--- In [email protected], "Agus Wirabudiman" <wirabudiman-
[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Saleresna simkuring ngadukung kana seratan Kang Agus komo bari
dilengkepan ku data-data sajarah anu otentik sabab urang sapertos
ayena mun teu aya asalna, ngan dina palebah asalna tah ieu nu susah
paling2 urang bisa apal ukur nepi ka uyut meureun,tah kukituna sok
ketrukken atuh sisimpenan teh.
Baktos
Tisna
> From: isuhar
> To: [email protected]
> Sent: Wednesday, December 20, 2006 9:46 PM
> Subject: [Urang Sunda] Re: Urang Sunda VS Champ ti Mongol
> >sim kuring saluyu kana pamaos yen teu kedah naroskeun asal mula
urang timana nu penting urag aya di tatar sunda teh >estuning kudrot
jeung irodatna nu maha kawasa",...
> >isuhar.
>
> Numawi Kang Isuhar, ku simkuring di talungtik teh wireh aya seratan
Vonis anu negatif ka Asal Muasal Urang Sunda akibat tina seratan
Sajarahna, sapertos Sajarah G-30 S-PKI, waktu kuring sakola SD
diabringkeun ti sakolaan pikeun lalajo Film G-30 S-PKI, saparantosna
Presdien Suharto lengser, Film eta teh di Stop kulantaran patojaiah
jeng sajarah anu sabenerna (saparantos ditalungtik ulang kana bukti-
bukti Sajarah kajadiannana). rupina upami teu aya anu ngagugat kana
Sajarah eta, tangtos Film eta teh gede manfaatna pikeun anak incu anu
bakal datang, supaya nyaho kana Sajarah asal mu'asalna Presiden
Suharto ngadeg jst, ngabalukarkeun pikeun anu nontonna boga rasa
keuheul ka Presiden Bungkarno dumeh sakongkol jeung PKI, dina
kanyataannana jutaan nyawa dipateni sakur anu ngadukung kana
kawijakan Bungkarno pajarkeun teh PKI. Loba korban-korban akibat
pemutar balikan fakta kajadian G-30 S. Tapi kulantaran eta Film teh
loba teu saluyuna jeng sajarah nu sabenerna akhirna di eureunkeun
dina tayangna, kulantaran bakal ngaruksak pikeun anak incu anu bakal
datang.
>
> Tah eta conto alit dina pasualan Sajarah, atuh ningal kana
Pipisahannana Paham dina Ummat Islam teu leupas tina Sajarahna, anu
ngabalukarkeun rebuan jeung jutaan nyawa maot dipateni, teu
kalangkung incu kanjeng Nabi saw dicacag diwalang-walang ku anu
ngangkeun ummat Islam keneh. anapon conto tina Sajarah Karajaan Sunda
Padjadjaran, seueur sajarahah anu nyimpulkeun negatif ka Raja Pabu
Slihwangi antukna loba jalma hoream mikareueus/ijid kana
Falsafah/Elmu/Budaya anu diajarkeun ku Prabu Silihwangi, ah ketang
meureun ieu mah pangalam simkuring wae baheula kitu...baheula diajar
sajarah Sunda teh mung ukur nyaritakeun Peperangan, Marebutkeun
Awewe, Marebutkeun Kakawasaan jsb. balukarna urang kirang miajen
kaluluhurna sorangan...kitu panginten...kirang langkungna mah dina
perkawis pentingna Sajarah.
>
> Atuh kana Sajarah Diri pribadi, tangtos kedah terang kumargi jalan
kanggo Balik ka Jati mulang ka Asal ku terang Timana urang Indit-
kamana urang Balik...hehehe. kitu panginten.
>
> sakitu heula, nuhun-nuhun
> baktos
> Agus Wirabudiman
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/