Pabaru
   
  (Karumasaan keur R)
   
  Ari nyaho mah, ti mimiti sakola ge geus nyaho. Yen, pabaru Masehi teh tanggal 
1 Januari. Demi pabaru Islam, tanggal 1 Muharam. Pon kitu deui, kadieunakeun,  
geus rada sawawa, sok ngadenge aya "pabaru" Sunda. Boh di Cigugur, Ujung 
Karawang, Palabuan Ratu, atawa Sirnarasa. Malah, ka beh dieu deui, sok 
ngahajakeun ngilu nyakseni eta kariaan urang Sunda teh. Bari, nyoba-nyoba ngilu 
ngasaan jeung nafakuran. 
   
  Tapi, keur kuring, pabaru nu sabenerna taya lian ti Lebaran. 1 Sawal. Enya ge 
kiwari sok pangangguran milu kariaan atawa sasalaman dina maleman pabaru 
Masehi, atawa "milu gelo" ngadon hees di Puncak, sakadar nyinglaran disebut 
malawading bae. Teu nyerep jeung lelembutan. Komo make sarupaning nyieun 
resolusi atawa petisi nu sifatna personal jeung satengah sakral mah. Da, dina 
"pembukuan" kuring mah pabaru teh nya Lebaran tea. Nya, malem takbiran atawa 
mangsa sunat, nyieun resolusi teh.  
   
  Tina kituna mah kaharti, ku naon kuring ngajadikeun Lebaran jadi pabaru: 
Perkara kabiasaan ti leuleutik, nu diwangun jeung dirojong ku hujah nu aya di 
lingkungan sabudereun. Keur sakuringeun, tingali pangacaprukan kuring: Memeh 
Lebaran.
   
  Sainget kuring, pabaru Masehi karak kaayeunakeun dikariakeun ku jalma nu 
leuwih loba. Taun 80-an katompernakeun, karasa ceuyahna teh. Utamana sanggeus 
televisi swasta mahabu di urang. Saencanna mah, enya oge sakola sok pere, iklan 
ngajareblag dina koran, oge aya sawatara bangsa urang nu sok ngariakeun eta 
pabaru, kaasup acara kariaan di TVRI, umumna, urang asa hare-hare bae. Tara 
ieuh milu open. Komo milu nafakuran mah.
   
  Nu kacatet dina ingetan, saumur ngagandong tonggong,  karak dua kali kuring 
"ngilu" ngabageakeun pabaru Masehi. Taun 1985 atawa 1986, waktu  keur gawe di 
Bandung. Eta oge, bane bae haat ka kabogoh harita, Tionghoa-Jawa nu ngagem 
Katolik -- hartina manehna leuwih nyambung kana tradisi pabaru Masehi eta. 
Harita, ngadon lalajo The Year of The Dragon di bioskop teuing naon nu aya di 
Kapatihan. Bari cangkeul beuheung, da kabagean korsi panghareupna. Jauh tina 
tumaninah.
   
  Saencanna, mangsa SMA, kelas dua atawa kekas tilu. Eta ge pedah diajak ku 
babaturan. Pangangguran, jeung hayang nyaho, eta pangajak teh ditedunan. Bari 
teu kuat lila, ngarasa hanjakal jeung asa nyiksa maneh. Ku teu "ngarti" ningali 
jelema nu ngaliud, ngahalangan jajalaneun. Boh leumpang, boh tutumpakan. 
   
  Naon sabenerna nu dikariakeun teh? Atoh pedah manggih taun anyar?  Na, enya 
aya "taun anyar"? Memangna, aya naon dina taun nu anyar teh? Kahirupan anyar? 
Naonna nu anyar? Dina taun anyar mah rambutan teh obah jadi sagede-gede kadu? 
Atawa, Bandung dumadakan aya di sisi laut? 
   
  Harepan anyar? Anyar ti mana? Jeung, ti mana, oge naon, nu ngaranna harepan? 
Beh dituna mah kuring sok jadi nalangsa. Ku hiji ku dua. Urang remen tuturut 
munding, malah maksakeun, ngalakonan nu satemenna ku urang teu kaharti. Padu 
rame. Ka dua, urang sok ngabobodo maneh, ngahibur maneh ku luad-liud teu puguh. 
Taun baru, oge kariaan lianna, dipake jeda tina karipuh hirup. Tangtu bae lain 
ulah, tapi naha kudu kitu carana?
   
  Ngadon ngabring nyenyekel torompet, bari hayoh eta torompet teh ditiup dina 
ceuli batur. Atuh, nu ditarompetan teh ngagurubug.  Sakapeung nepi ka ambek, 
der gelut. Jauh tina pingeunaheun.
   
  Keur pagawe nagri atawa pagawe swasta, rada leuheung. Biasana, ahir taun 
maranehna meunang bonus jeung gajih ka 14. Kitu ge mun pausahaanna untung jeung 
merhatikeun soal eta. Nu teu kitu mah nya lebeng. Intina, keur sawareh, pabaru 
teh memang aya nu disukuran. Nu lianna?
   
