Assalamualaikum,....
  SAMPURASUN
  selamat taun baru kasadayanaaa (maksadna taun baru kala sunda,...)
  wilujeng menyambut taun baru masehi engke wengi nya,.... 
  Sateuacan abdi cumarios, aya nu penting nu kedah sim kuring pedarkeun, nyaeta 
nyungkeun rebu-rebu hapunten, soalna sampai dinten ieu, abdi teu acan mayar 
hutang janji ka balarea sadayana, nyaeta abdi janji bade masihan artikel 
/materi ceramah kang hidayat suralaga ngeunaan uraian sifat-sifat raja sunda.
  Pami alesanana nu klise mah tangtu sim kuring boga alesan "sibuk" ,... tapi 
da henteu oge, da pami niat mah tiasa dilaksanakeun eta janji teh, mung,... pas 
abdi bade nga attach eta artikel, naha ku aneh, hese wae dibuka, malihmah 
komputerna teh jadi nge'hang' kituh,... ku abdi teh dicobian weh enjingna deui 
,... na ku aneh, teu tiasa oge, padahal ku sim kuring tos di robih formatna ku 
sagala rupi format, ... notepad, ms-word, pdf, dsb... teu tiasa wae,...
  Jadi weh sim kuring rada ngarenung, boa2, abdi lepat, ku niat na mah abdi teh 
hade, masihan info kasundaan ka ieu millis, mung,... tetep cigana mah, walaupun 
itu artikel bebas.,tete[ weh kudu ijin heula kanu gaduh artikel, nyaeta kang 
hidayat,... abdi teh jadi istigfar .... bener oge, asa teu sopan jeung teu 
etis, pami teu nyarios heula ka si akang,.. walaupun eta yakin golagokin 
pamusikin tukang mesin,... da kang hidayat mah pasti ngijinan,... da anjeuna 
mah, bageur pisan,....
  janten, insya Alloh, pami tos aya ijin ti anjeuna, ku abdi di bagikeun 
kasadaya dulur2.
  =====
  DOSA KADUA ABDI NYAETA,....
  Hapunten deui,... ka sadayana,.... abdi teu ngabewarakeun hal nu penting, 
nyaeta ACARA TEPANG TAUN SUNDA.
  soalna, abdi saleresna wajib ngabewarakeun, soalna, abdi team inti dina 
panitia nu di sri baduga.
  hapunten,,, hapunten.....
  Nah pami alesan ieu mah abdi yakin, abdi sibuk pisan,... ti mimiti persiapan 
sampai ka hari -H ,... sim kuring sibuk pisan, teu sempet nga internet.
  TAH KUMAHA YEUH? KUDU KUMAHA ABDI MEMPERTANGGUNG JAWABKEUN KA KHILAPAN SIM 
KURING???
  Mugi2, dulur-dulur pada ngamaklum, da pasti percaya, pami ngayakeun acara 
tradisi seni budaya, kudu siap lahir bathin,... beak waktu,tanaga,pikiran, pas 
geus acara rengse,... di itung2,.... duit tabungan pribadi malah kapake,..... 
hehehehe,... tah eta panginten pasti ka alaman ku kisunda sadayana,.... 
  tapi eta sanes keluhan, malih mah kabanggaan, bahwa abdi nganuhunkeun ka 
Gusti,tos dipasihan kasempetan tiasa berperan tina acara kasundaan...
  Alhamdulillah, acara nu dinamian : NALIKA KALA SUNDA; RITUAL TEPANG TAUN 
SUNDA. berjalan dengan lancar dan sukses, ... nu hadir sekitar 500 an, nu hadir 
sesuai target dasar, nyaeta ; pa budyana /kadisbudpar, pa askari/pariwisata 
kota, beberapa tokoh kasundaan, dan yang paling penting, hadirnya bogalalakon 
tina kalasunda nyaeta Abah Ali sareng rengrenganana, Kang Roza, teh mira,kang 
agus.... 
  acara utamana nyaeta ritual tembang, rajah, gerak treatrikal, di 
kolaborasikan dengan karya seni patung (Toni Kanwa)& Lukisan magis (Cipung 
Sda)..... dimeriahkeun ku rombongan kang maman ti galery kisunda berupa 
kesenian benjang.
  dengan biaya minim, tiasa terlaksana... da mun biayana mencukupi mah, 
tentunya abdi oge aya waktos kanggo nga internet, da berhubung panitiana 
gratisan alias sukarelawan,... abdi ngerjakeun sagala rupi, ti mulai nga desain 
logo, koordinasi acara sampai ka masang lampu .... jadi bikin konsep sampai 
jadi kuli,.... tah eta,ciri khas mun kepanitiaan minim dana teh,... 
hehehehe,... mudah2an, tong jadi kabiasaan, da nukitu teh lain hade, malah 
tidak profesional,.... insya Alloh kapayuna lebih profesional.
  Aya hiji nu digaris bawahi dari acara ini, adalah,.... malam jumat 28 des 
2006 itu, sim kuring tiasa ngahijikeun beberapa pihak nu sateuacana 
sewang-sewangan,... janten, diacara eta, merupakan rangkaian dari 4 komunitas 
kesundaan, nyaeta kang dina (acara kala sunda di monumen perjuanagn/gasibu), 
kang aming (ritual ngawinkeun cai) sareng kang roza (kalender sunda nu acarana 
di ged.DRPD ;kamis siang jam 1),.... janten, kang aming sareng kang oca oge 
ngahadiran acara nalika kala sunda, dan sama-sama saling memberikan materi 
rituan dan sambutan,... 
  asa karasa reueus,.... saling dukung, saling ngahormati,... padahal, secara 
kapasitas, kami yang tergabung dalam komunitas nu dinamian 'kinasihan',... 
sanes berisi para tokoh2,... atanapi pajabat2,.... asli weh, sim kuring sareng 
kinasihan lainnya, adalah masyarakat nu nembe bangkit hoyong ngarojong misi 
kebangkitan kesundaan
  Janten, pami kinasihan ngabanggakeun diri, eta teh sangat belum pantas, 
karena yg dilakukan baru saeutik dan tebih pami dibandingkeun kapasitas nu tos 
dilakukan ku para tokoh kisunda.... mung dengan tekad nu lempeng sareng insya 
Alloh ku kerja keras, mudah mudahan kapayuna langkung seueur nu tiasa 
disumbangkeun,...
  KUMAHA KAPAYUNA?
  insya Alloh akang-akang, ceuceu2,.... abdi sareng saparakanca,... bade 
ngayakeun acara kasundaan nu langkung seueur variasi,... karena alhamdulillah, 
kinasihan telah ditunjuk oleh pak dedi (kepala museum sri baduga) janten mitra 
kerja dalam menjalankan program sareng pengelolaan museum sri baduga selama 
taun 2007.....
  TENTANG KALENDER KALA SUNDA,....
  sumuhun, leres anu diuraikeun ku kang oman, eta kalender nu dikaluarkeun ku 
kang oca teh sae pisan,... dicetak dengan desain yang menarik, abdi gaduh nu 
edisi tokoh2sunda (kalender taun 2006), abdi meser ti kang oca 35 rebuan. pami 
nu anyar /2007 mah teu acan gaduh, insya Alloh bade amengan ka si akang ,minggu 
depan.
  pokoknya semua hartus memiliki... mun henteu, tong ngaku urang sunda!!!! 
hehehe,... 
  sok atuh amengan ka kang roza, bumina di jl.sultan tirtayasa.... atanapi bade 
meser nu abdi, mangga, ... aya 8 deui sesa kamari ku abdi dibagi2 di kantor 
sareng ka lanceuk2.
  SAKALI DEUI,... hapunten kasadayana teu sempet ngondang dina millis,acara 
nalika kala sunda, nu penting mah masa kedepannya,... mudah2an acara kasundaan, 
tiasa langkung beragam dan besar.
  Sakitu heula ah, panjang teuing, bilih bosen macana,... haturnuhun,....
  wassalam....
  sunda forever!
  rampesssss
  =roche=
   
    

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Kang Firman,

Dua taun kapengker nalika kalasunda ngawitan dipublikasi, dicitak lux teras
disosialisasikeun- sapalih diicalan - sim kuring ngabewarakeun hal eta di
ieu milist. Seueur anu paresen, aya kana 20 jalmina kanca urang di milist.
Taun kamari masih ngabewarakeun namung teu ancrub sapertos taun samemehna.
Pedaran ngeunaan kalender Sunda di milist tiasa dipilarian dina arsip file
ieu milist, atuh upami hoyong langkung jentre perkawis lalakon eta kalaider
Sunda tiasa kontak langsung ka Abah Ali nyiptakeunana (saleresna:
ngarevitalisasi elmu panemu luluhru urang) + Kang Oca anu ngabajoangkeun
dugi ka ayeuna tos tilu taun dicitak sareng ngamasayarakatkeunana (kalebet
ngayakeun riungan acara pabaru unggal mendak taun anyar numutkeun kalender
Sunda, sapertos kamari anu dilaporkeun ku salira).

Guaran kalasunda ti Abah Ali di internet (websitena kalasunda) mangga parios
di alamat http://members.tripod.com/~INUG/Kala.htm Anapon padungdengan
ngeunaan kalasunda di milist tiasa dipaluruh di dieu:

http://www.google.co.id/search?hl=id&q=kalasunda&btnG=Telusuri+dengan+Google&meta
=

Taun ayeuna sim kuring asa diemutan. Keur mah kamari rerencangan ti Galura
maparinan koran Galura edisi anyar anu ngaguar perkara kalasunda anu dicitak
deui taun ayeuna dina rohangan "Bray", nya posting ti salira ieu ngemutkeun
deui sim kuring sangkan ngabewarakeun kalasunda, utamina kumaha akses supaya
tiasa kenging eta kalender. Mangga Kang, upami peryogi kalender Sunda,
kalasunda, anu anyar, Insya Alloh sim kuring tiasa nyunponana. Uningakeun
wae sabaraha exemplar peryogina sareng kumaha teknis ngintunna ti abdi
sareng ngintun biayana ti salira. Aya saena upama pesen langkung ti
saexemplar sangkan teu kagok ngintunna.

baktosna,
manAR

On 12/30/06, Firman Juliansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Palawargi, naha nya teu aya nu ngabahas Kalasunda? Sababaraha dinten
> kamari (upami teu lepat mah leresan kaping 28/29 Des 06) teh nyaeta taun
> anyar dina etangan kalender Kalasunda. Da waktos simkuring ngalangkungan
> Museum Sri Baduga (Jl. Peta, Tegalega), aya acara khusus milangkala...
>
> Manawi aya palawargi anu kagungan informasi anu langkung seueur, mangga
> atus diposting. Simkuring ninggal dina bewara di STV mah, saurna, Kalasunda
> teh tos diakui ku PBB sareng langkung akurat tibatan kalender sanesna.
>
> Upami aya nu kagungan kalenderna, simkuring seja mundut hiji wae mah, komo
> deui upami gratis mah... hatur nuhun pisan.
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
> 
>

[Non-text portions of this message have been removed]



         

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke