Aya nu nanya ka sim kuring: " Bah kunanon ari di NYC teu aya Kumpulan
Urang Sunda? Teu jiga batur sabangsa, aya Kumpulan Minang, Kumpulan
SulSel, Kawanua jeung Maesa ti Manado, PBB, sanes PBB UN ieu mah
Persatuan Bangsa Batak, malah aya Cakra kumpulan urang Wetan."

Nya ku sim kuring di jawab kieu: " Teu bisa aya kumpulan Urang Sinda,
teu meunang ku Pulisi, da rea tatangga bule anu protes"

"Nah kuanon make di protes sagala, Bah ?"

" Kieu, mun urang Minang kumpul, mun urang Sulsel kumpul, mun urang
Manado kumpul, atawa PBB kumpul,  tara rame. Jempling wae. Da tara aya
nu ngabodor, paling ge ngan hiji " ceuk sim kuring .

" Ari Urang Sunda kumaha?" tanyana deui.

"Urang Sunda kumpul jiga bulan katukang di bumina Pak Nana, pan aya Pak
Jusuf, aya Pak Nandi. Pak Kurniadi ti Konsulat, jeung Abah. Meh we
pulisi datang. Da eta ceah ribut teuing, kabeh limaanana ngabodor teu
eureun-eureun seuseurian " jawab sim kuring.

' Oooh, kutan kitu Bah. Ari sugan teh US mah hese dikumpulkeunana" pokna
teh.

" Lain kitu, ngan sok dianggap diskriminasi, da eta cenah ngabodorna
make basa Sunda. ti mimiti nepi ka bubaran. Rea nu sirik, ari US
ngakakak, batur mah baralem wae.  Atuda teu ngeunah ngabodor make basa
Nasional mah, da nu ngumpulna ge US kabeh. Jeung aya ku rame kitu cenah.
Barang ditingali ngan ukur limaan, kumaha ramena mun keuwih rea deui US
ngumpul"

Abah Joe




PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke