fasilitas asrama, bari kasebut meunang bea siswa, sabulanna teh ucul
duit nepi ka sayutana -- keur dahar jeung asrama wungkul.
Taun ajaran kamari, ceuk manehna, mahasiswa anyar nu ditarima ku eta paguron
haratis teh aya kana 300-na. Nu daftar mah tangtu bae leuwih ti sakitu. "Itu
juga setelah kita minta Aa Gym bicara di Republika," ceuk manehna, ngeunaan
lobana mahasiswa nu daftar ka paguronna.
Ceuk manehna keneh, saacan ngumaha Aa Gym, eta paguron teh kungsi masang
iklan. Hasilna teu sapira. Nu daftar teh meh euweuh. Jalma teh, cenah, lain bae
teu percaya yen eta sakola haratis. Tapi, teu percaya kana kredibilitas jeung
kualitasna justru alatan ku haratisna eta.
Ningali kitu, manehna nya nyeluk si Aa sangkan nyarios ngeunaan eta sakola.
Alhamdulillah, sanggeus kiai nu moyan sanusantara ngaluarkeun "fatwa"na mah
jelema teh palercaya. Nepi, ka nu daftar teh teu bisa ditarima kabeh. Da,
kawatesan ku tempat jeung fasilitas lianna.
Ku kuring diteleksek, manajemen siga kumaha nu diterapkeun nepi ka bisa
haratis siga kitu. Di jaman werit siga kieu, tangtu bae ieu teh kaasup salah
sahiji kaahengan dunya. Singhoreng, eta sakola teu ucul duit keur wangunan --
nu remen jadi bangbaluh kagiatan pendidikan siga kieu. Enya, sakanyaho, eta
sakola nu aya di Yogya teh, baheula mah salah sahiji fakultas atawa cabang ti
STAI Surakarta. Ngan, dua atawa tilu taun katukang, kalentab ku seuneu otonomi
daerah, eta sakola di Yogya teh ditutup. STIA Surakarta museurkeun tarekahna di
Solo.
Tah, wangunan nu di Yogya tea, disanggap ku manehna sabatur-batur. Ngaliwatan
yayasan nu ngahaja diadegkeun keur kapentingan eta. Terus, di wangunan tadi,
muka paguron luhur ekonomi. Ngakhususkeun diri dina ekonomi syariah, nu kiwari
tambah in. Bari haratis tea.
Ceuk eta batur, matak manehna bisa ngaharatiskeun eta sakola, lian diembohan
ku kahaat batur, boh mangrupa zakat atawa sidkoh, unit-unit usaha nu aya di eta
sakola kawilang maju. Nya, satemenna, ceuk manehna, tina hasil usaha-usaha eta
beaya keur ngahirupkeun sakola teh. Ti mimiti kantin, fotocopy, nepi ka
distribusi buku. "Sumbangan pihak lain, sih, hanya tambahan," ceuk manehna.
Tapi, saencanna, manehna badami jero heula jeung dosen oge staf-staf lianna.
Matotoskeun perkara ngaharatiskeun beaya sakola, nu tangtuna bakal mangaruhan
karaharjaan ekonomi maranehna. "Tapi, alhamdulillah, atas keikhlasan
teman-teman dan hasil unit-unit usaha yang ada, sekolah kita bisa gratis dan
kesejahteraan pengajar maupun pegawainya cukup layak. Tidak beda dengan dosen
atau pegawai sekolah biasa, yang tidak gratis," ceuk manehna.
Sanajan manehna sakitu alewohna, kuring tetep cangcaya. Aya hal nu masih can
dibuka ku manehna ngeunaan manajemen eta sakola. Kahayang mah, manehna
ngajentrekun angka. Sabaraha keur listrik, sabaraha keur meuli kapur, sabaraha
keur gajih dosen jeung pagawe. Sabaraha hasil unit-unit usaha nu aya. Ieu mah,
keukeuh, ngan "alhamdulillah" jeung "alhamdulillah". Paling ge, "Berkat
manajemen Allah". Disangkana, kuring teh wali atawa sarupaning jalma sakti : Nu
langsung ngarti ku dijawab "alhamdulillah" atawa nyaho nu ngaranna "manajemen
Gusti Allah".
Padahal, boro-boro wali. Disebut sasantrian ge jauh keneh pisan. Jeung, nu
penting mah, nya teu ngarti we. Kumaha, hiji sakola nu meh teu ngutip duit ti
mahasiswana, bisa ngaraharjakeun dosen jeung pagawena "Tidak beda dengan dosen
atau pegawai sekolah biasa, yang tidak gratis"?
Tina hasil unit-unit usaha? Asa pamohalan bisa nutupan. Paling ge cukup keur
mayar listrik jeung tukang beberesih. Di mana bisa ge bari mayar gajih dosen
jeung pagawe, nya teu gede. Teu bisa saraharja dosen-dosen di sakola lianna.
Komo, kamari, waktu aya lini, wangunan eta sakola ngilu kababuk. Ti mana
waragad ngomeannana? Kahaat nu lian, nu ceuk manehna teu jadi andelan?
Wallohualam.
Loba sabenerna mah prak-prakan "manajemen Gusti Allah" nu hayang ditanyakeun
teh. Ngan, pipikiran teh ngadon nereleng sosoranganan: Iraha di antara urang
Sunda aya nu boga pokal siga kitu? Nyieun sakola haratis atawa murah -- bari
hade kualitasna, dosen jeung pagawena bisa raharja sawajarna -- di luar
pasantren, nu memang geus mayakpak.
Atawa, boa-boa, kuring nu pareumeun obor? Teu wawuh ka nu naon nu pating
peletek di lembur sorangan.
Plaza Senayan, 19 Oktober 2006
(Nungguan buka, nungguan si Eneng).
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
Check out the all-new Yahoo! Mail beta - Fire up a more powerful email and get
things done faster.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/