Kang Firman,

Dua taun kapengker nalika kalasunda ngawitan dipublikasi, dicitak lux teras
disosialisasikeun- sapalih diicalan - sim kuring ngabewarakeun hal eta di
ieu milist. Seueur anu paresen, aya kana 20 jalmina kanca urang di milist.
Taun kamari masih ngabewarakeun namung teu ancrub sapertos taun samemehna.
Pedaran ngeunaan kalender Sunda di milist tiasa dipilarian dina arsip file
ieu milist, atuh upami hoyong langkung jentre perkawis lalakon eta kalaider
Sunda tiasa kontak langsung ka Abah Ali nyiptakeunana (saleresna:
ngarevitalisasi elmu panemu luluhru urang) + Kang Oca anu ngabajoangkeun
dugi ka ayeuna tos tilu taun dicitak sareng ngamasayarakatkeunana (kalebet
ngayakeun riungan acara pabaru unggal mendak taun anyar numutkeun kalender
Sunda, sapertos kamari anu dilaporkeun ku salira).

Guaran kalasunda ti Abah Ali di internet (websitena kalasunda) mangga parios
di alamat   http://members.tripod.com/~INUG/Kala.htm Anapon padungdengan
ngeunaan kalasunda di milist tiasa dipaluruh di dieu:

http://www.google.co.id/search?hl=id&q=kalasunda&btnG=Telusuri+dengan+Google&meta
=

Taun ayeuna sim kuring asa diemutan. Keur mah kamari rerencangan ti Galura
maparinan koran Galura edisi anyar anu ngaguar perkara kalasunda anu dicitak
deui taun ayeuna dina rohangan "Bray", nya posting ti salira ieu ngemutkeun
deui sim kuring sangkan ngabewarakeun kalasunda, utamina kumaha akses supaya
tiasa kenging eta kalender. Mangga Kang, upami peryogi kalender Sunda,
kalasunda, anu anyar, Insya Alloh sim kuring tiasa nyunponana. Uningakeun
wae sabaraha exemplar peryogina sareng kumaha teknis ngintunna ti abdi
sareng ngintun biayana ti salira. Aya saena upama pesen langkung ti
saexemplar sangkan teu kagok ngintunna.

baktosna,
manAR


On 12/30/06, Firman Juliansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Palawargi, naha nya teu aya nu ngabahas Kalasunda? Sababaraha dinten
> kamari (upami teu lepat mah leresan kaping 28/29 Des 06) teh nyaeta taun
> anyar dina etangan kalender Kalasunda. Da waktos simkuring ngalangkungan
> Museum Sri Baduga (Jl. Peta, Tegalega), aya acara khusus milangkala...
>
> Manawi aya palawargi anu kagungan informasi anu langkung seueur, mangga
> atus diposting. Simkuring ninggal dina bewara di STV mah, saurna, Kalasunda
> teh tos diakui ku PBB sareng langkung akurat tibatan kalender sanesna.
>
> Upami aya nu kagungan kalenderna, simkuring seja mundut hiji wae mah, komo
> deui upami gratis mah... hatur nuhun pisan.
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke