Sampurasun Bah Joe
Edas Abah Joe ari ngabodor tara eu' reun eu' reun, ulah hilap bah tai chi 
pencak silatna urang igelkeun di NYC. Ke upami tos rengse uih ti Jepang teras 
ka warung kopi deui urang ngabodor.

Kamari nyangsang di Narita _Jepang dugsek wae kulem di hotel nyalira ,cape 
pisan  raga sareng sukma 20 jam di langit /ngapung asa moksa / ngahyang jiga PS 
ningali awan wae.

Bah bade naros naon bedana sukma di angkasa jeung raga _ sukma _roh di 
awang-awang naik boing 007? Jiga mulih ka jati mulang ka asal bah tapi beunta 
keneh.

Bah sok balesnya ameh rame.

rampes
si tukang penca aliran PS
www.silatpdusa.com


----- Original Message ----
From: joeraganspuh7 <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Friday, December 29, 2006 8:35:15 AM
Subject: [kisunda] US mah teu meunang dikumpulkeun



Aya nu nanya ka sim kuring: " Bah kunanon ari di NYC teu aya Kumpulan
Urang Sunda? Teu jiga batur sabangsa, aya Kumpulan Minang, Kumpulan
SulSel, Kawanua jeung Maesa ti Manado, PBB, sanes PBB UN ieu mah
Persatuan Bangsa Batak, malah aya Cakra kumpulan urang Wetan."

Nya ku sim kuring di jawab kieu: " Teu bisa aya kumpulan Urang Sinda,
teu meunang ku Pulisi, da rea tatangga bule anu protes"

"Nah kuanon make di protes sagala, Bah ?"

" Kieu, mun urang Minang kumpul, mun urang Sulsel kumpul, mun urang
Manado kumpul, atawa PBB kumpul, tara rame. Jempling wae. Da tara aya
nu ngabodor, paling ge ngan hiji " ceuk sim kuring .

" Ari Urang Sunda kumaha?" tanyana deui.

"Urang Sunda kumpul jiga bulan katukang di bumina Pak Nana, pan aya Pak
Jusuf, aya Pak Nandi. Pak Kurniadi ti Konsulat, jeung Abah. Meh we
pulisi datang. Da eta ceah ribut teuing, kabeh limaanana ngabodor teu
eureun-eureun seuseurian " jawab sim kuring.

' Oooh, kutan kitu Bah. Ari sugan teh US mah hese dikumpulkeunana" pokna
teh.

" Lain kitu, ngan sok dianggap diskriminasi, da eta cenah ngabodorna
make basa Sunda. ti mimiti nepi ka bubaran. Rea nu sirik, ari US
ngakakak, batur mah baralem wae. Atuda teu ngeunah ngabodor make basa
Nasional mah, da nu ngumpulna ge US kabeh. Jeung aya ku rame kitu cenah.
Barang ditingali ngan ukur limaan, kumaha ramena mun keuwih rea deui US
ngumpul"

Abah Joe




__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke