From: isuhar
To: [email protected]
Sent: Wednesday, December 20, 2006 9:46 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Urang Sunda VS Champ ti Mongol
>sim kuring saluyu kana pamaos yen teu kedah naroskeun asal mula urang timana
>nu penting urag aya di tatar sunda teh >estuning kudrot jeung irodatna nu maha
>kawasa",...
>isuhar.
Numawi Kang Isuhar, ku simkuring di talungtik teh wireh aya seratan Vonis anu
negatif ka Asal Muasal Urang Sunda akibat tina seratan Sajarahna, sapertos
Sajarah G-30 S-PKI, waktu kuring sakola SD diabringkeun ti sakolaan pikeun
lalajo Film G-30 S-PKI, saparantosna Presdien Suharto lengser, Film eta teh di
Stop kulantaran patojaiah jeng sajarah anu sabenerna (saparantos ditalungtik
ulang kana bukti-bukti Sajarah kajadiannana). rupina upami teu aya anu ngagugat
kana Sajarah eta, tangtos Film eta teh gede manfaatna pikeun anak incu anu
bakal datang, supaya nyaho kana Sajarah asal mu'asalna Presiden Suharto ngadeg
jst, ngabalukarkeun pikeun anu nontonna boga rasa keuheul ka Presiden Bungkarno
dumeh sakongkol jeung PKI, dina kanyataannana jutaan nyawa dipateni sakur anu
ngadukung kana kawijakan Bungkarno pajarkeun teh PKI. Loba korban-korban akibat
pemutar balikan fakta kajadian G-30 S. Tapi kulantaran eta Film teh loba teu
saluyuna jeng sajarah nu sabenerna akhirna di eureunkeun dina tayangna,
kulantaran bakal ngaruksak pikeun anak incu anu bakal datang.
Tah eta conto alit dina pasualan Sajarah, atuh ningal kana Pipisahannana Paham
dina Ummat Islam teu leupas tina Sajarahna, anu ngabalukarkeun rebuan jeung
jutaan nyawa maot dipateni, teu kalangkung incu kanjeng Nabi saw dicacag
diwalang-walang ku anu ngangkeun ummat Islam keneh. anapon conto tina Sajarah
Karajaan Sunda Padjadjaran, seueur sajarahah anu nyimpulkeun negatif ka Raja
Pabu Slihwangi antukna loba jalma hoream mikareueus/ijid kana
Falsafah/Elmu/Budaya anu diajarkeun ku Prabu Silihwangi, ah ketang meureun ieu
mah pangalam simkuring wae baheula kitu...baheula diajar sajarah Sunda teh mung
ukur nyaritakeun Peperangan, Marebutkeun Awewe, Marebutkeun Kakawasaan jsb.
balukarna urang kirang miajen kaluluhurna sorangan...kitu panginten...kirang
langkungna mah dina perkawis pentingna Sajarah.
Atuh kana Sajarah Diri pribadi, tangtos kedah terang kumargi jalan kanggo Balik
ka Jati mulang ka Asal ku terang Timana urang Indit-kamana urang
Balik...hehehe. kitu panginten.
sakitu heula, nuhun-nuhun
baktos
Agus Wirabudiman
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/