dittong na paririmbon (kubs), 'ulon-ulon' teh kecap dasar cenah:
ulon-ulon: nu ngaluluguan kajahatan atawa kaributan.
memang aya sababaraha kecap dina basa sunda teh, upama make tetekon eyd jadi
asa rada pabeulit. jiga: ulon-ulon, akon-akon, isuk-isuk, tokroh-tokroh,
jeung sajabana. saliwat mah upama make eyd, jiga kecap pangulangan, padahal
mah kecap dasar. meureun kudut make aturan anomali. lumrah sabenerna mah,
kangaranan basa manusa (natural language) teu sagemblengna bisa dimodelkeun
kana aturan nu aya. apan basa inggris oge, pikeun kecap gawe, aya nu
'regular' aya oge nu 'irregular'. meureun kitu oge. hehehe.
salam,
mh
On 12/18/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ke urang toong sugan aya dina paririmbon. hehehe.
>
> salam,
> mh
>
> --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] <omanarah%40gmail.com>> wrote:
>
> > Leres Kang, paribasa anu ti sim kuring - sakumaha ceuk Mh - leuwih nyoko
> > kana pagaweanana. Anu leuwih pas sigana anu ti Mh, provokator = ulon -
> > ulon.
> > Sakantenan tumaros ka Mh, ari "ulon-ulon" teh asal kecapna tina naon?
> > naha
> > aya pakaitna jeung kecap "kulon" = hulu, sirah, pucuk..atawa jembarna :
> > sumber? atawa sarua jeung anu "anu ngaluluguan"?
> >
> > Anapon kecap "mangpanan" abdi asa nembe nguping. Naon nya hartina?
> >
> > manAR
> >
> > On 12/18/06, Firman Juliansyah <[EMAIL PROTECTED]<firmanjul%40yahoo.com>>
> wrote:
> > >
> > > hatur nuhun kana saniskanten perhatosan aranjeun.
> > >
> > > simkuring janten nambihan pangaweruh deui.
> > >
> > > namung nu dipilarian ku simkuring teh sanes nu mangrupi paribasa,
> > namung
> > > mung sakecap. upami teu lepat mah, 'mangpanan' leres teu?
> > > contona dina kalimah kieu:
> > > 'Da Si Codet mah, song mangpanan wae atuh...!"
> > > upami kecap mangpanan teu leres atanapi teu pas, kecap nu dipilari teh
> > > mung sakecap, model ginggiapeun (trauma), ngaragangan (tenggang rasa),
> > > jrrd...
> > >
> > > mh <[EMAIL PROTECTED] <khs579%40yahoo.com> <khs579%40yahoo.com>> wrote:
> asa kurang pas.
> > > "ngaliarkeun taleus ateul" atawa "nyieun pucuk ti girang",
> > > eta duanana PAGAWEAN. ari "provokator" mah nu MIGAWE-na. pikeun
> > > "provokator" jigana bisa dipake "ulon-ulon". sugan kitu ge. hehehe.
> > >
> > > salam,
> > > mh
> > >
> > > --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]
> > > <omanarah%40gmail.com><omanarah%40gmail.com>> wrote:
> > >
> > > > Kanggo provokator tiasa digunakeun basa Sunda: "ngaliarkeun taleus
> > > > ateul" atawa "nyieun pucuk ti girang".
> > > >
> > > > manAR
> > > >
> > > > On 12/15/06, Firman Juliansyah
> > <[EMAIL PROTECTED] <firmanjul%40yahoo.com><firmanjul%40yahoo.com>>
> > > wrote:
> > > > >
> > > > > Sampurasun,
> > > > >
> > > > > Sim kuring kantos mendakan istilah sunda anu pas pisan kanggo
> > istilah
> > > > > 'memprovokasi' namung ayeuna tos hilap deui. Tos mangsasih-sasih
> > > > > ngemut-ngemut eta istilah, namung teu emut wae.
> > > > >
> > > > > Manawi aya nu uninga, punten wartosan simkuring atuh...
> > > > >
> > > > > hatur nuhun,
> > > > >
> > > > > Firman Juliansyah
>
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/