  Ti harita, sakalina malem taun baru arang ngahaja kaluar. Leuwih ngeunah 
nyelegon di imah, lalajo televisi atawa sare pisan. Manan, pasesedek di jalan? 
Teu puguh tenjoeunnana.
   
  Pon kitu deui kariaan pabaru Islam, 1 Muharam. Sarua teu napak na lelembutan. 
Ongkoh, di urang, pabaru ieu tara dikariakeun siga di batur. Sainget, karak dua 
kali ningali jalma nu ngaramekeun pabaru Islam. Di Jakarta jeung di Sumedang. 
Barudak leutik jeung rumaja pasesedek dina treuk. Ngabring, ngideran kota.
   
  Tapi, keukeuh hate teh teu katoel. Batin teu ngarasa kakait. Nu aya malah 
suudzon: Eta kagiatan leuwih politis -- manan kultural atawa relijisius pisan. 
Leuwih karasa jadi proyek pamarentah atawa nu hayang jadi pamarentah, manan 
hujah jeung kereteg hate jalma loba.
   
  Asana, dina perkara katoel heunteuna lelembutan, kuring leuwih katoel keneh 
ku pabaru Cina. Lain pedah di imah sok aya dodol Cina, pangirim tatangga Nini 
di Subang, tapi pedah pabaru Cina mah sok ditandaan ku hujan nu ngecrek teu 
eureun-eureun. Ongkoh, si Ema sok nepakeun harepan jalma tani. "Alhamdulillah, 
rezeki teh geus turun deui. Nuhun, Gusti. Nu tani sing jaradi," saur anjeunna, 
sakalina hujan pabaru teh.
   
  Sanajan, eta ge tangtu bae teu samotah hate manggih Lebaran. Enya ge kiwari, 
geus gede, tara indit ka masigit, ukur ngabandungan tina load speaker, 
kalan-kalan bari maca buku nu meleg-meleg jauh tina urusan Gusti atawa Lebaran; 
ari malem takbiran teh hate sok pinuh ku kabungah, kasedih, kahanjakal,jeung 
kasieun. Der, nurutan gerentes hate kiai; Ku naon Lebaran teh teu unggal poe, 
puasa teh teu unggal bulan? 
   
  Tina kituna mah kaharti, kunaon Lebaran nyerep jero manan pabaru-pabaru 
lianna. Ti saminggu deui ka puasa ge, jalma geus tatan-tatan. Munggah. 
Dikaramas jeung beberesih. Atuh, salila puasa, satengahing ngalenyepan beuteung 
nu peurih nahan lapar, hate teh sok ngadak-ngadak asa deukeut jeung Anjeunna. 
Komo, geus nincak minggu ka opat mah. Rarasaan teh asa beda.
   
  Kituna teh lain bae dina perkara ibadah, nu pakait langsung jeung Gusti. 
Tapi, oge ku pahibutna jalma nyiapkeun sagala kapeluan keur Lebaran. Keur 
kuring mah ieu teh hiji kabungah lian. Bungah ningali jalma, boh nu aya atawa 
nu walurat, ngaliud di ITC atawa Senen. Sagala dibeuli. Ti mimiti sapatu murah 
buatan Cina atawa Ciomas, nepi ka barang-barang nu sakapeung mah  siga euweuh 
hubungannna jeung Lebaran. Sarupaning korsi atawa kasur busa. Pan barang kieu 
mah bisa dibeuli iraha bae?
   
  Tapi, da ngaranna Lebaran, jeung rezekina ayana harita, nya barang-barang 
jiga kitu teh dibareulian we. Siga geus diatur ku Anjeunna: Lebaran mah sakabeh 
jalma kabagean rezeki. Lain tukang daging jeung tukang kaen wungkul.
   
  Jigana, kabiasaan  bangsa urang meuli barang weuteuh mangsa Lebaran teh 
pakait jeung makna Lebaran sorangan: Fitri, suci, atawa weuteuh deui. 
Mungguhing urang, nu weuteuh teh lain bae kaimanan, batin, jeung "pembukuan" 
diri. Tapi, oge barang-barang kaperluan hirup.
   
  Pondokna mah, Lebaran teh titi mangsa nu istimewa: Urang bungangang asa 
dihampura ku Anjeunna. Pon kitu deui ku papada jalma. Dimensi sosial lain bae 
pagalo jeung dimensi personal atawa individual. Tapi, diembohan -- malah 
didasaran -- ku dimensi spiritual. Leuwih ti pantes, mun kuring nganggap 
Lebaran teh pabaru nu sajati. Dalah mun dibandingkeun jeung weton atawa tepung 
taun. 
   
  Babakan Madang, Desember 2005


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
 
---------------------------------
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke